Panon munding
| Panon munding | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | F. dichotoma |
| Ngaran binomial | |
| Fimbristylis dichotoma | |
| Sinonim | |
|
Scirpus dichotomus L. | |
Panon munding (Fimbristylis dichotoma) nyaéta jukut liar anu asalna tina kulawarga Cyperaceae.[1] Hirupna naun biasana kapanggih di tegalan, kebon, galengan sawah, sisi kamalir, jeung tempat séjéna anu cukup cai jeung cahaya panonpoé, dina hirupna bisa satangkal atawa loba tangkal anu mangrupa dapuran.[2] Tangkalna leutik ngajalantir, wujudna rada nyiku, ajeg ka luhur jangkungna kurang leuwih 10–80 cm, buahna tina tungtung tangkal mibanda kelir coklat. daunna kaluar tina dapuran tangkalna, leuleus mencos ka tungtungnakeun jeun leuwih pendék ti batan tangkalna [1] di daérah Jawa panon munding disebuta tumbaran, di Aceh disebutna cikukok[3][4].
Pedaran
[édit | édit sumber]Unggal nagara mibanda ngaran séwang-séwangan pikeun nyebut jukut panon munding umpamana: di Brazil disebutna falso alecrim da praia, Colombia: arrocillo; cortadera; coyolillo; namu, Jerman: Einjährige Fransenbinse, di Hawaii: futaba tentsuki; futaba-tentsuki; futabo-tentuki, di Jepan: tentsuki, di Malaysia: rumput kepala lalat; rumput para-para; rumput purun batu di Taiwan: pyau-fo-tsau.[5]
Ciri mandiri
[édit | édit sumber]Daunna laleutik panjang kawas pita kurang leuwih 4 nepika 10 lambar tungtungna marencos, tulang daun sajajar jeung daun utamana, kaluar tina sela-sela gagang buah mangrupa éntépan anu nyusun ngawujud tangkal pondok anu ka handapna katuruban taneuh jeung deukeut kana akar, saliwatan kawas beuti.[6] Akarna kasebut akar serabut nyebar ka jero taneuh kurang leuwih aya kana 10 cm.
- Kembang Panon munding
- Tangkal Panon munding
- Dapuran panon munding sisi cai
- Buah panon munding
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]Dicutat tina
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |