Toléat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Toleat Subang

Toléat nyaéta jenis waditra anu ditiup (Aerophon single reed), mangrupa salah sahiji waditra tradisional anu digali ti talari masarakat Pamanukan, Kabupatén Subang.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Toléat asalna ti kaulinan empét-empétan anu dipaénkeun ku barudak ngangon di daérah Pantura jeung basisir kalér Jawa Barat pikeun kalangenan.[2] Kaulinan ieu dijieun tina jarami anu ditiup, ku kituna ngahasilkeun sora "mpét… mpét…."[2] Empét-empétan saterusna dijieun tina catang daun gedang.[2] Nepi ka ayeuna, waditra ieu teu acan miboga nada dasar.[2] Saterusna, ieu waditra dijieun ngarupa siga suling.[2] Nu ahirna, waditra ieu dijieun tina awi tamiang ku Mang Parman, ku lantaran bahanana dianggap leuwih alus sarta sorana anu dikaluarkeun leuwih tarik batan jenis awi séjénna.[2] Anéhna deui awi tamiang ieu ngan aya di leuweung-leuweung di Kabupatén Sumedang, jeung sawatara wewengkon di Subang kidul (sok katelah daérah tonggoh, kayaning Tanjungsiang, Sagalahérang, jsté) sarta jarang kapanggih di pilemburan séjén.[2]

Wangun[édit | édit sumber]

Sacara fisik toléat dijieun tina awi tamiang lantaran mibanda buku anu panjang, bisa nepi ka 2 méter.[2] Salian ti éta, awi ieu ogé kawilang ipis, kandelna gé moal jauh ti 2 miliméter.[2] Pikeun ngahasilkeun sora nu alus, sok dipaké ogé papagan tangkal berenuk salaku nu ngageterkeun hawa dina tungtung toléat anu ditiup, Awi berenuk ieu aya di loba di daérah Jawa Barat.[2] Awi ieu dipilih ku lantaran gampang diserut sarta lembut ku kituna gampang ditata deui pikeun ngahasilkeun sora anu maksimal. Ku Mang Oboy (Asép Nurbudi), wangun toléat diréka-réka deui, di antarana aya anu wangunna méh siga séksofon, jeung sajabana.[2]

Taun 1980-an, sanggeus dipikaweruh jeung digali ku pamaréntah, toléat ngembang sarta dijadikeun salah sahiji waditra tradisional has Subang.[2] Nalika taun 2000, toléat mimiti diwanohkeun ka umum, boh sacara lokal boh sacara regional.[2] Sanajan wentukna jiga suling, tapi sora anu dihasilkeunna mah béda.[2] Sora tarik jeung heuras anu dihasilkeun ku toléat ngagambarkeun karakteristik masarakat asal waditra ieu anu memang dipikawanoh heuras.[2] Toléat mibanda interval nada pentatonis nyaéta laras saléndro jeung laras anu séjénna ogé bisa.[2]

Salian ti karakteristik sora, hal anu ngabédakeun antara toléat jeung suling nyaéta jumlah liang anu ngahasilkeun sora na.[2] Toléat mibanda dalapan liang, nyaéta hiji liang di bagéan tukang sarta tujuh liang séjénna di bagian hareup, sedengkeun suling laras saléndro mibanda lima liang sarta suling laras pelog anu mibanda tujuh liang.[2] Toléat kaasup waditra anu nepi ka ayeuna tacan aya waditra séjén anu ngarojongna, tapi Pa Asep ayeuna baris nyieun waditra séjén husus diadumaniskeun jeung toléat di antarana buyung, kolotok, jeung celempung

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Seni Tiup (Diakses tanggal 13 November 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Toléat (Diakses tanggal 13 November 2011)


Nulis.jpg