Leunyay

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Leunyay
Leunyay Jalu
Leunyay bikang <br/ keur ngalaurkeun cahaya (hurung)
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
L. noctiluca
Ngaran binomial
Lampyris noctiluca
Sinonim

Cantharis noctiluca Linnaeus, 1767
Lampyris bellieri Reiche, 1858
Lampyris carreti Olivier, 1895
Lampyris minor Olivier, 1901
Lampyris obscurella Motschulsky, 1853
Lampyris parvicollis Olivier, 1901
Lampyris sibirica Gebler, 1847
Lampyris submucronata Rey, 1891
Lampyris thoracica Motschulsky, 1853

Leunyay (Lampyris noctiluca) nyaéta cacing anu ngaluarkeun cahaya mangsa poék (hurung).[1] Basa Yunani Lampyridae anu hartina ngaluarkeun cahaya.[2]

Leunyay mikaresep hirup di tegalan anu negrak.[2]Kaluar tina panyumputanna mangsa peuting geus datang.[2]Leunyay écés katempo mangsa peuting poék mongkléng, ilaharna dina peuting bulan Juni jeung Juli.[3] Wanci harita keur usum leunyay kawin, leunyay anu bikang ngaluarkeun cahaya kucap kiceup dina palebah beuteungna pikeun méré tangara ka jaluna anu keur hiber di luhur sangkan gampang ngadeukeutan.[2][3]

Leunyay lain ngandung harti cacing anu sabenerna tapi leunyay téh taya lian ti kumbang ; légé atawa bangbung anu bikang, wujudna kawas cacing hirup dina taneuh (kawas cacing), henteu mibanda jangjang kawas jaluna (larviforme).[3] Leunyay bikang panjang nepi ka 25 miliméter (dua kali leuwih gedé) ti batan jaluna.[3]


Ciri Mandiri[édit | édit sumber]

  1. Leunyay anu bikang henteu mibanda jangjang, hirup dina taneuh, nyumput handapeun batu, catang, atawa kalakay daun sedengkeun anu jalu mibanda jangjang tur bisa hiber.[4]
  2. Hirupna (nokturnal) mibanda organ dina awakna anu ngaluarkeun cahaya photophore hurung jeung pareum (kucap kiceup)[5]
  3. Kulawarga Lampyris ieu kaasup spésiés séjéna anu bisa ngaluarkeun cahaya saperti cika-cika.[2] Lampyris noctiluca mibanda kelir semu coklat nepi ka rada hideung.[2]
  4. Mangsana datang usum kawin leunyay bikang paling caang cahayana kokolényaian sangkan jaluna kataji kituna téh bari naék kana jujukutan anu aya di éta tempat sangkan jaluna gampang manggihan atawa yampeurkeun.[2]
  5. Jaluna ogé sabenerna ngaluarkeun cahaya ngan henteu caang kawas anu bikang, nguriling hiber kurang leuwih luhurna saméter tina taneuh.[2]

Tempat Hirup[édit | édit sumber]

Leunyay jeung sabangsana loba kapanggih hirup di : Asia, China, Éropa, India, Rusia, Inggris, jeung Wales.[6] Mikaresep tegalan jemlek jeung daérah anu loba jukut tur negrak ku panon poé.[7]

Leunyay sarua jeung vertebrata, mibanda dua rupa organ endokrin anu pajauh bédana.[5] Kahiji taya lian jaringan kelenjar konvensional jeung sekresi hormon internal.[5] Ka duana organ endokrin anu diwangun ku neuron husus dina sistem saraf pusat sél neurosecretory.[5]Sél neurosecretory taya lian neuron husus anu sélna aya disaluareun awak.[5] Lampyris noctiluca déwasa bijil tina panyumputan mangsa peuting geus datang (nokturnal).[5] Mangsa beurang sapopoé caricing dina tempat anu jemlék nyumput dina handapeun kalakay atawa catang.[5] Larva ogé hirupna nokturnal tur jarang katempo, karesepna ngahakan kéong jeung sabangsana.[2]

Tempo Ogé[édit | édit sumber]

Cika-cika

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Jonathan Rigg (1862). "Leunyay". Di -. A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. p. 252. 
  2. a b c d e f g h i "Lampyris noctiluca common glow-worm". animaldiversity. 2014-07-02. Diakses tanggal 2017-06-20. 
  3. a b c d "Glow-worm - Lampyris noctiluca". naturespot.org.uk. 2011-07-02. Diakses tanggal 2017-06-20. 
  4. Eisenbeis, Gerhard,; Wilfried Wichard (2012). Atlas on the Biology of Soil Arthropods. London: Springer Science & Business Media. ISBN 978-3-642-72634-7. 
  5. a b c d e f g Hoffmann, K. H,; Wilfried Wichard (2012). Environmental Physiology and Biochemistry of Insects. London: Springer Science & Business Media. ISBN 3-540-90407-7. 
  6. "NATURE WILDLIFE". bbc. 2017-4-28. Diakses tanggal 2017-6-20. 
  7. D. Rotherham (ed.), Ian (2009). The Journal of Practical Ecology and Conservation. London: Wildtrack Publishing. ISBN 978-1-904098-59-1.