Sajak Sunda

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
buku-buku kumpulan sajak Sunda

Sajak nyaéta sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku masa si bero padalisan (baris, jajaran) dina sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, sajak téh asalna tina basa malayu. Ari hartina, guguritan sarupaning sa'ir, tapi sapadana henteu matok opat jajar[1]. Sajak téh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun ma'na anu dimaksud ku pangarang. Ku kituna, sajak téh kudu ngandung tilu unsur nyaéta, kecap, harti kecap, jeung sora atawa wirahma [2]

Dina wangun kasusastraan Sunda, Sajak téh kaasup dina katégori Sastra Modéren. Mun mapay lalakon umur tina runtuyan sajarahna, Sajak Sunda geus lumayan kolot umurna téh. Sanggeus sawatara waktu kamerdikaan nagara urang (1946) nepi ka ayeuna, "kitu sotéh mun diukur ti mimiti Kis. Ws. (Kiswa Wiriasasmita) nulis sajak", kitu pisaur Pa Abdullah Mustappa.[3] Aya deui KTS (Kadir Tisna Sudjana) dina sastra Sunda nu nuturkeun nulis ditéma ku polémik, ngeunaan hak hirup sajak, anu harita mah dianggapna injeuman ti deungeun. Ti saprak harita, Sajak Sunda anak-baranahan nepi ka kiwari. Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bébas,kungsi ogé disebut sanjak. Disebut bébas téh saenyana mah rélatif, nyaéta lamun dibandingkeun jeung puisi-puisi saheulaeunana, utamana upama dibandingkeun jeung dangding anu kabeungkeut pisan ku patokan guru wilangan jeung guru lagu. Saenyana mah sajak ogé mageuhan kénéh rupa-rupa konpénsi puisi, upamana lebah diksina jeung rakitan ungkarana. Ari Taufik Faturohman mah nyindekkeun yén nu disebut sajak téh nyaéta karangan ugeran anu ngébréhkeun pangalaman batin panyajakna.[4]

Gelarna Sajak Sunda[édit | édit sumber]

Sajak (nyaéta sajak bébas téa) gelarna téh béh dieu, dina jaman sanggeus urang merdéka. Éta wangun sajak téh mimitina mah henteu ujug ditarima da pagar lain wangunan sastra Sunda. Padahal kakawihan ogé anu wangunanana mah teu béda ti sajak, geus aya dina sastra Sunda. Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950. Ti taun 1946 kénéh geus aya nu nulis dina wangunan sajak, nyaéta Kis WS.[5].

Sajak téh saméméh dibukukeun jadi kumpulan sajak, sok dimuat heula dina sawatara media massa saperti majalah jeung surat kabar.[5] Sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda anu sok remen ngamuatkeun sajak Sunda téh di antarana: Sipatahunan, Warga, Sunda, Kujang, Kiwari, Sari, Langensari, Hanjuang, Mangle, Galura, Giwangkara,jrrd.[6].Buku kumpulan sajak nu munggaran terbit nyaéta Lalaki di Tegalpati karya Sajudi (1963).[6] Ka béhdieunakeun dituturkeun ku kumpulan sajak liana, saperti Ombak Laut Kidul karya Rachmat M Sas Karana (1966), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Surat Kayas karya Surachman R.M. (1967), Tepung di Bandung karya Rachmat M Sas Karana (1972), Katiga karya Yayat Hendayana (1975), Nu Ngarongheap Mangsa Surup karya Eddy D Iskandar (1978), Sabelas Taun karya Usep Romli HM (1978), Jagat Alit karya Godi Suwarna (1979), jeung Nu Mahal ti batan Inten karya Yus Rusyana (1980).[5]

Polemik Sajak Sunda[édit | édit sumber]

Polemik Ka-I[édit | édit sumber]

Dina mangsa mimiti gelarna sajak Sunda, anu ditaratas ku Kis WS dina taun 1946, waktu anjeunna ngajapapang dina ranjang SR Cideres Majalengka, timbul réaksi anu henteu satujueun kana wangun sajak, da cenah anu asli puisi Sunda mah ngan dangding wungkul.[7] Nya harita timbulna nu disebut “Polemik Sajak” utamana dina surat kabar Sipatahoenan.[7] Di dinya pisan polemik ngeunaan hak hirupna sajak Sunda anu munggaran teh. Hiji jalma anu nyumput satukangeun ngaran Ki Sunda nganggap yén wangun puisi urang Sunda titinggal karuhun anu kudu didama-dama mah dangding, anu dianggap wangunan puisi anu pangsampurnana jeung pangendahna.[7]

