Lompat ke isi

Bangban

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bangban
Bangban, Donax canniformis
ti sisi Kapuas, Kalbar
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
D. canniformis
Ngaran binomial
Donax canniformis
(G. Forst.) K. Schum.
Sinonim

Thalia canniformis G. Forster, 1780
Actophanes canniformis (G. Forst.) K. Schumann
Donax arundastrum Loureiro

Bangban; bamban (Donax canniformis) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Marantaceae. Kagolongkeun kana tutuwuhan terna anu ngahasilkeun harambay bahan pikeun nyieun anyam-anyaman.[1]

Ngaran daérah

[édit | édit sumber]

Tutuwuhan ieu dipikanyaho ogé ku sababaraha ngaran daérah kayaning : bamban (Bjn.); bumban (Sya.); bomban, banban (Bat.); bangban (Sd.); wuwu (Jw.); kelangisan (Bal.); burung, borong (Sulsel); mundung, wuwudu (Goront.); moa (Manado, Ternate, Ambon); biawa, biara (Halm.);bili (basa Acéh) jeung réa-réa deui.[2]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Ditempo ti kadeukeutan Close up kembang bangban

Terna anu ngarungkun, jangkungna 1,5–4 (–5) m; tangkal buleud héjo kolot, bubukuan panjang antarana 1–2,5 m. Daun nunggal gagangna 8–20 cm, daun buleud endog aya ogé anu lonyod, ukuran rubakna 10–25 × 10–45 cm. [3]

Kembangna remen katempo nyagak timimiti puhuna, panjang nepika 20 cm. Kelopak kelirna bodas, buleud endog siku tilu, gundul, 3–3,5 mm. Tabung mahkota 8–10 mm; taju mahkota ngagaris wungkul, 1–1,4 cm × 2–3 mm. Buah bodas nepika krem ngora, diaméter 1–1,5 cm, garing, henteu meletek . siki 1 nepika 2, coklat.[3]

Tempat hirup tur kagunaan

[édit | édit sumber]

jmpl|kiri|180px|Rungkun bangban sisi cai Bangban remen katempo hirup liar disisi cai atawa ditempat-tempat anu baseuh; ogé remen katempo hirup dileuweung awi. Tutuwuhan ieu dipikanyaho nyebar kalawan subur di Asia Tenggara (Malaysia, Thailand, Kamboja, Vietnam) sarta kakulon Nusantara (Indonesia, Filipina), kabeulah kalr nepika Taiwan, ka wewengkon kulon nepi ka India.[3]

Tangkal bangban, dipiceun palebah bukuna, dibeulah manjang diarah kulitna anu kelirna héjo dijieun pikeun bahan anyaman. Bagéan tengahna (empulur) ilaharna dipiceun. Saenggeusna di poé tuluy diolah, kelirna robah jadi coklat hérang, éndah katempo sarta mibanda kakuatan cukup mangsa geus dianyam jadi karinjang atawa samak.[2]

Daun bangban dimangpaatekun pikeun ngubaran bisul, naplokan anu bareuh sangkan gancang ngempésan. Daun, tangkal jeung akar bangban Donax canniformis mibanda saponin jeung flavonoida, Dauna ogé mibanda polifenol.[2][4]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
Tangkal bangban (héjo, kénca) geus bisa dimangpaatekun pikeun nyieun anyaman (handap); ditunda dekeut karanjang-karanjang anyam tina bangban
  1. Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. p. 38.  Disungsi 26 Mei 2024
  2. a b c Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 1:606-607 Terj. Yayasan Sarana Wana Jaya, Jakarta
  3. a b c Flora of China: Donax canniformis; diaksés ping 18 Juli 2010
  4. Depkes. Tanaman Obat: Bamban, Donax cannaeformis (G.Forst.) K. Schum[tumbu nonaktif]

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]

Citakan:Tumbuhan-stub