Surachman R.M.

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Surachman R.M.
Gumelar13 September 1936
Garut
KabangsaanIndonesia
Périodeu1960
Génrésajak
Subjéksastrawan

Surachman R.M. téh pangarang sajak Sunda, ngaran lengkepna mah Maman Surachman Radéa, dibabarkeun di Garut dina tanggal 13 Séptémber 1936.[1]

Riwayat hirup[édit | édit sumber]

Waktu asup ka SMP mimiti sok tulas-tulis,kayaning dangding, carpon jeung dongeng, babakuna mah ngeusian rohangan pikeun barudak dina majalah-majalah atawa surat kabar basa Sunda jeung basa Indonésia.[1]. Ti taun 1954 ngahususkeun manéh nulis sarta nungtik lapangan puisi, nyaéta waktu jadi siswa SMA bagian sastra di Bandung.[2] Sajak-sajak Sundana dimuat dina sawatara majalah saperti: Sunda, Warga, Candra, Kiwari ,Mangle,Majalah Sunda,jeung surat kabar Sipatahunan[2]. Mimiti nulis keur di SMP kénéh dimuat dina Sipatahunan, Sunda, Panghegar, ari sajak-sajakna dina basa Indonésia, dimuat dina majalah Kisah, Gelanggang/Siasat, Indonesia, Genta/ Merdeka, jeung Budaya Jaya.[2]. Sajak-sajakna anu dina basa Sunda dipilih jeung dimuatkeun dina Kanjut Kundang: prosa jeung puisi Sunda sabada Perang, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga. Lian ti éta ogé dipilih jeung dimuat dina Puisi Sunda Moderen: Antologi dalam Dua Bahasa, beunang Adun Syubarsya.[1]

Dina taun 2007, Ajip Rosidi milih jeung ngumpulkeun sajak-sajakna anu tuluy dimuat dina buku Sajak Sunda.[2]. Sajak-sajakna dina basa Sunda diterbitkeun mangrupa buku kumpulan sajak Surat Kayas (1967) jeung Basisir Langit (1976). Ari puisi-puisi Indonésiana mah diterbitkeun jadi buku kumpulan puisi Di Balik Matahari (1974).[1] Ngaran Surachman R.M. ge kacatet dina Ensiklopedi Sastra Indonesia, minangka salah saurang sastrawan atawa pangarang puisi Indonésia.[3]

Riwayat Atikan, Padamelan, sareng Penghargaan[édit | édit sumber]

  1. SD jeung SMP direngsekeun di Garut
  2. SMA Negeri 1 Bandung Bagian A (Sastra)
  3. Sarjana Muda ti Fakultas Hukum Universita Indonésia (1958)
  4. Sarjana Hukum ti Universitas Padjadjaran, jurusan Hubungan Internasional (1968)
  5. Seminar Administration of Criminal Justice di College of Law Syracuse University, New York Amerika Serikat (1969-1970)
  6. Janten jaksa di kota Purwakarta, di Karawang, di Bandung jeung di Ciamis
  7. Waktu jadi jaksa di Cimahi, jadi anggota DPRD Kabupaten Bandung (1967-1969)wawakil ti Golkar
  8. Mancen damel di Direktorat Pusat Pendidikan dan Latihan Kejaksaan Agung RI di Jakarta
  9. Miluan program-program husus elmu hukum di Amerika Serikat (1989, 1993) di Jepang (1982), jeung di Walanda (1991)
  10. Kenging penghargaan Research Fellowship in ASEAN Affairs Award (ISéaS) ti Singapura (1985)
  11. Kenging penghargaan Satya Lencana Karya Satya ti Pamaréntah RI (1989)
  12. Kenging Special Appreciation Award ti World Jurist Association, Washington DC Amerika Serikat (1993).[4]

Daftar Karyana[édit | édit sumber]

A. Anu dimuat dina Kanjut Kundang: Prosa jeung Puisi Sunda Sabada Perang (1967)

  1. Isuk-isuk di Basisir
  2. Prabu Mandura Tapa
  3. Lemah Cai
  4. Balada Bapa Kolot
  5. Elegi Pamungkas
  6. Lagu Paturay
  7. Cimata Indung
  8. Robinson Crusoe
  9. Samagaha
  10. Incu Kuring

B. Anu dimuat dina Puisi Sunda Moderen: Antologi Dua Bahasa (1966)

  1. Di Hiji Leuweung Geledegan
  2. Kumelip
  3. Lemah Cai
  4. Soneta ti Kamar Mati
  5. Sawarga nu Ngemploh

C. Anu dimuat dina Sajak Sunda (2007)

  1. Kolecer
  2. Pangabetah
  3. Naha Urang Kudu Guligah
  4. Di Hiji Leuweung Geledegan
  5. Pscychedelic
  6. Jungjunan, Jungjunan
  7. Dunia Fantasi, Jakareta I
  8. Supata
  9. Haiku II
  10. Leuweung
  11. Basa Ngurebkeun
  12. Lalampahan

D. Anu dimuat dina majalah jeung surat kabar, saméméh dibukukeun (sawareh nu kadata)

  1. Isuk-isuk di Basisir (Candra 6-7/I, Oktober-Nopember 1954)
  2. Gending Peuting (Candra 12/II, Desember 1955)
  3. Longser (Candra 12/II, Desember 1955)
  4. Kumelip (Warga 158/V, Nopember 1955)
  5. Bulan Mucuk Eurih (1955)
  6. Prabu Mandura Tapa (Warga 165/ 22 Januari 1956
  7. Palastrana Pitaloka (Candra 21/III, Januari 1956
  8. Panumpang Kareta Api (Candra 21/III, Januari 1956)
  9. 14 Taun ka Tukang (Candra 21/III, Januari 1956
  10. Lemah Cai (Warga 174/30 Maret 1956
  11. Beja ti Bubat (1956)
  12. Sorana dina Kaleng Kosong (1956)
  13. Jalan Netek ka Puncak (Warga,1956)
  14. Salju (Warga,1956)
  15. Buah Panyileukan (Warga, 1956)
  16. Pa Kolot (Kiwari 2/I,Juli 1957)
  17. Lagu Paturay (Kiwari 3/I, Agustus 1957)
  18. Rasiah (Kiwari 2/I, Juli 1957)
  19. Elegi Pamungkas (Kiwari 2/I, Juli 1957)
  20. Cimata Indung (Kiwari 3/I, Agustus 1957)
  21. Lalakon Ating (1957)
  22. Robinson Crusoe (Sipatahunan, 31 Agustus 1959)
  23. Incu Kuring (Sipatahunan, 20 Juni 1959)
  24. Situ Buleud (Sipatahunan, 7 Juli 1959)
  25. Bagéa nu Anyar Datang (Sipatahunan, 8 Agustus 1959)
  26. Sajak (1960)
  27. Isuk (Sipatahunan, 1960)
  28. Panineungan (Sipatahunan, 1960)
  29. Soneta ti Kamar Mati (Sipatahunan, 1961)
  30. Nu Nyelang Mulang (Sipatahunan, 16 Juni 1961)
  31. Surat Kayas (Sipatahunan, 1961)
  32. Sasakala I (Sipatahunan, 7 Juli 1961)
  33. Sasakala II (Sipatahunan, 7 Juli 1961)
  34. Priangan (Sipatahunan, 1961)
  35. Peuting (Sipatahunan, 1961)
  36. Balada Mulangna Hiji Kasadaran (Sipatahunan, 3 Juni 1961)
  37. Paratag (Sipatahunan, Juni 1961)
  38. Lalanang Jagat (Sipatahunan, 10 Juli 1961)
  39. Katumbiri Nutug Ati (1962)
  40. Di Sindanglaya (1962)
  41. Nyampeur Teuteundeunan Néang Tutundaan (Sipatahunan, 6 September 1963)
  42. Indrajaya (Langensari, 1964)
  43. Sawarga nu Ngemploh (Mangle 79/VII, Mei 1964)
  44. Paturay (Langensari, 1964)
  45. Sisi Kawah (Sangkuriang 1, Juni 1964
  46. Di Hiji Leuweung Geledegan (Mangle 103/VIII, Nopember 1965)
  47. Pangabetah (Majalah Sunda, 1965)
  48. Naha Urang Kudu Guligah (Majalah Sunda,1965)
  49. Peuting di Rumah Sakit (Mangle 97/VIII, Juni 1965)
  50. Gunung Pipikeuneun Tarung (Langensari 59/II, 1965)
  51. Bandera Hideung Satengah Tihang (Majalah Sunda 4/I, Maret 1965)
  52. Nyusud Tapak (Majalah Sunda 4/I, Maret 1965)
  53. Sobat Kuring (Majalah Sunda 2/I, Pebruari 1965)
  54. Pangabetah (Majalah Sunda 12/I, Mei 1965)
  55. Eros (Candra 10/II, Oktober 1955)
  56. Himalaya (Candra 10/II, Oktober 1955)
  57. Samagaha (Sipatahunan 10, 1959).[1]