Tangtu baé sikep kitu téh nembongkeun yén manéhna henteu kungsi diajar sajarah bali pikeun ngajadina, nepi ka henteu terangeun yén dangding téh lain warisan karuhun Sunda pituin, tapi pangaruh tina sastra basa Jawa. Nepi ka timbul polemik teh, nya ku lantaran réa anu henteu satujueun kana pamadegan Ki Sunda. Henteu satujueun dangding dianggap hiji-hijina warisan karuhun Sunda. Henteu satujueun sajak disieuhkeun tina kahirupan sastra Sunda. Tapi réa deuih anu sapamadegan jeung Ki Sunda oge.[7] Sora-sora anu kontra, anu nolak kana ayana sajak Sunda utamana datang ti kalangan sastrawan entragan kolot. Sabalikna, ti kalangan sastrawan entragan ngora muncul sora-sora anu pro, anu ngadukung sangkan sajak meunang tempat dina kandaga sastra Sunda

Polemik ka-II[édit | édit sumber]

Lantaran ayana sora anu pro jeung kontra téa, nya muncul polemik deui antara sastrawan ngora ngalawanan sastrawan kolot, masualkeun hak hirupna sajak dina kasusastran Sunda.[4] Cara polemik anu munggaran dina Sipatahoenan, ngeunaan hak hirupna sajak dina basa Sunda anu ditolak ku Ki Sunda saparakanca ti golongan sastrawan kolot, polemik anu kadua ogé anu pangpangna lumangsung dina majalah Warga anu dibobotohan ku Yuyu Yuliati anu nolak sajak jeung Wahyu Wibisana saparakanca, ti kalangan sastrawan ngora anu ngabela sajak, henteu nepi ka jadi hiji kasimpulan anu cindek, sanajan leuwih rame tur jalma anu milu makalangana ogé leuwih réa.

Lamun polemik kahiji mah lumangsung dina awal taun 1950-an,polemik kadua mah lumangsung dina mangsa pertengahan taun 1950-an kira-kira dina mangsa taun 1955 tur henteu ngan wungkul dina majalah Warga wungkul tapi ogé dina majalah jeung surat kabar séjénna ogé ngamuat karangan boh anu pro kana sajak, boh ti anu henteu satujueun éta wangunan miboga hak hirup dina sastra Sunda. Jumlah anu ngabela hak hirup sajak Sunda dina polemik nu kadua mah beuki réa sabab harita geus renung barudak ngora anu narulis dina basa Sunda anu leuwih réa nuturkeun sastra basa Indonesia manan macaan wawacan atawa dangding dina basa Sunda anu harita geus hésé kapanggihna ku sabab geus geus langka pisan pamedal anu ngaluarkeun buku basa Sunda. éta barudak ngora téh lian ti nembongkeun wawasan anu leuwih jembar ngeunaan sastra Indonesia, aya ogé nu nembongkeun leuwih wanoh kana kabeungharan sastra karuhunna, saperti carita pantun, sisindiran, jangjawokan, kakawihan, jsb.

Ti kalangan sastrawan ngora téh di antarana Wahyu Wibisana, Rukasah SW, Kusnadi PS, Eddi Tarmidi, E. Permana, Hato’an Wangsasendjaja, jeung réa-réa deui. Ari pangarang nu teu kungsi pipilueun polemik, tapi sajak-sajakna nembongkeun ajén puisi anu luhur, anu nembongkeun yén basa Sunda mampuh digunakeun pikeun nulis sajak, atawa leuwih merenah: wangun sajakna téh payus tur kupu ditulis dina basa Sunda oge. Hartina hak hirup wangunan sajak dina basa Sunda kudu diaku. Wangunan sajak kudu ditarima. Dina sajak-sajakna Sajudi nembongkeun yén salian ti ayana pangaruh tina sastra Indonésia,inyana ogé pageuh ngakar kana tradisi puisi Sunda kayaning anu sok kapanggih dina carita pantun, sisindiran atawa kakawihan.

Waktu sajak-sajakna dikumpulkeun tur dibukukeun dina Lalaki di Tegalpati[8] anu mangrupa kumpulan sajak munggaran dina basa Sunda – geus taya anu misoalkeun deui ngeunaan hak hirup sajak dina basa Sunda. Ku medalna éta buku khazanah sastra Sunda jadi leuwih beunghar,lain baé jumlah buku basa Sunda nambahan, tapi pangpangna mah ku lantaran sajak-sajak anu dimuat dina éta buku téh miboga ajén puisi anu luhur, nepi ka aya nu ngabandingkeun ajén puisi Sajudi jeung puisi Chairil Anwar dina basa Indonésia.[7]

Pangarang Sajak Sunda[édit | édit sumber]

Wangunan sajak dina sastra Sunda kiwari, kacida mekarna jeung kacida pentingna. Nu raresep kana sajak, hususna di kalangan para rumaja, prah di mana-mana. Kagiatan-kagiatan sabangsaning maca sajak nu diayakeun ku siswa-siswa sakola lanjutan atawa nu diayakeun ku pakumpulan-pakumpulan kasenian di masrakat geus jadi kailaharan. Kitu deui aktifitas kana nulis sajak. Sirung-sirung nu aya karep jeung aya pangaresep kana nulis sajak, renung di mana-mana.[9]

