Koléra

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Baktéri panyakit koléra.

Koléra nyaéta panyakit anu nyababkeun rusakna sistem pencernaan satuluyna matak diaré jeung déhidrasi parna. Sacara umum, koléra téh asalna tina cai anu nyangkaruk baktéri Vibrio cholerae. Di sababaraha tempat, khususna nagara nu loba pendudukna ieu baktéri téh bisa kapanggih dina cai nginum anu kacampuran baktéri atawa tina kadaharan laut anu masakna teu nepi ka asak sampurna. Nyatana, loba jalma anu kakeunaan baktéri koléra téh henteu langsung gering. Malah bisa jadi teu ngarasa kakeunaan, sabab henteu karasa gejala husus. Baktéri Vibrio cholerae bakal matuh dina awak jalma anu kakeunaan salila 7 nepi ka 14 poé. Sanajan teu karasa aya gejala, anu kakeunaan masih bisa népakeun ieu panyakit ka batur ngaliwatan kokotor anu geus kakontaminasi. Dina ayana gejala, biasana bakal muncul antara 24 nepi ka 48 jam sanggeus kakeunaan baktéri.[1]

Gejala[édit | édit sumber]

  • Diare mangrupa gejala pangumumna dina ieu panyakit. Kabeuratan anu kaluar alatan koléra bakal leuwih loba tibatan diaré. Nu kasorang koléra bakal mikabutuh saliter cacai waktu usus ngalaman gerak dina sajam. Alatan lobana volume cacai anu kaluar waktu diaré, pasién biasana bakal hayang kabeuratan waé malah bisa jadi teu kakontrol ku rarasaanana. Kokotor anu dikalurakeun ku jalma anu kainféksi ieu panyakit biasana miboga ciri anu tangtu, nyaéta warna bodas pias jeung kaluarna henteu bau, cacaina sarimbag jeung cai sanggeus ngumbah béas.[1]
  • Seueul jeung utah. Ieu gejala biasana lumangsung dina tahap awal asupna baktéri kana jero awak. Nu kakeunaan ieu panyakit bakal terus nahan seueul jeung hayang utah salila sababaraha jam.[1]
  • Déhidrasi. Sanggeus kasorang diaré jeung utah, awak téh bakal kaleungitan loba cacai. Ieu bisa nyababkeun awak jadi déhidrasi. Jalma anu kakeunaan koléra bakal kaleungitan 20 liter cacai dina sapoé. Henteu ngan ukur déhidrasi, penderita ogé bisa ngalaman gejala anu séjén, saperti handapna tekanan getih, puyeng, jeung nurutugna jajantung jadi leuwih gancang.[1]
  • Teu saimbangna éléktrolit. Awak anu kaleungitan loba cacai bakal ngalaman turunna tingkat éléktrolit. Ieu bisa nyababkeun gejala saperti keram otot alatan turunna tingkat natrium, klorida jeung kalium dina awak. Lian ti éta, awak leuleus ngalempréh sabab turunna tekanan getih anu dumadakan.[1]
  • Gula getih handap (hypoglycemia). Lamun barudak anu kakeunaan koléra baka ngalaman handapna gula getih atawa hypoglycemia, kusabab loba kaleungitan cacai anu mangpaat keur kakuatan awak. Biasana kajadianana langsung teu inget nanaon (sasar), sawan, nepi ka koma lamun baktéri geus sumebar parna dina awak.[1]

Faktor résiko[édit | édit sumber]

  • Matuh di lingkungan anu kurang beresih, saperti sanitasi anu kurang hadé atawa ngagunakeun cai sapopoé anu geus kacampuran baktéri.
  • Miboga tingkat asam lambung anu handap. Baktéri koléra teu kuateun hirup dina asam lambung anu luhur.
  • Cicing jeung pasién anu kakeunaan koléra.
  • Miboga golongan getih 0.
  • Ngadahar kerang atah anu geus kakontaminasi atawa dipasakna teu nepi ka asak pisan.[2]

Vaksin[édit | édit sumber]

Vaksin koléra 85% éféktif salila genep bulan mimiti jeung 50-60% éféktif salila sataun mimiti. Éféktivitasna ngurangan 50% sanggeus waktu dua tahun. Waktu populasi geus divaksinasi dina jumlah anu loba, kauntungan tina imunitas kelompok dicangking ogé ku jalma anu teu miboga imun tina vaksin. Anu dibikeun téh nyaéta dua atawa tilu dosis vaksin wungkul. Wanda vaksin geus aya di unggal wilayah ngan jumlahna tangtu kawatesanan. [3] ua wanda vaksin oral sacara umum mah aman. Sanggeus divaksin biasana karasa nyeri beuteung atawa diaré. Vaksin koléra aman keur ibu hamil jeung jalma anu miboga imunitas handap. Ieu vaksin geus miboga lisénsi atawa izin keur dipaké di 60 nagara.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f Na'imah, Sylma. "Pernah Mendengar Penyakit Kolera? Apa Sih Itu?". Hello Sehat (dalam id-ID). 12-12-2020. Diakses tanggal 2021-04-19. 
  2. Rafiqua, Nurul. "Kolera | Tanda dan Gejala, Penyebab, Cara Mengobati, Cara Mencegah". SehatQ (dalam Indonesian). 09-11-2020. Diakses tanggal 2021-04-19. 
  3. a b "Cholera vaccines: WHO position paper.". Weekly epidemiological record 13 (85): 117-128. Mar 26, 2010. PMID 20349546. http://www.who.int/wer/2010/wer8513.pdf.