Formaldehida

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Formaldehida
Formaldehida
Umum
Ngaran sistimatis métanal
Ngaran séjén formalin, formol,
métil aldehida,
métilén oksida
Rumus molekul CH2O
SMILES C=O
Massa molar 30.03 g/mol
Katémbong gas teu warnaan
Nomer CAS [50-00-0]
Pasipatan
Dénsitas jeung fase 1 g/m3, gas
Kaleyuran dina Cai > 100 g/100 ml (20 °C)
dina étanol, aseton,
DMSO
> 100 g/100 ml
dina éter, bénzéna,
pangleyur organik
leyur
dina kloroform teu leyur
Titik lééh -117 °C (156 K)
Titik golak -19.3 °C (253.9 K)
Struktur
Bentuk molekul trigonal planar
Momen dipol  ? D
Bahya
MSDS MSDS éksternal
Bahya utama toksik, gampang kaduruk
NFPA 704 Nfpa h3.pngNfpa f4.pngNfpa r0.png
Flash point -53 °C
Émbaran R/S R: 23/24/25, 34, 40, 43
S: 1/2, 26, 36/37,
39, 45, 51
Nomer RTECS LP8925000
Kaca data suplemén
Struktur jeung
pasipatan
n, εr, jsb.
Data
térmodinamis
Paripolah fase
Padet, cair, gas
Data Spéktral UV, IR, NMR, MS
Sanyawaan nu patali
Aldehida nu patali asetaldehida
bénzaldehida
Sanyawaan nu patali keton
asam karboksilat
Iwal mun disebutkeun, data nu dipidangkeun téh
aya dina kaayaan kaayaan baku (25°C, 100 kPa)
Infoboks bantahan jeung rujukan

Sanyawa kimia formaldehida (ogé katelah métanal), mangrupakeun aldehida pangbasajanna, wujudna gas, nu rumus kimiana H2CO. Formaldehida munggaran disintésis ku kimiawan Rusia Aleksandr Butlerov taun 1859, tapi diidéntifikasina mah ku Hoffman taun 1867.

Formaldehida bisa dihasilkeun tina ngabakar bahan nu ngandung karbon. Dikandung dina haseup ti kahuruan leuweung, knalpot mobil, jeung haseup bako. Dina atmosfir, formaldehida dihasilkeun tina peta cahya panonpoé jeung oksigén kana métana jeung hidrokarbon séjén nu aya di atmosfir. Formaldehida dina kadar leutik pisan ogé dihasilkeun salaku métabolit kalolobaan organisme, kaasup manusa.

Pasipatan[édit | sunting sumber]

Najan dina hawa rohang mah formaldehida téh dina ujud gas, tapi bisa leyur dina cai (biasana dijual dina kadar leyuran 37% maké mérk dagang formalin atawa formol). Dina cai, formaldehida ngalaman polimérisasi, saeutik pisan nu dina ujud monomér H2CO. Umumna, leyuran ieu ngandung sababaraha persén métanol pikeun ngawates polimérisasina.

Formaldehida némbongkeun pasipatan kimiawi sakumaha ilaharna aldehida, iwal yén sanyawa ieu mah leuwih réaktif batan aldehida lianna. Formaldehida mangrupakeun éléktrofil, bisa dipaké dina réaksi substitusi aromatik éléktrofilik jeung sanyawa aromatik sarta bisa ngalaman réaksi adisi éléktrofilik jeung alkéna. Ku ayana katalis basa, formaldehida bisa ngalaman réaksi Cannizaro ngahasilkeun asam format jeung métanol.

Formaldehida bisa ngabentuk trimér siklik, 1,3,5-trioksan atawa polimér liniér polioksimétilén. Formasi zat ieu ngajadikeun paripolah gas formaldehida béda ti hukum gas idéal, utamana dina tekenan luhur atawa hawa tiis.

Formaldehida bisa dioksidasi ku oksigén atmosfir jadi asam format, ku kituna leyuran formaldehida kudu ditutupan sarta dibulen sangkan teu kaasupan udara.

