Alga

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Alga
Rentang fosil: Mesoproterozoic–saat ini[1]
Rupa-rupa alga anu hirup dina dasar laut nu deet.
Rupa-rupa alga anu hirup dina dasar laut nu deet.
Klasifikasi ilmiah
Domain: Eukaryota, Bacteria
Kelompok yang termasuk
Kelompok yang tidak termasuk
Ulva lactuca anu kaasup phylum Chlorophyta

Alga atawa sok disebut ogé algae atawa ogé ganggang nyaéta organisme anu biasa hirup di tempat anu baseuh. Disebut ogé protista siga tutuwuhan anu cara ngolah dahareuna maké énergi ti panonpoé. Bédana antara tutuwuhan biasa jeung alga nyaéta tutuwuhan mah boga bagéan-bagéan anu panceg kayaning akar, catang, daun jeung lain sajabana.[2] Ari alga mah leuwih kana struktur anu basajan, ngan mibanda hiji bagéan hungkul. Bisa sarupaning daun, lumut atawa jiga leueur. Istilah ganggang geus teu dipaké deui ku sabab loba béda harti sarta bakal pagedrug jeung Hydrilla.[2]

Ciri jeung Struktur[édit | édit sumber]

Alga mibanda ciri jeung struktur awak anu béda-béda, utamana dina ukuran awakna. Aya alga anu ukurana mikroskopis jeung aya ogé alga anu ukurana makrokospis. Alga bisa kapanggih di sababaraha tempat anu lembap, cai tawar jeung bisa kapanggih ogé di laut.[3] Habitat alga bisa dina batuan (epilitik), taneuh/leutak/pasir (epipalik), napel dina tutuwuhan (epifitik) jeung napel dina awak sato (epizoik).[4] Alga dibagi deui ku dua rupa nyaéta unisélular jeung multisélular. Alga uniselular biasana hirup sorangan (solitér) atawa hirup sacara koloni.[3]

Alga unisélular anu hirupna solitér nyaéta Chlamydomonas jeung Chlorella. Aya ogé alga anu hirupna koloni, antarana Volovox jeung Pandorina. Iwal ti éta, conto alga multisélular anu bentukna siga benang saperti Spirogyra jeung Zygnema; bentukna lambaran, contona Ulva, Fucus jeung Gellidium; sarta conto alga anu bentukna siga tatangkalan jangkung saperti Sargassum jeung Macrocystis.[3]

Alga mibanda sababaraha ciri nyaéta alga mibanda mémbran inti nepi ka bisa dikategorikeun ka eukariot. Ciri séjéna nyaéta alga mibanda kloroflas anu pungsina pikeun nyerep énérgi panonpoé pikeun prosés potosintésis. Iwal ti klorofil, alga ogé mibanda zat warna séjéna nyaéta zat warna konéng (karotén), zat warna biru (fikosianin), zat warna beureum (fikoeritrin) jeung zat warna coklat (fukosantin).[3]

Sistem Régenerasi jeung Réproduksi Alga[édit | édit sumber]

Alga regenerasi ngaliwatan dua cara nyaéta aséksual jeung séksual. Aséksual bisa ngaliwatan sababaraha cara, di antarana fragméntasi, meulah diri jeung nyieun spora kembara. Sacara fragméntasi dilakukeun ku alga anu bentukna lambaran sarta benang. Cara meulah diri dilakukeun ku alga unisélular, sarta anu pamungkas spora kembara dihasilkeun ku spora nu boga flagéla sarta bisa ngojay.[3]

Spora kembara (zoospora) dingaranan kitu sabab bisa ngojay jeung ngumbara. Conto alga anu régenerasi ngaliwatan cara zoospora nyaéta Chlamydomonas sp. Régenerasi generatif alga bisa dilakukeun ngaliwatan cara isogami, anisogami, oogami jeung konjugasi.[3]

Isogami[édit | édit sumber]

nyaéta leburna dua sél kelamin nu bentuk jeung ukurana sarua. Sabab bentuk jeung ukuran sélna sarua ku kituka teu bisa dibédakeun antara jalu jeung bikang.[3]

