Cucunguk

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cucunguk
(Blaberus giganteus) nu panjangna 9 cm.
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Subkelas:
Infrakelas:
Ordo:
Blattodea
Famili

Blaberidae
Blattellidae
Blattidae
Cryptocercidae
Polyphagidae
Nocticolidae

Cucunguk (kadang kacalétot jadi cungunguk) (Basa Indonésia:Kecoa) mangrupa serangga ti ordo Blattodéa (Yun. blatta hartina "cucunguk"), kabagi kana kira 3.500 spésiés cucunguk dina 6 famili. Cucunguk mah aya di mana-mana, iwal di wewengkon kutub jeung pagunungan luhureun 2.000 m (lbl).

Nu ilahar kapanggih, di antarana cucunguk Amérika (Periplaneta americana) nu panjangna 3 cm, cucunguk Jérman (Blattella germanica) nu panjangna 1,5 cm, jeung cucunguk tropis nu kadang leuwih badag. Mun aya di sabudeureun wangunan (komo di jero mah), cucunguk téh dianggap hama.

Sajarah évolusionér jeung pancakaki[édit | édit sumber]

Cucunguk

Fosil mirip cucunguk kapanggih ti periode Carboniferous 354–295 juta taun ka tukang. Tapi, ieu fosil mah sigana leuwih deukeut ka rinyuh jeung congcorang. Aya ogé nu nyangka yén justru rinyuh téh turunan cucunguk. Fosil cucunguk 'modéren' aya dina jaman Cretaceous awal. Ku sababaraha éntomolog mah, Mantodea jeung Blattodéa téh dihijikeun dina ordo Dictyoptera.

Biologi[édit | édit sumber]

Sacara umum mah cucunguk téh kaasup omnivora, iwal spésiés Cryptocercus ti Cina jeung Amérika Serikat nu beuki kai. Najan awakna teu bisa nyerna selulosa, cucunguk ieu mah boga hubungan simbiotik jeung protozoa nu nyerna selulosa, sahingga si cucungukna bisa ngala gizina. Cara kieu téh ciples jeung rinyuh, sahingga panalungtikan mutahir mah ngarojong ka ngiserkeun Cryptocercus leuwih deukeut ka rinyuh. Lolobana mah cucunguk téh hirup di wewengkon nu iklimna tropis jeung subtropis. Sababaraha spésiés malah dalit pisan jeung kahirupan sapopoé manusa, sabab 'idek liher'na téh teu jauh ti dapur jeung tempat runtah.

Cucunguk bikang kadang mawa kapsul endog dina tungtung abdoménna. Cucunguk Jérman bikangna mawa kapsul nu ngandung 40-an endog. Kapsul téh bakal dilésotkeun mun geus deukeut ka megar. Kamekaran ti endog nepi ka sawawa méakkeun waktu 3–4 bulan, sedengkeun jangka hirupna bisa nepi ka sataun. Bikangna bisa bisa ngahasilkeun dalapan kapsul endog sapanjang hirupna (300-400 turunan dina kaayaan hadé!).Cucunguk biasa mah leuwih deui. Dina kapsulna bisa ngandung saratusan endog, sahingga saumur hirupna bisa ngahasilkeun sajuta turunan.

Cucunguk pangbadagna nyaéta cucunguk raksasa nu sok ngaliang ti Australia, nu panjangna bisa nepi ka 9 cm sarta beurat 30 gr. Nu rada mapakan téh Blaberus giganteus. Sababaraha waktu ka tukang, kabéjakeun ayana cucunguk raksasa ti wewengkon Kalimantan nu hirup di guha, ukuranana nepi ka 10 cm, tapi gerakna laun [1] Archived 2007-09-28 di Wayback Machine.

Cucunguk mah lolobana liar peuting (nokturnal), sarta sok ngajauhan cahya. Watek ieu teu lumaku pikeun cucunguk Oriéntal nu sok kairut ku cahya, sahingga jadi hama nu leuwih ngaganggu batan cucunguk biasa.

