Soto Padang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Soto Padang

Soto Padang nyaéta soto anu dijieun kalawan mibanda ciri anu mandiri ti kota Padang.[1][2][3]

Ciri mandirina taya lian, bahan dasarna tina daging sapi anu digoréng nepika garing.[1][4] Ieu daging sapi saméméhna dikulub heula nepika asak, kakara di siksikan laleutik sangkan gampang ngahuapkeuna.[5] Campuran séjéna, bihun, parkedél kentang.[1] Ogé hayam beunang ngulub téh digoréng deui nepika garing, kakara di suir-suir atawa dipipitan sangkan gampang nyayagikeunna.[1][4]

Sarua jeung soto séjéna, Soto Padang ogé dikonsumsi mangsa kuahna masih kénéh haneut hareuyheuy.[1] Sanajan asalna ti kota Padang, tapi kiwari soto Padang ogé geus loba dijual di saluareun kota Padang utamana di réstoran Padang.[1][5]

Bahan-bahan anu dipaké[édit | édit sumber]

Bahan-bahan pikeun nyieun soto Padang kayaning:

Bungbu anu diréndos:

  • Bawang bodas 5 sihung
  • Bawang beureum 10 sihung
  • Jahé sabuku
  • Pedes (merica) saséndok
  • Muncang 3 siki
  • Uyah saperluna.[2][6]

Bahan tambahan

  • Soun beunang ngeueum
  • Perkedél kentang
  • Kacang kadelé, banjur kucai ngagolak, tuhurkeun, tuluy digoréng nepika garing
  • Goréng bawang
  • Bawang daun 3 lambar, siksikan
  • Daun salédri, siksikan.[2][6]

Bungbu tambahan

  • Laja 3 buku, dipékprék
  • Séréh satangkal, dipékprék
  • Daun salam 3 lambar
  • Daun jeruk purut 4 lambar
  • Kapol laga 3 siki.[2]

[4][6]


Cara nyieuna[édit | édit sumber]

Kulub daging dibarengkeun jeung buah pekak nepika hipu, tuluy jait, tuhurkeun.[3] Cai pangulubanna (kaldu) dipisahkeun sawaréh pikeu kuah soto.[3] Daging anu geus tiis di siksikan laleutik atawa kumaha pangaresep.[3] Hijikeun bawang bodas jeung uyah, tuluy galokeun nepika rata.[3] Tendeun heula kurang leuwih 30 menit sangkan bungbuna nyerep[3]. Tuluy goreng nepika garing, jait tur tuhurkeun.[3][6]

Bungbu beunang ngaréndos tuluy di goréng nepi ka kaambung seungit, ancrubkeun kana cai panguluban, galokeun nepika rata bari digolakeun.[3] Sayagikeun soun beunang ngeueuman, parakedél dina mangkok.[3] Purulukan bawang daun, salédri, jeung goréng bawang.[3] Tuluy cician cai kuah anu masih kénéh haneut.[3]


Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]

Tinggali ogé[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f Yuyun Alamsyah; "Bangkitnya Bisnis Kuliner Tradisional", Jakarta: PT Elex Media Komputindo, 2008, hal.78.
  2. a b c d e Boga, yasa (2005). Sop & soto: segar, sedap dan mantap. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 80. ISBN 9789792217162. 
  3. a b c d e f g h i j k Dapur DeMedia, Tim (2009). Soto Nusantara. Jakarta: DeMedia. p. 6. ISBN 9789791471305. 
  4. a b c "Soto khas jepara". Masakandapurku. 2016-01-01. Diakses tanggal 2017-10-14. 
  5. a b T. Erwin, Lilly (2008). Sop & soto: segar, sedap dan mantap. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 6. ISBN 9789792239089. 
  6. a b c d e Dewi Asih, Arum, (2015). Koleksi Resep Soto & Sup Nusantara. Jakarta: Kawan Pustaka. ISBN 9789797575878. 
Nulis.jpg