Rasuna Said

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Hajjah Rangkayo Rasuna Said
Rasuna Said, Kami Perkenalkan (1954), p111.jpg
Babar14 Séptémber 1910
Citakan:Country data Belanda Maninjau, Agam, Sumatra Kulon, Hindia Belanda
Pupus2 Nopémber 1965 (yuswa 55)
Indonésia Jakarta, Indonesia
Ngaran séjénH.R. Rasuna Said
Katelah kuPahlawan Nasional Indonesia
AgemanIslam

Rasuna Said; Hj.Rangkayo Rasuna Said; HR. Rasuna Said nyaéta saurang pajuang Indonésia dina mangsa gerakan kamerdékaan Nagara Indonésia. [1](gumelar di Maninjau, Agam, Sumatra kulon, 14 Séptémber 1910 – tilar dunya di Jakarta, 2 Nopémber 1965 dina umur 55 taun) Rasuna Said ogé saurang Pahlawan Nasional Indonésia, Sarua jeung Kartini anjeuna bajoang pikeun nanjeurkeun pamikiran sangkan ayana hak awéwé jeung lalaki nu sarua.[2] Rasuna Said mimiti aub dina widang pulitik nalika kapeto jadi sekertaris cabang Sarékat Rakyat di Sumatra Kulon. [1] Taun 1930 Rasuna said harita ngagabung kana Partéy Muslimin Indonésia (PERMI).[1][2]

Kahirupan nu munggaran[édit | édit sumber]

Rasuna Said gumelar, di Desa Panyinggahan, Maninjau, Kabupatén Agam, Sumatra Kulon.[3][4] Ramana tayalian Muhamad Said tayalian saurang Sodagar Minangkabau kukituna Rasuna Said mangrupakeun sékésélér bangsawan Minang nu tangtuna mibanda kalaluasaan dina ngajalankeun kagiatan pulik.[1]

Satamatna ti Sakolah Dasar (SD), Rasuna Said nu harita mimiti nincak rumaja ku Ramana téh dianteurkeun ka pasantrén Ar-Rasyidiyah geusan nyuprih élmu nuluykeun sakolana.[5][3][4] Mangsa harita di éta sakola ngan Rasuna Said wungkul hiji-hijina santri awéwé, dalah tikitu Rasuna said kasohor murid nu pinter tur calakan, sarta lébér ku wawanén.[3][4] Tamat tidinya Rasuna Said nuluykeun deui sakolana di Diniyah Putri Padang Panjang, nyadidieu Rasuna panggih jeun Rahmah El Yunusiyyah, nu tayalian saurang inohong atawa tokoh gerakan Thawalib.[3][4] Ari gerakan Thawalib téh hiji gerakan nu diadegkeun ku kaum réformis Islam di Sumatra Kulon, kalolobaanna pamingpin ieu gerakan dipangaruhan ku pamikiran nasionalis-Islam Turki, Mustafa Kemal Atatürk.[1]


Icikibung dina widang pulitik[édit | édit sumber]

Munggaran bajuang dina widang pulitik téh di Sarekat Rakyat (SR) Rasuna Said kapeto jadi Sekretaris cabang, Tuluy Rasuna Said ogé milu jeung Soematra Thawalib ngadegkeun Persatuan Muslimin Indonesia (PERMI) di Bukittinggi dina taun 1930.[4] Didieu Rasuna Said ogé milu ngawulang di sakolah-sakolah nu diadegkeun PERMI satuluyna Rasuna ogé ngadegkeun Sakola Thawalib di Padang, sarta mupuhuan sakola Kursus Putri jeung Kursus Normal di Bukittinggi.[1][4]

Salahsahiji kaparigelan Rasuna Said tayalian pidato hareupeun jalma réa, tur mibanda kakuatan pikeun mangaruhan ka sing saha waé anu ngabandungan pidatona.[3][4] Sagigireun kitu Rasuna Said ogé kacida merhatikeun kana kamekaran widang atikan kaum awéwé, anjeuna kungsi jadi guru di Diniyah Putri nincak taun 1930.[1][4]

