Lompat ke isi

Tarompét

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tarompét jaman baheula koléksi ti Tropenmuseum
Tarompét koléksi ti ISBI Bandung
Sora ti tarompét laras degung
Sora ti tarompét laras madenda
Sora ti tarompét laras saléndro

Tarompét nyaéta waditra tradisional anu kakoncara di Tatar jeung budaya Sunda[1]. Tarompét mangrupa waditra jenis tiup anu dijieun tina bahan kai anu boga tujuh liang sora. Waditra tarompét biasana dipaké pikeun pamirig tari, pencak silat, réog, bénjang, adu domba, sisingaan, kuda rénggong, kariaan, jsté[1][2]. Tarompét asal kecapna tina tara jeung empét[1][2]. Kecap tara tina tarompét asalna tina kecap tala anu hartina jantung[2]. Empét nyaéta sora anu kaluar tina potongan lambar daun kalapa atawa daun kawung anu disorakeun ku cara ditiup[2]. Tarompét moal nyoraan lamun henteu maké empét[2]. Jadi tarompét nyaéta empét anu jadi jantung sora[2].

Bahan jeung Rancang Wangun

[édit | édit sumber]

Waditra tarompét dijieun tina bahan kai, dijieunna ku cara dibubut. Ilaharna, bentuk tarompét ngawengku tilu bagian, nyaéta:

  1. Bulan sapasi, nyaéta bagian luhur tarompét, dijieun tina batok kalapa (entik kalapa), dibentuk siga bulan sapasi, fungsina pikeun nahan pipi anu maén tarompét;
  2. Empét, nyaéta sumber sora tarompét anu dijieun tina daun kalapa atawa kawung;
  3. Batang tarompét anu dipasing-pasing jadi sababaraha bagian, di antarana tengék ayana di handapeun bulan sapasi, liang sora ayana di handapeun tengék, jeung ugel-ugel ayana di handapeun liang sora;
  4. Kecubung, bagian panghandapna tina tarompét, pungsina pikeun kaluarna sora[2].

Téhnik Maén Tarompét

[édit | édit sumber]

Ilaharna mah tarompét disorakeun ku cara ditiup, tapi kudu dilamus[2]. Ngalamus nyaéta téhnik niup ku cara ngembangkeun pipi. Tiupan kalayan tekanan anu tarik digunakeun pikeun nada luhur[2]. Tiupan kalayan tekanan sedeng dipaké pikeun nada sedeng, jeung tiupan halon dipaké pikeun nada handap[2]. Nutup liang sora dina tarompét nyaéta ku cara ngagunakeun tujuh ramo[2]. Tilu ramo tina leungeun kénca (curuk, jajangkung, jariji) disimpen di luhureun ramo ti leungeun katuhu (curuk, jajangkung, jariji, cingir)[2].

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c Disparbud Jabar Archived 2016-05-31 di Wayback Machine (Diaksés tanggal 15 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l Kubarsah. R, Ubun.1994.Waditra : mengenal alat-alat kesenian daerah Jawa Barat.Bandung:Beringin Sakti

Tutumbu kaluar

[édit | édit sumber]