Produksi[édit | sunting sumber]

Sacara industri, formaldehida dijieun tina oksidasi katalitik métanol. Katalis nu paling mindeng dipaké nyaéta logam pérak atawa campuran oksida beusi jeung molybdenum sarta vanadium. Dina sistim oksida beusi nu leuwih mindeng dipaké (prosés Formox), réaksi métanol jeung oksigén bisa lumangsung dina 250°C pikeun ngahasilkeun formaldehida, dumasar kana kasaruaan kimia

2 CH3OH + O2 → 2 H2CO + 2 H2O

Katalis nu maké pérak biasana dijalankeun dina hawa nu leuwih panas, kira 650 °C. Dina kaayaan kieu, bakal aya sakaligus dua réaksi kimia nu ngahasilkeun formaldehida: hiji sakumaha nu di luhur, sedengkeun nu hiji deui mah réaksi dehidrogénasi

CH3OH → H2CO + H2

Mun formaldehida ieu dioksidasi deui, bakal ngahasilkeun asam format nu sok aya dina leyuran formaldehida dina kadar ppm.

Dina skala nu leuwih leutik, formalin bisa ogé dihasilkeun tina konversi étanol, ngan sacara komersil mah teu nguntungkeun.

Mangpaat[édit | sunting sumber]

Formaldehida bisa maéhan kalolobaan baktéri, sahingga leyuran formaldehida dina cai sok dipaké salaku disinféktan atawa pikeun ngawétkeun spésimén biologis. Formaldehida ogé dipaké salaku pangawét dina vaksinasi. Dina widang médis, leyuran formaldehida dipaké pikeun ngagaringkeun kulit, misalna nalika natambaan kutil. Leyuran tina formaldehida sko dipaké dina ngabalsem pikeun maéhan baktéri sarta pikeun samentara ngawétkeun bangké.

Dina industri, formaldehida lolobana dipaké dina produksi polimér jeung rupa-rupa bahan kimia. Mun digabungkeun jeung fénol, uréa, atawa melamin, formaldehida ngahasilkeun résin térmosét nu teuas. Résin ieu ilahar dipaké pikeun elém/pangrapet permanén, misalna nu dipaké pikeun kilapis/tripléks atawa karpét. Ogé dina bentuk busa-na salaku insulasi. Produksi résin formaldehida méakkeun leuwih ti satengahna ti produksi formaldehida.

Pikeun sintésis bahan-bahan kimia, formaldehida misalna dipaké pikeun produksi alkohol polifungsional samodél péntaéritritol, nu dipaké pikeun nyieun cét bahan peledak. Turunan formaldehida lianna nyaéta métilén difénil diisosianat, komponén penting dina cét jeung busa poliurétan, sarta héksamétilén tétramina, nu dipaké dina résin fénol-formaldehida pikeun nyieun RDX (bahan peledak).

Pangaruh kana awak[édit | sunting sumber]

Kusabab résin formaldehida dipaké dina bahan konstruksi samodél kai lapis/tripléks, karpét, jeung busa semprot jang isolasi, sarta kusabab résin ieu ngaleupaskeun formaldehidana lalaunan, formaldehida téh mangrupakeun salahsahiji polutan indor nu ilahar. Mun kadarna di udara leuwih ti 0.1 mg/kg, formaldehida nu kaseuseup bisa ngairitasi panon jeung mémbran mukosa, nu balukarna kaluar cipanon, lieur, tikoro asa kaduruk, sarta eungap.

Mun mindeng teuing kapapar formaldehida, misalna kainum, bisa matak maot. Dina jero awak, formaldehida dikonversi jadi asam format nu ngaronjatkeun kaasaman getih, engapan jadi pondok tur kerep, hipotermia, jeung koma, atawa nepi ka maotna.

Dina jero awak, formaldehida bisa ngabalukarkeun kabeungkeutna DNA ku protéin, sahingga ngaganggu éksprési genetik anu normal. Sato percobaan nu nyeuseup formaldehida terus-terusan katarajang kangker dina irung jeung tikorona, méh sarua jeung nu karandapan ku para pagawé pamotongan papan partikel. Tapi, aya studi nu nunjukkeun yén formaldehida dina kadar nu leuwih saeutik, sakumaha anu dilarapkeun dina wangunan, teu ngabalukarkeun pangaruh karsinogénik.

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Formaldehyde, Wikipédia édisi basa Inggris per 2 Januari 2006

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]