Asar

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Kosakecap Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatZakat
Saum
Munggah haji ka Mekah
Kota Suci
MekahMadinah
YerusalemKarbalaKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaAsyuraMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Kakawasaan fungsional
MuadzinImamMulloh
AyatullohMufti
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Golongan
Sunni (Pamikiran:
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i)
Syi'ah: Itsna Asy'ariah, Ismailiyah,
Zaidiyah
Séjénna: Mu'tazilahKhawarizmi
Pergerakan
Sufi
WahabiSalafi

Solat Asar (Basa Arab: عصر‎) nya éta solat beurang nu diadegkeun ku Muslim. Solat ieu mangrupakeun solat katilu tina sola lima waktu. Solat lima waktu sacara lengkep mangrupakeun salasahiji tina lima Rukun Islam dina Islam Sunni, atawa salasahiji tina (sapuluh) Furuu'-ad-diin dina Islam Si'ah. Solat Asar jumlahna opat roka'at sarta bacaannana dilapalkeun kalayan sora nu anca (saperti solat sorangan1). Nalika indit-inditan, numutkeun sababaraha madhab, solat ieu bisa diqoshor jadi dua rokaat, atawa dijama' jeung Lohor, boh dilakukeun dina wanci Lohor (jama'taqdim) atawa dina wanci Asar (jama' ta'khir).

Solat Asar disebutkeun dina Al Qur'an Q.S 2:238, sarta mangrupakeun salasahiji ngaran surat pondok dina Al Qur'an (surat Al Ashr). Hal ieu nempatkeun solat Asar jadi solat nu utama.

Islam Si'ah[édit | sunting sumber]

Wanci Asar nyaéta:

  • Mimiti: liwat Lohor.
  • Lekasan: surupna sarangéngé.


Islam Sunni[édit | sunting sumber]

Wanci Asar numutkeun Sunni nyaéta:

  • Mimiti: Madhab-madhab Sunni béda-béda dina nangtukeun wanci. Madhab Maliki, Syafi'i, jeung Hanbali nerangkeun yén wanci Asar dimimitian nalika panjang hiji barang sarua jeung panjang kalangkangna ditambah panjang kalangkang barang nalika tengah poé. Sedengkeun pamanggih madhab Hanafi nyaéta, Asar dimimitian nalika panjang kalangkang hiji barang dua kalina panjang barang éta ditambah panjang kalangkang nalika tengah poé.2
  • Lekasan: Nalika sarangéngé surup ka handapeun cakrawala. Kacida goréngna (sarta dosana dina madhab Maliki) lamun heug nunda-nunda solat tanpa sabab musabab nu bener nepikeun ka katingalina sarangéngé robah warna jadi beureum atawa oranyem sanajan wanci éta kaasup kénéh wanci Asar.

Ku kituna, kacida pentingna pikeun ngadegkeun solat nalika munggaran wanci solat asup.

Catetan[édit | sunting sumber]

  • 1 Pikeun nu solat nyorangan, sora bacaannana anca, kajaba takbir nu nandaan tiap tahap dina solat.
  • 2 Lamun panjang hiji obyék 'x' cm sarta panjang kalangkang 'y' cm, mangka kalolobaan pamanggih nangtukeun yén wanci Asar nalika panjang kalangkang 'x+y' cm. Sabagéan leutik golongan ngamimitian Asar nalika panjang kalangkang '2x+y'cm.

Tempo Ogé[édit | sunting sumber]

  • Solat
  • Subuh (solat fajar)
  • Lohor (solat tengah poé)
  • Asar (solat lingsir panonpoé)
  • Magrib (solat surup panopoé)
  • Isa (solat peuting)