Conto Sajak Petingan[édit | édit sumber]

Sajak-sajak Surachman RM kawilang réa pisan, tapi tina sajumlahing sajak nu geus kapaluruh jeung dikumpulkeun dina buku kumpulan sajak atawa antolohi, aya 2 sajak anu kaitung kawentar turta remen dipaké bahan ajar dina pangajaran basa Sunda. Lian ti kitu, ieu sajak téh ogé remen dipaké bahan dina pasanggiri maca sajak pikeun siswa. Ieu di handap kapidangkeun 2 sajak nu dimaksud:

DI HIJI LEUWEUNG GELEDEGAN

Aya tulang nyangsang na dahan,deudeuh

Sesa raga arucutan

Langlayangan teu kapuluk teu karucu

Di hiji leuweung geledegan

Tangkorekna diranggeum areuy, deudeuh

Topi waja bangkarak tadah cihujan

Bedil, sekin, ngarumpuyuk lumpuh

Di hijileuweung geledegan

Disasarap heumeus beueus, deudeuh

Dirurub hujan kalakay

Pangkatna, tanda-tandana, mo kapapay

Di hiji leuweung geledegan

Moal aya nu nyalawatan

Emh nunggelis ngan nagara nu miboga

Teu panutan tan kadang kulawarga

Di hiji leuweung geledegan

Ka mana pasukan tambur

Ilaharna jajap ka basisir kubur

Teu muni rampak tembak kahormatan

Di hiji leuweung geledegan

Jeung lahanna di Taman Makam Pahlawan, deudeuh

Aya nu ngali nu ngandih

Beh ngaranna dina daftar kapanggih

Diembohan catetan: ilang raratan.[5]

BANDERA HIDEUNG SATENGAH TIHANG

Tah nya harita, waktu Papayung Agung

Disaur ka alam padang poe panjang

Manéhna, seuweu Adam nu teu kakocap ngaranna

Melesat ngiring manjing uwung-uwung

Sampiung ninggalkeun kurung

Nyampay di sisi kota bangkarakna nu ngararas

Di tutugan pasir pameuleuman hampas

Di lelewek nu hapeuk pangsareukseukna

Di mana srangenge nece kana pucuk rambutan

Wahon nu miceun kotoran anjog saperti biasa

Ki Pasaran Kotapraja dak dumadak tutunggulan

Jajantungna ngadulag teuing ku rosa

Gancangna bugang teu puguh sayangna

Dihaturkeun ka anu hakna narima

Nya éta hiji Jawatan Nagara

Sab keurna kumelendang Si Jenat duka nu saha

Da tetela tenda jagat poe eta

Beurat ku indung mendung, hiji deui

Layon dipulangkeun kana palawangan bumi

Tanpa upacara resmi

Bari eueuleugeugan neureuyan cimata

Make aya kénéh manusa

Niiran salawat minangka

Rampena

Sarta kalawan teu uar-uar

Heug bandera hideung salambar

Dina jeroeun igana dipasang

Satengah tihang.[5]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Kartini,Tini,spk. Biografi dan Karya Sasatrawan Sunda Masa 1945-1965. Proyek Penelitian Bahasa dan Sastra Indonesia dan Daerah Depdikbud.Bandung 1978 kaca 274-275
  2. a b c d Rosidi, Ajip jeung Rusman Sutiasumarga. Kandjut Kundang. Balai Pustaka. Jakarta 1963 kaca 401
  3. Hasanudin WS, dkk.Ensiklopedi Sastra Indonesia.Titian Ilmu.Bandung 2007.kaca 768-769
  4. Rosidi,Ajip.Sajak Sunda.Kiblat.Bandung 2007.kaca 134
  5. a b Suryalaga,Hidayat,spk. Gapura Basa: Pangajaran Basa Sunda Pikeun Murid SLTP Kelas Hiji.Geger Sunten.Bandung 1997.kaca 37-38