Anisogami[édit | édit sumber]

nyaéta leburna dua sél kelamin nu bentukna sarua tapi ukurana béda. Biasana sél kelamin jalu leuwih leutik ti batan sél kelamin bikang.[3]

Oogami[édit | édit sumber]

nyaéta leburna dua sél kelamin anu bentuk jeung ukurana béda. Dina prosés oogami bisa dibédakeun antara jalu (spérma) jeung sél kelamin bikang (ovum). Ovum ukurana leuwih badag ti batan spérma jeung teu boga flagéla.[3]

Konjugasi[édit | édit sumber]

nyaéta prosés régenerasi generatif anu kajadiana ditandaan ku leburna dua sél kelamin anu sarua ukuran jeung bentukna. Ku kituna, antara sél jalu jeung sél bikang can bisa dibédakeun. Sakapeung sok disebut yén cara konjugasi idéntik jeung isogami. Conto alga anu ngaliwatan cara konjugasi nyaéta Spirogyra.[3]

Kelompok Alga[édit | édit sumber]

Alga dikelompokeun dumasar kana pigmén dominan. Pigmén anu aya di alga nyaéta klorofil, karotén, fikoeritrin, fukosantin jeung fikosianin. Alga dikelompokeun jadi tujuh phylum, nyaéta Euglenophyta, Dinoflagelata, Chlorophyta, Chrysophyta, Bacillariophyta, Phaéophyta jeung Rhodophyta.[3]

Euglenophyta (Euglenoid)[édit | édit sumber]

Phylum Euglenophyta mibanda anggota 800 spésiés. salah sahiji anggota phylum Euglenophyta nyaéta Euglena viridis. Sababaraha spésiés mibanda kloroplas sarta bisa potosintésis saperti tutuwuhan umumna, sababaraha spésiés teu mibanda kloroplas jeung hirup sacara hétérotrop. Euglenophyta anu bisa potosintésis boga unsur klorofil a, b, karotén jeung sakapeung boga pigmén xantofil. Dahareun cadangan sésa potosintésis disimpen dina bentuk polisakarida nu biasa disebut paramilon.[3]

Euglenophyta umumna hirup di cai tawar, saperti kolam atawa sétu sarta mibanda flagél nu pungsina salaku alat gerak di cai. Bintik panon boga pungsi salaku tempat narima cahya jeung bisa ogé diprédiksi Euglena bisa gerak ka tempat anu boga inténsitas cahya leuwih luhur sangkan ngaronjatkeun prosés potosintésis. Euglena teu mibanda dinding sél, tapi mibanda pamungkus awak anu kuat jeung lentur dijieun tina protéin di luhur mémbran plasmana, disebut pelikel. Vakuola kontraktil boga pungsi salaku pompa anu ngaluarkeun cai anu leuwih ti jero awakna.[3]

Dinoflagellata[édit | édit sumber]

Gymnodinium sp. asup ka Phylum Dinoflagellata

Ti sababaraha spésiés Dinoflagellata anu geus kapanggih, umumna mangrupa organismeu unisélular, ngan aya sababaraha anu ngabentuk koloni. Phylum Dinoflagellata mibanda bentuk awak béda-béda anu dijieun di dinding internal sélulosa. Sistem gerak dua flagéla di awakna ngahasilkeun gerakan muter nepi ka organismeu ieu disebut Dinoflagellata anu dina basa Yunani dinos hartina muter.[3]

Dinoflagellata umumna hirup di laut. Sababaraha spésiés maké sistem hirup simbiosis mutualismeu ka sato Cnidaria. Dinoflagellata séjén teu mibanda kloroplas jeung hirup parasit ka sato laut. Nepi ka aya anu sipatna siga karnivor. Lobana populasi Dinoflagellata ngalantarankeun lobana gelombang mérah (réd tide). Populasi ieu warnana beureum rada coklat. Saupama kerang atawa remis ngadahar alga ieu, awakna bakal ngumpulkeun racun anu dihasilkeun ku Dinoflagellata. Sanajan racun ieu teu ngalantarankeun paéhna Mollusca, tapi racun ieu bahaya pikeun lauk, penyu jeung manusa nu ngonsumsi Mollusca éta.[3]

Dinoflagellata dibédakeun sabab mibanda struktur awak ti sélulosa jeung dua flagéla. Umumna boga warna konéng nepi ka coklat kaemasan. Sababaraha Dinoflagellata séjén, saperti Gymnodinium, mibanda pigmén beureum jeung sakapeung ngalantarankeun gelombang mérah anu nyebarkeun racun ka sababaraha sato.[3]

Chlorophyta (Alga Héjo)[édit | édit sumber]

Zygnema sp. diklasipikasikeun asup ka Chlorophyta

Phylum Chlorophyta mibanda anggota 7.000 spésiés. Chlorophyta disebut ogé alga héjo. Disebut alga héjo dilantarankeun pigmén dominan anu aya di jero awakna warnana héjo. Pigmén warna héjo éta nyaéta klorofil. Klorofil dina alga héjo kakumpul dina hiji organel sél nu disebut kloroplas. Anggota phylum Chlorophyta umumna boga rupa-rupa kloroplas. Kloroplas ieu aya nu bentukna mangkok contona Chlorella; bentukna spiral contona Spirogyra; jeung bentukna bintang contona Zygnema. Dihandap ieu baris didadarkeun conto spésiés phylum Chlorophyta.[3]

  • Chlorella, nyaéta alga héjo uniselular nu mibanda bentuk buleud siga bal. Kloroplasna bentukna siga mangkok. Habitat hirupna aya di cai tawar, laut sarta sababaraha tempat anu baseuh. Chlorella réproduksi sacara aséksual ngaliwatan meulah diri. Chlorella disawang bisa dijadikeun sumber pikeun kadaharan anyar.
  • Spirogyra, mibanda habitat di cai tawar. Spirogyra mibanda bentuk kloroplas siga pita anu ukurana badag. Ku kituna, spirogyra bisa dipikawanoh kalawan gampang. Réproduksina sacara aséksual, nyaéta ku cara fragméntasi tapi bisa ogé sacara séksual ngaliwatan cara konjugasi.
  • Ulva, sakapeung disebut salada laut sabab morfologina anu mirip salada. Ulva hirup di laut sarta sababaraha hirup di cai payau. Ulva bisa hirup di cai anu pinuh ku polusi bahan organik, misalna cai anu meunang polusi féses. Ulva napel di handap cai, awak talusna boga bentul lambaran ipis lega sarta legana bisa nepi ka saméter. Talus ulva mibanda dua macem, nyaéta talus haploid jeung talus diploid. Sacara morfologi, dua rupa talus ieu boga bentuk sarua nepi ka sipatna disebut isomorfismeu. Cara réproduksi ulva bisa dilakukeun sacara aséksual atawa séksual. Réproduksi sacara aséksual nyaéta nyieun zoospora anu boga opat flagéla. Lamun séksual, endog ulva anu haploid bakal ngahasilkeun gamet jalu jeung gamet bikang, flagélana dua dina bentuk nu sarua (isogamet). Gamet éta anu bakal ngabentuk zigot.

Chrysphyta (Alga Kaemasan)[édit | édit sumber]

Phylum ieu mibanda jumlah spésiés 850. Chrysophyta disebut ogé alga kaemasan. Saluyu jeung ngarana, alga ieu mibanda warna konéng kaemasan. Pigmén anu dominan ti alga ieu nyaéta pigmén karotén. Iwal pigmén éta, chrysophyta mibanda pigmén séjén saperti klorofil jeung fukosantin. Habitat ti alga ieu nyaéta cai tawar jeung laut. spésiés ieu aya nu unisélular ogé aya anu multisélular.[3]

Cara réproduksi chrysophyta anu unisélular jeung multisélular dilakukeun sacara aséksual jeung séksual. Réproduksi aséksual chrysophyta multisélular dilakukeun ngaliwatan spora. Sedengkeun chrysophyta unisélular dilakukeun ku cara leburna gamet. Dahareun cadangan alga ieu disebut laminarin. Alga kaemasan unisélular mangrupa komponén fitoplankton. Contona anggota chrysophyta nyaéta Vaucheria, Synura jeung Michococcus.[3]

