Simping
Pidangan

Simping atawa opak gambir nyaéta kadaharan garig kawas kurupuk nu asalna ti daérah Purwakarta.[1] [2] Rupa-rupa rasa jeung kelirna, dijual utamana di warung-narung jeung toko nu ngahaja dagang oléh-oléh.[3] Wujudna buleud tur ipis, gedéna sagedé tutup gelas, rasana rupa-rupa kayaing cikur, pandan, ganas, kadu malahan rasa nangka ogé aya.[3]
Bahan-bahan
[édit | édit sumber]Bungbu
[édit | édit sumber]- Bawang Beureum
- Bawang Bodas
- Penyedap
- Katuncar
- Uyah
- Daun kucay
Cara nyieun
[édit | édit sumber]- Bungbu diréndos nepika lembut
- Cicikeun bungbu kana tipung sampeu, kucuran cai saperluna
- Galokeun nepi ka liket
- Asupkeun tiping tarigu, galokeun deui nepika liket
- Sayagikeun citakan
- Adona nu geus liket, dicomot saeutik tuluy di dempet dina citakan
- Citakanna didéang dibulak-balik, nepika adonan asak tuluy dijait
- Kitu jeung kitu nepika réngsé kabéh [4]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Agribisnis Kreatif: Pilar Wirausaha Masa Depan, Kekuatan Dunia Baru Menuju Kemakmuran Hijau. Penebar Swadaya Group. 2012. ISBN 9789790025288. ; ;
- ↑ Ensiklopedia Umum. Jakarta. 1973. ; Pemeliharaan CS1: Lokasi tanpa penerbit (link)
- ↑ a b "Simping, si gurih dan renyah khas Purwakarta". ;
- ↑ "Resep : Simping, Makanan Khas Desa Kertasari Yang Gurih". [tumbu nonaktif]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |