Useup

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ukuran-ukuran useup

Useup nyaéta hiji alat pikeun ngala lauk.[1] Useup dijieun tina kawat waja anu ditikelkeun nepi ka ngeluk.[2] Tungtungna diseukeutan kalawan maké ruruhit sangkan lauk anu nyanggut henteu bisa lésot deui.[3] Useup dipaké ngala lauk gedé ogé lauk leutik, di laut, balong, susukan, muara, jeung sajabana.[4] Kecap pagawéanna tina useup téh nguseup, anu hartina ngala lauk maké useup.[5]

Kiwari useup dijieun ku pabrik nepi ka ngahasilkeun useup-useup anu leuwih kuat, seukeut tur henteu gancang tihiangan.[6] Aya ogé useup anu dilapis ku teflon anu ngahasilkeun useup anu watekna leuwih lésang mangsa ngait kana biwir lauk.[7] Kitu ogé témpona ngalésotkeunana leuwing gancang, tur useupna moal tihiangan.[7] Nagara anu kasohor ngahasilkeun useup anu haradé saperti Inggris, Norwegia, jeung Amerika Serikat.[7] Ari ti Asia mah anu kasohor ngan nagara Jepang wungkul.[7]

Useup baheula pisan (buhun) dijieun tina tulang, kapanggih di Skåne, Swedia

Sajarah[édit | édit sumber]

Useup atawa alat anu sarupa jeung useup geus dijieun rébuan taun kaliwat.[8] Useup jaman néolitik kapanggih di Palestina dijieun dina 7000 SM, malahan useup anu kapanggih ku para arkéolog di guha Jerimalai di Timor Timur mah pangkolotna sadunya, dijieun dina taun 16000 nepi ka 23000 taun kaliwat.[8]

Rupa-rupa useup[édit | édit sumber]

Ditempo tina seuseukeutna, useup dibédakeun jadi dua rupa nyaéta useup anu maké ruruhit jeung useup anu henteu maké ruruhit.[6] Anu maké ruruhit paling loba dipaké pikeun nguseup di darat (cai anta) sedengkeun useup anu henteu maké ruruhit mah umumna dipaké di laut pikeun nguseup lauk cakalang jeung tuna.[6]

Dumasar kana elukan useup, di pasaran dijual dua rupa eluk useup nyaéta eluk anu modél hurup G jeung modél hurup J.[9] Sababaraha mérek useup jieunan pabrik useup anu kasohor saperti Gamakatsu, Mustad, jeung Daiich.[9]

Istilah-istilah dina nguseup[édit | édit sumber]

  1. Nguseup dasaran (bottom Fishing) : maksudna useup anu geus dieupanan diteuleumkeun nepi ka dasar cai/laut atawa rada ngagantung luhureun dasarna sangkan henteu ngait kana batu karang, maksudna pikeun ngala lauk anu hirupna didasar laut.[9]
  2. Ngoncer (live bait): maksudna nguseupna maké eupan tina lauk anu hirup kénéh, henteu maké babandul sangkan ngerelep.[9] Cukup ngencarkeun lauk eupan anu masih kénéh hirup anu saméméhna geus dipasang panitih (snap swivel) anu disambungkeun maké kawat kana useup.[9] Kenur diulur nuturkeun ka mana léosna lauk eupan anu geus ditalian.[9] Lauk anu dipaké eupan kayaning selar, tembang, layang, como, kembung, jeung alu-alu atawa anak lauk barakuda.[9]
  3. Trolling (toda): useupna dipasang eupan tina plastik/“lure” anu dipalidkeun tukangeun kapal, tuluy jeujeurna ditegérkeun dina kapal bari dina kaayaan maju 5-7 knot.[9] Eupanna dipulut maké golongan (reel) bari rada dicentok-centok di mana eupan nepi, tuluy dialungkeun deui kitu-jeung kitu waé nepi ka aya anu nyanggut.[9] Nguseup cara kieu kudu maké jeujeur one piece (teu maké sambungan) kalawan golong (open reel) anu dijieun pikeun nguseup ku cara kieu.[9]
  4. Surf casting: nguseupna henteu dina parahu atawa kapal tapi di sisi basisir, maké jeujeur anu panjang aya kana 4 méterna.[9] Eupan dialungkeun ti sisi ka tengah maké jeujeur, tuluy dipulut deui ka sisi ngarah eupan diudag ku lauk.[9]
  5. Rock Casting: carana méh sarua jeung surf casting, ngan tempat nguseupna lain di sisi basisir tapi di luhureun batu karang atawa amparan koral di sisi laut.[9]
  6. Popping: sabenerna méh sarua jeung cara casting, ngan jeujeur anu dipaké leuwih pondok mimiti 180 nepi ka 210 cm.[9] Eupanna sarua maké “lure” atawa eupan palsu anu ngambang.[9] Wujudna kawas mangkok anu dialungkeun ka tempat nu sakirana ayaan lauk, tuluy dipulut deui bari dicentok-centok.[9] Ku lantaran gancang mulutna mangsana dicentok téh disada pop, pop,pop... nabrak jeung beungeut cai.[9]
  7. Jigging: useup anu maké eupan palsu tina bahan timah (métal jig lure) anu diréka-réka wujudna kawas lauk.[9] Tuluy ieu timah téh dialungkeun ka tengah laut tuluy dipulut deui ka luhur, mangsa ditarik ieu timah katempo kokolépatan kawas lauk ngojay anu bisa ngabibita lauk.[9]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 523. 
  2. Cali0bear (2014年). "How to make fishing hook with barb". youtube. https://www.youtube.com/watch?v=axljaqxPVQA. Diakses pada 2017-05-10 
  3. Ebta Setiawan (2016年). "Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI)". http://kbbi.web.id/kail. Diakses pada 2017-05-10 
  4. M. Ghufran H. Kordi K. (2008). "Potensi dan Produksi Benih di Alam". Budi Daya Perairan Buku Kesatu. Yogyakarta: Citra Aditya Bakti. p. 262. 
  5. Pemerintah Kabupaten Garut (2009-05-14). "SESEBATAN NGALA SASATOAN JEUNG NGALA LAUK". Pemerintah Kabupaten Garut. http://sunda.garutkab.go.id/pub/static_menu/detail/ngamumule_sesebatan_ngala_sasatoan. Diakses pada 2017-05-10  Archived 2017-10-09 di Wayback Machine
  6. a b c AMd, Khairuman,; Khairul Amri,MSi. (2003), Petunjuk Praktis Memancing Ikan Air Tawar, Tangerang: AgroMedia, ISBN 979-3357-57-6 
  7. a b c d "Petunjuk Praktis Memancing Ikan Air Tawar". Khairuman, AMd & Khairul Amri,MSi. Diakses tanggal 2017-04-29. 
  8. a b "The world's oldest fishing hook has been found in a cave in East Timor". Australian Geographic. 25 November 2011. Diarsipkan dari versi asli tanggal 28 August 2012.  Archived 3 Désémber 2011 di Wayback Machine
  9. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s AR Timurawan (2017). "MANCING : Bukan Sekedar Hobi". Di Fulconis, R. Istilah dalam Mancing, Alat-alat pancing, Teknik Mancing. London: Wilis. pp. 46–49. 

Baca ogé[édit | édit sumber]

  1. Istilah-istilah nguseup Archived 2016-07-27 di Wayback Machine
  2. Cara nalian useup
  3. Tutorial nalian useup