Bacillariphyta (Diatom)[édit | édit sumber]

Phylum ieu mibanda anggota panglobana nyaéta 10.000 spésiés. Diatom kaasup ka alga unisélular sarta mangrupa panyusun fitoplankton boh di cai tawar boh di laut. Bentuk diatom bisa disebut has saperti cakram, béntang bisa ogé boga bentuk roda kalawan dinding awakna ngawengku kotak (hipotéka) jeung tutup (épitéka). Antara kotak jeung tutupna aya celah anu disebut rafe. Dinding sélna boga unsur péktin jeung silikat. Lamun paéh, cangkangna bakal ngagunduk jadi taneuh diatom. Taneuh ieu mibanda niléy ékonomis anu luhur sabab bisa digunakeun salaku bahan gosok, nyuling gasolin, bahan nyieun jalan nepi ka bahan dinamit. Diatom sok sakapeung katempo maju mundur jeung muter.[3]

Cara réproduksi diatok dilakukeun sacara aséksual ogé séksual. Sacara aséksual, diatom bakal meulah diri ku cara ngaleupaskeun kotak ti tutupna. Boh tutup boh kotak bakal ngabentuk kotak ti bagéan jerona. Kalawan maksud laina, boh tutup boh kotak tungtuna bakal jadi tutup. Kajadian éta bakal lumangsung sacara tutuluyan nepi ka ukuran minimum.[3]

Phaeophyta (Alga Cokelat)[édit | édit sumber]

Phylum phaéophyta nyaéta alga anu boga anggota rada loba nyaéta 1.500 spésiés. Rata-rata anggotana multisélular jeung sababaraha spésiés boga habitat di laut. Ngan sababaraha jenis anu hirup di cai tawar. Pigmén anu paling dominan ti Phaéophyta nyaéta fukosantin atawa warna cokelat. Struktur awak Phaéophyta mirip tatangkalan jangkung sabab boga struktur akar, catang jeung daun.[3]

Cara réproduksi Phaéophyta bisa aséksual ogé bisa séksual. Sacara aséksual, Phaéophyta ngabentuk zoospora. Sedengkeun sacara séksual, ngahasilkeun gamet jalu jeung bikang. Conto ti alga coklat nyaéta Sargassum, Fucus jeung Turbinaria.[3]

Rhodophyta (Alga Beureum)[édit | édit sumber]

Gelidium corneum disebut ogé alga beureum.

Rhodophyta atawa alga beureum mangrupa phylum anu boga pigmén dominan fikoeritrin atawa beureum. Phylum ieu mibanda anggota anu loba nyaéta nepi ka 4.000 spésiés. Rhodophyta habitatna lolobana di laut. Tapi aya ogé anu hirup di cai tawar.[3]

Cara réproduksi rhodophyta nyaéta sacara aséksual jeung séksual. Sacara Aséksual, rhodophyta ngabentuk tettraspora anu bakal jadi gamet jalu jeung bikang. Aya ogé anu sacara séksual nyaéta jalu jeung gamet bikang. Gamet jalu teu mibanda flagéla sarta disebut spermatium. Sedengkeun gamet bikang mibanda flagéla sarta disebut kapogonium. Conto spésiés Rhodophyta nyaéta Corrallina, Eucheuma, jeung Gelidium.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. N. J. Butterfield (2000). "Bangiomorpha pubescens n. gen., n. sp.: implications for the evolution of sex, multicellularity, and the Mesoproterozoic/Neoproterozoic radiation of eukaryotes". Paleobiology 26 (3): 386–404. doi:10.1666/0094-8373(2000)026<0386:BPNGNS>2.0.CO;2. ISSN 0094-8373. http://paleobiol.geoscienceworld.org/cgi/content/abstract/26/3/386. 
  2. a b Untara, Wahyu. 2014. Kamus Sains. Yogyakarta: IndonesiaTera
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y Firmansyah, Rikky. 2007. Mudah dan Aktif Belajar Biologi. Bandung:PT. Setia Purna Inves
  4. Subadri. 2009. Biologi 1 Untuk SMA X. Jakarta: CV. Usaha Makmur