Lompat ke isi

Spa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Spa di luar negri

Spa nyaéta prosés nyaimbangkeun jiwa, raga jeung sukma pikeun ngahontal tujuan nu tangtu.[1] Dina prakprakanana, spa mangrupa budaya dina kahirupan manusa anu maké cai pikeun sarana ngabersihkeun awak.[1] Ritual mandi ieu geus kacatet dina sajarah paradaban Homo sapiens.[1] Spa singkatan tina solus per aqua atawa sanitas per aqua dina basa Latin anu hartina ngupayakeun kaséhatan jeung ngamangpaatkeun cai.[1] Di Yunani budaya spa geus aya dina abad 377 SM.[1] Sedengkeun dina abad ka-17, serdadu Galia di masa kajayaan Romawi miboga kabiasaan sanggeus perang nyemprotkeun cai kana awak bari ngeueum.[1] Maranéhna maraké cai pancuran pikeun média terapi jeung rélaksasi.[1] Abad ka-18, putra mahkota karajaan Britania Raya anu kakeunaan panyakit lépra bisa dicageurkeun ku cara ngeueum di kolam cai panas unggal poé.[1] Sedengkeun bangsa Éropa dina abad 18-19 spa téh pikeun tempat réhabilitasi kaséhatan anu lokasina di gunung atawa di sabudeureun curug.[1]

Spa jaman baheula

[édit | édit sumber]

Di Indonésia budaya spa geus aya di jaman karajaan Majapahit.[1] Serat centhini, literatur kuno dina taun 1872 ngabéwarakeun ayana pamandian di komplék kraton Majapahit jeung Médang.[1] Salah sahiji pamandian di kraton Yogya Kamulan anu maké cinyusu tina daratan luhur Dieng.[1] Pamandian-pamandian kuno di lingkungan istana ilahar bentukna kolam anu lega anu dibenténgan ku témbok-témbok batu kalayan dijagaan pikeun ngajamin rahasiana raja sarta kulawargana nlika ritual mandi.[1] Mandi bari ngeueum dina kolam dipercaya bisa menstimulir katingtriman psikis jeung bisa nyéhatkeun awak.[1] Sababaraha panalungtikan ngébréhkeun yén mandi loba rupana saperti ngeueum, maké pancuran, maké métode semprot, pikeun nguatkeun sistem kakebalan awak, ngalancarkeun sirkulasi getih, ngoptimalkeun kinerja kelenjar limpa, jeung sistem metabolisme awak.[1] Salain pikeun hiburan, tempat pamandian ogé bisa jadi sarana ngajaga stamina awak jeung pikiran sangkan awak bisa prima.[1] Sedengkeun putri di kraton Jawa ngamangpaatkeun patirtan pikeun salah sahiji sarana pikeun ngageuliskeun anu dibarengan ku nginum jamu, olah tubuh ngaliwatan tari.[1]

Spa jaman Kiwari

[édit | édit sumber]

SPA atawa Solus Per Aqua , anu artina terapi cai.[1] Ku kamekarana jaman, spa mekar jadi tempat kacantikan, ngarawat awak, jeung kaséhatan. Spa ngawengku terapi sakabéh awak, lulur atawa body scrub, masker ngabodaskeun, terapi musik, aromatherapy, mandi susu atawa mandi aromatherapy jeung snack mangrupa kuéh-kuéh jeung inuman jahé haneut atawa téh haneut.[1] Di éra modérn ini spa lebih diarahkan sebagai komoditas binis berinvestasi tinggi dengan menggunakan terapi air dan pemijatan sebagai media untuk mewujudkan keinginan pelanggan akan kecantikan dan kebugaran.[1] Spa modérn perenahna di kota-kota kuno kasohor ayana kakuatan pikeun nyagerkeun tina cai mineral jeung cai panas.[2] Wisatawan bakal datang pikeun mawa cai jeung nyagerkeun kaséhatana.[2] Prakték mandi di cinyusu jeung cai mineral téh di Babilonia jeung Yunani.[2] Dina abad ka-19, spa di Éropa nya husus tujun pikeun jalma beunghar.[2] Sedengkeun spa di Amérika nu leuwih ka sohorna ayana facial jeung terapi ngaliwatan di pencétan.[2]

Mangpaat Spa

[édit | édit sumber]

Mangpaat spa di antarana ngalemeskeun, mengkeurkeun kulit, ngabodaskeun jeung méré nutrisi kulit, ngendorkeun tegangna otot, detoksifikasi awak pikeun ngaronjatkeun sitem kakebalan awak, ngaleungitkeun rasa hariwang, ambek atawa depresi, nyingkahan alérgi, tanda-tanda diabétes.[3] Salain ti éta ngaleungitkeun migrain jeung asma, nurunkeun tekanan darah tinggi jeung hipertensi, ngurangan insomnia, strés jeung kacapéan, nyaimbangkeun alamina awak pikeun ngahontal kabagjaan, percaya diri jeung kréatipitas.[3]

catetan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Spa: Ritual Mandi Penuh Sejarah[tumbu nonaktif](Dicutat tanggal 15 November 2011)
  2. a b c d e Sejarah Spa[tumbu nonaktif](Dicutat tanggal 17 November 2011)
  3. a b Manfaat-Manfaat Kita Melakukan Spa Archived 2012-02-07 di Wayback Machine(Dicutat tanggal 17 November 2011)