Babadotan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ageratum conyzoides
Ageratum conyzoides 1.jpg
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Génus:
Spésiés:
A. conyzoides
Ngaran binomial
Ageratum conyzoides
L. 1753 not Hieron. 1895 nor Sieber ex Steud. 1840[1]
Sinonim

Babadotan; dodombaan; ngaran Latén Agerotum conyzoides, L mangrupa tutuwuhan liar tapi leuwih dipikawanoh minangka pepelakan pangganggu (gulma).[2] [3] Sacara umum, tutuwuhan ieu tumuwuh liar jeung eurih, bisa kapanggih di pakarangan imah, sisi jalan atawa susukan, komo di kebon atawa di huma.[3] Babadotan kaasup tutuwuhan terna sausum, tumuwuh ngadeg jeung cabangan.[4] jangkung Babadotan ngahontal 30–90 cm. Batangna buleud aya rambutan panjang sarta lamun keuna taneuh bakal ngaluarkeun akar.[3][5]

Daunna aya cupatan kaayaana pahareup hareup. Daunna oval sarta boga pangkal buleud nyungcung,sisina rérégéan, aya buluan jeung warnana hejo.[3] Babadotan mibanda hasiat pikeun ubar, babadotan kaasup kana suku Asteracéae.[6]

Ciri fisik[édit | édit sumber]

Tutuwuhan ieu tumuwuh ngadeg atawa nangkub handapna, jangkungna kurang leuwih 30–90 cm, jeung cabangan.[7] Babadotan mibanda tangkal buleud jeung bulu panjang, lamun keuna kana taneuh bakal ngaluarkeun akar.[7] Tutuwuhan ieu miboga daun cupatan, ayana pahareup-hareup tur nyilang (Compositae), Daunna lonyod sarta boga pangkal buleud nyungcung,sisina rérégéan, aya buluan jeung warnana hejo, panjangna 1–10 cm, lebar 0,5–6 cm, dua beungeut daunna aya buluan panjang jeung aya kelenjar anu aya dina beungeut handap tina daun, warnana héjo.[7] Kembang bandotan kaasup majemuk ngumpul 3 atawa leuwih, anu kaluar tina tungtung cupat jeung kelirna bodas. Panjang bonggol kembangna 6–8 mm, cupatna aya buluan.[7] Buah hideung jeung leutik.[7] Daerah distribusi, habitat jeung budidaya Babadotan bisa dilobakeun ku siki.[8]


Zat anu dikandung jeung hasiat obat tina babadotan[édit | édit sumber]

Komposisi tina babadotan nyaéta ngandung organacid, pectic substance, asam amino, minyak asiri kumarin, ageratochromene, friedelin, ß-sitosterol, stigmasterol, tanin, walirang, jeung kalium klorida.[7] Akar Babadotan ngandung alkaloid, minyak atsiri, sarta coumarin.[7] Tutuwuhan Bandotan boga hasiat nyageurkeun muriang (antipyretics), stimulan, obat kuat, antitoxic, ngaleungitkeun bareuh, paluruh kahampangan (diuretik), pikeun ngeureunkeun perdarahan (hemostatic), peluruh kareseban (emenagog), sarta palumuh Hitut (kaiminatit). Sedengkeun daun babadotan bisa dipaké ogé minangka inséktisida sayur. Salian Ageratum L. conyzoide.s, aya babadotan variétas séjén anu boga sipat nu sarua, nyaéta Ageratum haoustonianum mill. Ekstrak daun Babadotan (5% jeung 10%) bisa manjangkeun daur estrus jeung ngalambatkeun perkembangan folikel mencit bikang (parawan jeung non-parawan).[7]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Tropicos search for Ageratum conyzoides
  2. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  3. a b c d (id)Bandotan
  4. Abdul, Haris Mustari (2019). Flora dan Fauna Cagar Alam Leuweung Sancang. Jakarta: Aditya dwigumelar. p. 108. ISBN 9786024408046.  Disungsi4 Januari 2021
  5. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 28. Diakses tanggal (disungsi) 11 April 2020. 
  6. balittro
  7. a b c d e f g h (id)Khasiat dan manfaat bandotan diakses 17 Juli 2015
  8. Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226. 
Nulis.jpg