Wangun pamaréntahan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gambar:Form of government.svg
Peta babagian wangun pamarentahan di dunya

Wangun pamaréntahan nyaéta hiji istilah nu nujul kana rangkéyan institusi pulitik nu dipaké keur ngorganisasikeun hiji nagara pikeun nanjeurkeun kakawasaannana ka hiji komunitas pulitik [1]. Definisi ieu tetep kapake sanajan keur pamaréntahan teu sah atawa teu hasil nanjeurkeun kakawasaannana. Henteu gumantung kana kualitasna, pamaréntahan nu gagal ogé tetep mangrupa hiji wangun pamaréntahan.

Sababaraha wangun pamaréntahan nu kungsi aya di antarana::

  1. Aristokrasi, asalna tina Basa Yunani kuno aristo nu hartina "panghadena", sarta kratia nu hrtina "keur mingpin". Ku kituna, aristokrasi bisa dialihbasakeun jadi sistim pamaréntahan nu dipingpin ku jalma nu panghadena.
  2. Démokrasi, nyaéta wngun sistim pemerintahan hiji nagara minangka usaha keur nanjeurkeun kadaulatan rahayat (kekawasaan warga nagara) ka nagarana pikeun dijalankeun ku pamrentah nagara.
  3. Demokrasi totalitér, istilah nu diwanohkeun ku sajarahwan Israel, J.L. Talmon keur ngarujuk kana sistim pamaréntahan nu mana wakil rahayatna nu dipilih ku rahayat henteu loba, atawa henteu sama sakali bisa ilubiung dina nangtukeun kaputusan pamaréntah. Istilah ieu kungsi dipaké ku Bertrand de Jouvenel jeung E.H. Carr.
  4. Diktator, nyaéta wangun pamaréntahan otokratis nu dipingpin ku saurang diktator.
  5. Émirat (basa Arab: imarah, jamakna imarat) nyaéta wangun pamaréntahan di mana hiji wewengkon dipingpin ku saurang émir.
  6. Féderal, hiji wangun pamaréntahan di mana sababaraha nagara bagian sabilulungan sarta ngawangun hiji nagara kesatuan. Unggal nagara bagian boga hak otonomi husus, pamaréntah pusat ukur ngatur uruan nu dianggep uruan nasional atawa hubungan luar nagri. Conto federasi di antarana Australia, Brasil, Kanada, India, Rusia jeung Amerika Serikat.
  7. Méritokrasi, wangun pamaréntahan nu dipingpin ku jalma nu boga prestsi atawa mibana kamampuan.
  8. Monarkisme, mangrupa rojongan kana ngadegna, dipiarana, atawa dibalikkeunnanan sistim karajaan minangka wangun pamaréntahan.
  9. Nagara kota, nyaéta wangun kota nu mibanda wewengkon, rahayat jeung pmarentahan nu berdauat ssagemblengna. Nagara kota biasana wewengkonna leutik kawas kota nu ilahar. Contona Singapura, Monako jeung Vatikan.
  10. Oligarki (Basa Yunani: Ὀλιγαρχία, Oligarkhía, tina "saeutik" (ὀλίγον óligon) jeung "marentah" (ἄρχω arkho)) nyaéta wanngun pamaréntahan nu kakawasaannana dicekel ku kelompok elit leutik di masarakat, nu dibedakeun dumasar kabeungharan, kulawarga atawa militérna. Kata ini berasal dari kata bahasa Yunani untuk .
  11. Otokrasi, (Basa Yunani autokratôr (ngawasa sorangan atawa pangawasa tunggal) dikawasa ku saurang pangawasa tunggal.
  12. Plutokrasi, (Basa Yunani Ploutos nu hartina "kabeungharan" sarta Kratos nu hartina "kakawasaan"), dikasawa ku nu jaregud.
  13. Républik (Basa Latin res publica hartina "urusan awam"), nagara dikawasa, dipimilik tur diaping ku rahayat.
  14. Sistim parleméntér, sistim pamaréntahan di mana parlemén boga pokal penting dina pamrentahan, ngangkat perdana mentri sarta nurunkeun pamaréntahan, ku jalan ngaluarkeun mosi teu percaya.
  15. Sistim présidénsiil (présidénsial), atawa disebut ogé sistim kongrésional, mangrupa sistim pamaréntahan nagara republik di mana kakawasaan eksekutif dipilih ngaliwatan pamilu sarta pisah tina kakawasaan legislatif.
  16. Sémiprésidénsiil nyaéta gabungan sistim pamaréntahan présidénsiil jeung parlementer. Kadang-kadang sistim ieu disebut ogé Dualisme Éksekutif. présidén dipilih ku rahayat sahingga miboga kawasa nu kuat. présidén ngalaksanakeun kakawasaan babarengan jeung perdana mentri. Sistm ieu dipaké ku Républik Kalima Perancis.
  17. Totalitarian, lawanna sistim demokrasi, nagara ngawasa sagala aspek , ekonomi jeung pulitik masarakat, sarta nangtukeun ajen hade jeung goreng dina paripolah, kapercayaan jeung paham di masarakat. Euweuh pangbeda antara hak jeung kawajiban nagara jeung masarakat. Contona urut pamaréntah Uni Soviét dina mangsa Stalin, Jérman dina mangsa Nazi sarta Républik Rahayat Tiongkok nalika mangsa Mao.
  18. Khalifah (Basa Arab خليفة Khalīfah), gentosna Nabi Muhammad SAW sanggeus anjeunna pupus. Khalifah dialihbasakeun"gaganti" atawa "wawakil".

Khalifah sering disebut ogé Amīr al-Mu’minīn (أمير المؤمنين) atawa "pamingpin jalma nu ariman, atawa "panmingpin umat Islam" kadang disingkat "emir" atawa "amir". Sanggeus Khulafaur Rasyidin (Abu Bakar, Umar bin Khattab, Utsman bin Affan, jeung Ali bin Abi Thalib), kakhalifahan dicekel ku Bani Umayyah, Bani Abbasiyah, jeung Bani Usmaniyah, sarta sababaraha khalifah leutik. Jabatan jeung pamareintahan Khalifah runtag jeung dibubarkeun ku diadegkeunnana Républik Turki tanggal 3 Maret 1924.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Kopstein and Lichbach, 2005

Tumbu luar[édit | édit sumber]