Ti taun 1950-an kénéh, anu nulis sajak terus nambahan tug nepi ka kiwari.[7] Ti taun ka taun, ti generasi ka generasi nu narulis sajak beuki nambahan, beuki ngalobaan. Aya nu terus mayeng ngarang nepi ka katelah jadi pangarang sajak, aya ogé nu nungtut marekplekan ninggalkeun. Nu narulis sajak dina rupa-rupa majalah jeung surat kabar téh karyana kadokumentasikeun dina sawatara buku. Anu geus réa ngahasilkeun sajakna sok terus dikumpulkeun jadi buku kumpulan sajak sarta diterbitkeun. Atuh anu teu kungsi ngumpulkeun, kapilih tur kapeting ku éditor buku nu nyusun antologi, boh antologi puisi wungkul, boh antologi prosa jeung puisi.

Ti entragan taun 1950-an diterbitkeun dina antologi Kanjut Kundang, beunang nyusun Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga. Ti harita lila taya nu nerbitkeun deui, jebulna deui the dina taun 1992, dina raraga mieling 46 taun sajak Sunda nyaéta dina buku antologi Saratus Sajak Sunda, anu dipilih jeung dikumpulkeun ku Abdullah Mustappa. Tilu taun ti harita, taun 1995 terbit antologi sajak dina raraga mapag 50 taun Indonésia merdeka dijudulan Sajak Sunda Indonesia Emas.

Ajip Rosidi gé ngusahakeun ngumpulkeun jeung narjamahkeun kana 3 basa Indonesia, Inggris, jeung Perancis dina raraga ngabagéakeun Konferensi Internasional Budaya Sunda (KIBS) taun 2001, terbit Puisi Sunda Modern dalam Dua Bahasa. Disusul ku seri medalna buku antologi panglengkepna anu ngawengku ti awal gelarna sajak tug nepi ka jaman mutahir, taun 2007. Sataun ti harita, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Sunda) FPBS Universitas Pendidikan Indonésia (UPI) Bandung, nerbitkeun antologi prosa jeung puisi Lir Cahya Nyorot Eunteung, anu ngamuat husus karya-karya alumni jurusan Sunda ti éta paguron luhur. Dumasar dokumentasi eta, ieu di handap kapidangkeun ngaran-ngaran pangarang sajak Sunda ti awal gelarna tug dugi ka kiwari.

Dokumentasi dina antologi Kandjut Kundang[édit | édit sumber]

(Taun 1950-an n.k. 1960-an)[10]

Dokumentasi dina antologi Saratus Sajak Sunda[édit | édit sumber]

(Taun 1950-an n.k.1990-an)[11]

Dokumentasi dina antologi Sajak Sunda Indonesia Emas[édit | édit sumber]

(Taun 1950 n.k 1995 - Meh sarua jeung dina Saratus Sajak Sunda, tapi aya tambahna)[12]

  1. Teddy An Muhtadin
  2. Chye Retty Isnendes
  3. Darpan Ariawinangun
  4. Enas Mabarti
  5. Ano Karsana
  6. Risnawati
  7. Hidayat Suryalaga

Dokumentasi dina Sajak Sunda[édit | édit sumber]

(Taun 1950-an n.k. 2000-an, disusun alfabetis)

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. LBSS. 2007. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten, kc. 114
  2. Mustappa, A. 2013. Wirahma Sajak. Bandung:Pustaka Jaya, kc. 14
  3. Saratus Sajak Sunda, Pangbagéa 46 Taun Sajak Sunda. Geger Sunten-Bandung 16-12-92.
  4. a b Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan Sastra:Pangajaran Sastra Sunda Pikeun Murid SMTP. Bandung:Djatnika
  5. a b c Rusyana, Yus.Panyungsi Sastra: Pangajaran Sastra Sunda Pikeun Murid Sakola Lanjutan. Gunung Larang.Bandung 1982.kaca57-58
  6. a b Koswara, Dedi.Sastra Sunda Modern.JPBD FPBS UPI. Bandung 2010.kaca 96
  7. a b c d e f Rosidi, Ajip. Sajak Sunda.Kiblat Buku Utama. Bandung 2007.kaca 7
  8. Kiwari, Bandung, 1963
  9. Mustappa, Abdullah. Wirahma Sajak. Medal Agung. Bandung 1985.kaca 5
  10. Rosidi, Ajip & Rusman Sutiasumarga. Kandjut Kundang.Balai Pustaka.Jakarta.1963.kaca13-15
  11. Mustappa,Abdullah.Saratus Sajak Sunda.Geger Sunten.Bandung 1992.kaca 9-11
  12. Mustappa,Abdullah.Sajak Sunda Indonesia Emas.Geger Sunten.Bandung 1995.kaca 12-14

Tingali[édit | édit sumber]