Cucunguk mangrupa salah sahiji serangga pangkuatanana, sabab bisa hirup sabulan tanpa dahar, sarta hirup tanpa hulu saminggu lilana. Cucunguk ogé bisa nahan napas salila 45 menit, ngalaunan pacu jantungna, sarta tahan radiasi [2].

Sababaraha spésiés[édit | édit sumber]

Cucunguk biasa (Blatta orientalis): a. bikang; b. jalu; c. bikang ti gigir; d. anakna.

Cucunguk Madagaskar[édit | édit sumber]

Cucunguk Madagaskar (Gromphadorhina portentosa) nu sok disada téh serangga teu jangjangan ti leuweung Madagaskar. Gawéna nyumput dina sela-sela kulit kai tatangkalan atawa dina tumpukan dangdaunan, ngahakanan sésa tutuwuhan kayaning daun jeung bungbuahan nu ragrag. Cucunguk ieu kaasup organisme ovovivipar, sarta kaasup cucunguk pangbadagna (bisa nepi ka 8 cm).

Prédator nu ngamangsa ieu cucunguk bakal kareuwaskeun ku dua hal: serangga ieu sadana tarik sarta sukuna cucukan. Sora ieu kaluar kawas piriwit nu ngaluarkeun angin tina spirakelna.

Najan hirup di leuweung, cucunguk ieu sok kairut ku cahya ti paimahan, nepi ka nyelendep ka jero. Najan kitu, sato ieu tara ganggu. Malah bakal ingkah mun kaganggu. Sato ieu sok dipaké dina rupa-rupa acara hiburan, sabab, najan pikeun sabagian jalma mah tetep pikageuleuheun, cucunguk ieu teu jangjangan, gerakna laun, sarta teu bau. Cucunguk ieu ogé kungsi dipaké dina ujicoba robot [3].

Paripolah[édit | édit sumber]

Panalungtikan mutahir di Universitas Florida nunjukkeun yén cucunguk ninggalkeun tapak kimiawi dina taina. Cucunguk lianna bakal nuturkeun tapak ieu ka tempat panyumputan cucunguk lianna, ka tempat nu aya hakaneun atawa cai. Hasil ieu panalungtikan bisa dipaké pikeun ngontrol hama cucunguk, misalna, ku cara méré tapak palsu ka tempat séjén sahingga cucungukna parindah ninggalkeun urang.

Habitat[édit | édit sumber]

Cucunguk bisa nyaluyukeun manéh jeung rupa-rupa lingkungan, tapi karesepna mah di nu haneut modél di jero wangunan.

Kontrol hama[édit | édit sumber]

Sangkan aman mah, taya jalan iwal nyimpen sakabéh katuangan dina wadah anu ditutup rapet, wadah runtah kudu ditutupan kalawan rapet, sarta mindeng méré sihan dapur jeung rohangan lianna. Saluran-saluran cai nu bocor (sahingga cai ngeuyeumbeu) kudu geuwat dioméan, sarta liang-liang asup ka imah kudu nutup rapet, ulah aya lolongkrang. Mun cucungukna geus asup, bisa ogé maké bahan kimia, misalna asam borat, atawa kapur anu dihususkeun ngusir (maéhan serangga).

Sajarah[édit | édit sumber]

Sababaraha tulisan heubeul nyebutkeun yén sabangsaning cucunguk téh dipaké salaku ubar. Pedanius Dioscorides (abad ka-1), Kamaluddin Addamiri jeung Abu Hanifah Addainuri (abad ka-9) nawarkeun ramuan ubar tina cucunguk hasil ngagiling atawa hasil ngagodog pikeun ngubaran kasakit ceuli, tatu, jeung kalainan/cacad kandungan.

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Cockroach, Wikipédia édisi basa Inggris (16 Maret 2006)
  • Christopher O'Toole (éd.). 2002. Firefly Encyclopedia of Insects and Spiders. ISBN 1-55297-612-2
  • Bernhard Klausnitzer. 1987. Insects: Their Biology and Cultural History. ISBN 0-87663-666-0