Rasuna Said eureun ngawulang kulantaran mibanda hiji pamikiran yén mekarna kaum awéwé henteu bisa kapimilik ngan wungkul ku ngadegkeun sakola, tapi kudu dibarengan ku panjuangan dina widang pulitik.[1][4] Rasuna Said hayang nambahkeun atikan dina widang pulitik kana kurikulum sakolah Diniyah School Putri, ngan hanjakan teumeunang panyuluan.[3][4] Rasuna Said satuluyna neuleuman élmu dina widang agama ka Haji Rasul atawa Dr H Abdul Karim Amrullah nu ngajejerkeun ihwal pentingna ngayakeun pembaharuan pamikiran Islam sarta kabeébasan dina ngaluarkeun pamikiran, nu engkéna baris loba méré pangaruh kana cara pamikiran Rasuna Said utamana dina widang pulitik.[1]

Rasuna Said kungsi ditéwak ku pamaréntah kolonial Walanda nu harita keur kumawasa kénéh, bareng jeung batur sa perjuanganna Rasimah Ismailnu satuluyna dipenjara dina taun 1932 di Semarang.[4] Atuh teu wudu ieu kajadian téh ngadatangkeun rasa simpati ti saunggal tokoh jeung inohong Nasional kaasup Sukarno.[1] Sabada kaluar ti pangbérokan, Rasuna Said nuluykeun sakolana di Islamic College nu dipupuhuan ku KH Mochtar Jahja katut Dr Kusuma Atmaja. [1]

Dina Widang Jurnalis[édit | édit sumber]

Rasuna Said kasohor ogé dina widang jurnalis, utamana tulisan-tulisan nu nyeukeut/kritis” nu tayalian tina hasil pamikiranna.[3] Nincak taun 1935 Rasuna Said kapeto jadi pupuhu rédaksi di hiji koran, Raya.[3] Ieu koran ogé kawentar radikal dina pamikiranna, malahan engkéna ieu majalah kacatet jadi salahsahiji cukang lantara barontakna daérah Sumatra Kulon ka kolonial Walanda.[5] Mangsa harita Walanda nempo kaayaan kitu henteu cicingeun, geuwat nyengker kana ieu gerakan Rasuna Said jeung padabaturna ngaliwatan pulisi rusiahna (PID) mun ayeuna mah intél.[3] Ngan hanjakalna inohong-inohong PERMI nu tadina dipiharep ku Rasuna Said milu ngalawan ka kompeni téh malah teu bisa walakaya, ieu ngadatangkeun kakuciwaan kana diri Rasuna Said.[5] Antukna anjeuna milih pindah padumukan ka Medan, Sumatra Kalér.[1]

Dina taun1937, di Medan, Rasuna ngadegkeun hiji paguron nu dihususkeun pikeun kaum awéwé.[1] Maksudna pikeun nyebarkeun pamikiran-pamikiranna, Rasuna ogé nyieun koran mingguan nu disebut Menara Poeteri.[1] Slogan ieu koran sarua jeung selogan Bung Karno, "Ini dadaku, mana dadamu".[1] Dina ieu majalah loba madungdengkeun ihwal kahirupan awéwé, dalah tikitu maksud jeung tujuan nu utamamah ngasupkeun kasadaran kana hiji gerakan anti kolonialisme ka jeroeun kahirupan jeung pamikiran kaum awéwé mangsaharita.[1] Rasuna Said ngasuh "rubrik Pojok", teu saeutik manéhna maké ngaran séjén sebut waé : Seliguri, cenah ieu téh ngaran hiji kembang, dina tulisan-tulisan jeung pamikiranna nembongkeun hiji sikep nu lébér ku wawanén ngeunaan anti kana kolonialisme.[1]

