Lompat ke isi

Langlayangan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ilustrasi konstruksi sebuah layang-layang sederhana.

Langlayangan nyaéta mangrupa kaulinan anu dijieun tina keretas nu diapungkeun ku angin ditalian ku bola sangkan ulah leupas.[1][2]

Fungsi[édit | édit sumber]

Aya rupa-rupa langlayangan, ilaharna nyaéta langlayangan hias (dina bahasa Betawi disebut koang) jeung langlayangan aduan (laga).[3] Aya ogé langlayangan nu diteundeunan sendaringan nu bisa ngaluarkeun sora ku sabab tiupan angin.[3] Langlayangan laga biasa dipaénkeun ku barudak dina usum pancaroba ku sabab biasana angin niupna tarik dina waktu harita mah.[3] Di sababaraha daérah Nusantara langlayangan dipaénkeun salaku bagéan tina acara ritual nu tangtu, biasana aya pakaitna jeung prosés budidaya tani.[3] Langlayangan nu pang basajanna dijieun tina daun nu diteundeunan rangka;rarancang tina awi bambu jeung ditalian ku sérat hoé.[3] Langlayangan nu samodél kitu masih aya di Sulawesi.[3] Jeung deui, sababaraha wangun langlayangan tradisional Bali mekar tina langlayangan daun ku sabab wangunna nu oval;lonyod nu nyaruaan daun.[3] Di Jawa Barat, Lampung, aya sawatara tempat di Indonésia yén lalayanagan dipaké pikeun nguseup.[3] Lalayangan kasebut dijieuna tina anyaman daun sajinis anggrek nu tangtu, anu ditalikeun kana useup.[3] Di Pangandaran aya sababaraha tempat, langlayangan dipasangkeun tali eurad;jérat pikeun néwak kalong.[3] Pamakéna langlayangan pikeun alat bantu panalungtikan cuaca geus aya dina abad ka-18.[3]

Sajarah[édit | édit sumber]

Catatan kahiji nu nyebutkeun kaulinan langlayangan nyaéta dokumen ti Cina kira-kira 2500 Saméméh Maséhi.[4] Kapanggihna hiji lukisan guha di Pulo Muna, Sulawesi Tenggara, dina abad ka 21 nu méré sawangan yén jalma ulin langlayangan bakal ngabalukarkeun spékulasi ngeunaan tradisi nu umurna leuwih ti éta di kawasan Nusantara.[4] Ayana kamekaran nu bébas anatara tradisi di Cina jeung tradisi di Nusantara, sabab di Nusantara loba kapanggih langlayangan wangun primitif nu dijieun tina dangdaunan.[4] Di kawasan Nusantara ngeunaan langlayangan nyaéta tina Sajarah Melayu (Sulalatus Salatin) (abad ka-17) nu nyaritakeun hiji féstifal langlayangan nu diiluan ku gegedén karajaan.[4] Ti Cina, kaulinan langlayangan nyebar ka kulon nepi ka kasohor di Eropa.[4] Langlayangan kasohor nalika dipaké ku Benjamin Franklin nalika manéhna keur diajar gelap.[4]

catetan[édit | édit sumber]

  1. Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. Luthfiyani, Lulu (2016). BUDIDAYA IKAN GABUSLuthfiyani. Jakarta: Frasa Lingua. p. 48. ISBN 9786026475275.  Disungsi16 Mei 2024
  3. a b c d e f g h i j k Permainan Tradisinal Wau Layang-layang Peermainan (Dicutat tanggal 1 Desember 2011)
  4. a b c d e f Sejarah Layang Layang (Dicutat tanggal 1 Desember 2011)