Risnawati

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Risnawati nyaéta salah sahiji sastrawati Sunda. Lahir di Jampangkulon, pakidulan Sukabumi, 10 Mei 1971.[1] Ti leuleutik resep maca lantaran disadiakeun buku-buku bacaan (basa Sunda) ku kolotna.[1] Karesepna beuki kaanteur basa asup ka SPG Pasundan di Sukabumi.[1] Tamat ti SPG (1989) nuluykeun kuliah ka Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Sunda IKIP (ayeuna UPI) Bandung, lulus 1993.[1] Lulus ti IKIP, Risna gawé jadi wartawan di Manglé.[1] Taun 1998 diangkat jadi guru jeung ditugaskeun di SMP 4 Subang bari masih kénéh jadi wartawan Manglé.[1] Ngadegkeun Yayasan Déwi Pramanik di Subang nu taun 2003 medalkeun buku pangajaran Basa Sunda pikeun SMP Lalayang Sunda.[1] Éta buku dipaké di wewengkon Kabupatén Subang.[1]

Mimiti nulis dina wangun sajak (sajak munggaran dimuat di Galura taun 1990).[1] Taun 1994 kungsi jadi juara katilu pasanggiri ngarang sajak nu diayakeun ku Paguyuban Pasundan.[1] Sajak-sajakna dimuat dina antologi sajak Néangan Bulan, Sajak Sunda, jeung Lir Cahya Nyorot Eunteung.[1] Risna remen ogé nulis éséi.[1] Dua kali éséina kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS (1996, 1999).[1] Dina wangun lianna, opat carponna kungsi jadi Carpon Pinilih Manglé.[1] Taun 2007 carponna "Caah" kapilih jadi salah sahiji tina 15 carpon panghadéna ku Disbudpar Jawa Barat nu tuluy dibukukeun dina antologi Kembang Kadengda.[1]
Waktu kuliah resep kana kagiatan nu aya patalina jeung kaparigelan nyarita.[1] Kungsi dua kali jadi pinunjul kahiji Biantara Basa Sunda sa-Jabar-DKI nu diayakeun ku Jurusan Basa jeung Sastra Sunda IKIP Bandung.[1] Ti harita remen nga-MC dina acara-acara kasundaan.[1] Taun 2007 kungsi miluan Pasanggiri Ngadongéng Basa Sunda tingkat provinsi dina Raraga Miéling Poé Basa Indung Sadunya nu diayakeun ku Disbudpar Jawa Barat, kabiruyungan jadi pinunjul kadua.[1] Sataun sabadana jadi pinunjul katilu dina Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra Maké Komputer di Unpad Bandung.[1]
Karya-karyana mindeng dimuat dina Manglé, Sunda Midang, Cupumanik, Galura, jeung Tribun Jabar.[1] Carpon-carponna dibukukeun dina Haté Awéwé (2011) kalawan pamedal Kiblat.[1]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v Risnawati.2011.Haté Awéwé.Bandung:Kiblat
Old book bindings.jpg
Daptar Sastrawan Sunda
Aam AmiliaAan Merdéka PermanaAbdullah MustappaAcép Zamzam NoorAchdiat Karta MihardjaAdang SAjip RosidiAhmad BakriAkub SumarnaApip MustapaApung Supena WiratmajaArthur S. NalanAyatrohaédiBéni SetiaBudi Rahayu TamsyahCécép BurdansyahDadan SutisnaDarpanDédén Abdul AzizDédy WindyagiriDodong DjiwapradjaDuduh DurahmanDyah PadminiEddy D. IskandarElin SyamsuriÉtti R.S.Godi SuwarnaHadi AKSHasan Wahyu AtmakusumahHawé SetiawanHérmawan AksanHidayat SuryalagaHolisoh M.EIskandarwassidJeihanJuniarso RidwanKarna YudibrataKarno KartadibrataKi UmbaraKis WSM.A. SalmunMéméd SastrahadiprawiraMoch. AmbriNanéng DaningsihNingrum DjulaéhaNano. SNazarudin AzharPopon SaadahRahmat M.A.SRahmatullah Ading Affandie (RAF)Ramadhan K.HRustandi KartakusumaSaéful BadarSaini K.M.Sajudin NatadisastraSamsoediS.M. ArdanSoni Farid MaulanaSunarya P.K.Syarif AminTatang SumarsonoTaufik FaturohmanTéddi MuhtadinTini KartiniUsép RomliUs TiarsaWahyu WibisanaYayat HéndayanaYooke TjuparmahYoséph IskandarYuhanaYus RusamsiYus Rusyana