Hiji koran di Surabaya, Penyebar Semangat, kungsi muat hiji tulisan ngeunaan koran Menara Poetri ini, "Di Medan ada sebuah surat kabar bernama Menara Poetri; isinya dimaksudkan untuk jagad keputrian. Bahasanya bagus, Dipimpin oleh Rangkayo Rasuna Said, seorang putri yang pernah masuk penjara karena berkorban untuk pergerakan nasional."[5] Ngan hanjakal, koran Menara Poetri umurna henteu panjang.[5] Sababna, sabagian gedé langgananna henteu mayar tagihan koranna.[5] Cenah, disebutkeun ngan 10 persén nu sok maca Menara Poetri mayar tagihanna. Kualatan kitu, Menara Poetri tungtungna ditutup.[5] Mémang bener ku kitunamah mangsa harita, teu saeutik majalah jeung koran nu tutup ku alatan masalah waragad.[1] Rasuna antukna balik ka paku sarakanna di, Sumatra Barat.[1]

Mangsa Jepang ngajajah, Rasuna Said milu aub ngadegkeun hiji organisasi nonoman Nippon Raya di Padang ngan teu lila nu satuluyna dibubarkan ku pamaréntah Jepang.[2]

Mangsa kamerdékaan[édit | édit sumber]

Sabada Indonésia merdéka, Rasuna Said aub dina kagiatan “Badan Penerangan Pemuda Indonesia” sarta “Komite Nasional Indonesia”.[5] Rasuna Said ngalungguhan jabatan Dewan Perwakilan Sumatra jadi wawakil daérah Sumatra kulon.[2] Sabada Proklamasi Kamerdékaan, manéhna kapeto jadi anggota Déwan Perwakilan Rakyat Republik Indonesia Serikat (DPR RIS), saterusna jadi anggota Déwan Pertimbangan Agung sabada Dekrit Presiden 5 Juli 1959 nepika tilardunya.[1]

Anjeuna wafat alatan kasakit kanker getih dina ping 2 Nopéember 1965 di Jakarta.[1] H.R. Rasuna Said ninggalkeun saurang putri (Auda Zaschkya Duski) jeung 6 incu (Kurnia Tiara Agusta, Anugerah Mutia Rusda, Moh. Ibrahim, Moh. Yusuf, Rommel Abdillah sarta Natasha Quratul'Ain).[1]

Rasuna Said diangkat jadi salah saurang Pahlawan Nasional dumasar kana Surat Kaputusan Presidén RI No. 084/TK/Tahun 1974 kaping 13 Désémbér 1974.[3][1][2]

Ngaranna ogé kiwari diabadikeun jadi ngaran salah sahiji ngaran jalan protokol perenahna di wewengkon Kuningan, Jakarta Kidul, kitudeui di daérah asalna di Padang, Sumatra Barat.[1]

Tutumbu Ka luar[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x Ajisaka, Arya (1992). Mengenal Pahlawan Indonesia (ed. Revisi). University of California: Jakarta. p. 86. ISBN 9789797572785. Diakses tanggal 19 April 2020. 
  2. a b c d e Hendarsyah, Amir (2009). Kisah Heroik Pahlawan Nasional Terpopuler. Jakarta: Galangpress Group. p. 35. ISBN 9786028620109. Diakses tanggal (disungsi – 23 April 2020). 
  3. a b c d e f g h i j Junaedi, Didi (2014). PAHLAWAN-PAHLAWAN INDONESIA SEPANJANG MASA. Jakarta: Indonesia Tera. p. 35. ISBN 9789797752118. Diakses tanggal (disungsi – 23 April 2020). 
  4. a b c d e f g h i j k Anwar, Rosihan (2004). Sejarah kecil "petite histoire" Indonesia, Volume 1. Jakarta: Penerbit buku kompas. p. 100. ISBN 9789797091415. Diakses tanggal (disungsi – 23 April 2020). 
  5. a b c d e f g h -, Mirnawati (2012). Kumpulan Pahlawan Indonesia Terlengkap. Jakarta: Cerdas Interaktive. p. 84. ISBN 9789797883430. Diakses tanggal (disungsi – 23 April 2020). 
Nulis.jpg