Évie Tamala
| Évie Tamala | |
|---|---|
| Gambar:Evie Tamala.jpg | |
| Profil | |
| Nami | Cucu Suryaningsih |
| Gumelar | 23 Juni 1969 |
| Aliran | Dangdut |
| Pacabakan | Aktris Penyanyi |
| Taun aktip | 1987—ayeuna |
| Lébel | Blackboard MSC Plus Music Plus Musica Studio's |
| Maén di | Cici Paramida, Ikke Nurjanah, Ine Sinthya, Iis Dahlia, Rita Sugiarto, Rhoma Irama, Camelia Malik, Iyéth Bustami |
Cucu Suryaningsih leuwih dipikawanohna mah Évie Tamala (gumelar di Cigalontang, Singaparna, Kabupatén Tasikmalaya, 23 Juni 1969; umur 56 taun) nyaéta saurang panyanyi dangdut Indonésia anu geus mimiti ngahaleuang ti keur kelas 2 SD. Évie téh anak bungsu ti genep sadudulur.[1][2]
Karir
[édit | édit sumber]Évie naratasan karirna ku ngagabung jeung grup Orkés Melayu (OM) Sinar Rumaja taun 1980.[2] Harita, Evie masih ngagunakeun ngaran panggung Uceu Arfina, disibukkeun ku kagiatan manggung dina acara-acara hajatan saperti raraméan jatukrami, sukuran khitanan, nepi ka raraméan poé Kamerdékaan RI.[2] Bareng jeung Sinar Rumaja Évie meunang kasempetan pikeun ngeusi acara di wewengkon Bandung, anu satuluyna matak pikaresepen saurang panyipta jeung produser lagu dangdut Muchtar B.[2] Muchtar langsung ngajak Évie pikeun rekaman. Hanjakal, album Évie téh hasilna pikucéwaeun, malah mah kasétna gé teu sumebar.[2]
Évie ngareuah-reuah deui dunya musik dangdut taun 1988, bareng jeung dipedalna album nu kadua ku lagu andalanna Tang Ting Tong Der karya Muchtar B.[2] Préstasi nu paling fenomenal anu dimeunangkeun ku Évie dina taun 2007 dina tarékah pangajén AMI Awards.[2] Évie suksés meunangkeun tropi pikeun kategori Lagu Terbaik Dangdut Konvénsional, Artis Solo Wanita Terbaik Dangdut Konvénsional, Artis Solo/Duo/Group Terbaik Album Dangdut Konvénsional, Produser Rekaman Terbaik Penunjang Produksi, Artis Terbaik Widang Umum, jeung Album Terbaik Widang Umum.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]| Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |