Lompat ke isi

Cikoru

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Cikoru
Puspa (Schima wallichii),
dari Situgedé, Bogor Barat, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
S. wallichii
Ngaran binomial
Schima wallichii
(DC.) Korth., 1842.[1]
Sinonim

Gordonia Wallichii DC., 1824[2] (basionym)
Schima bancana Miq.
Schima crenata Korth.
Schima khasiana Dyer.
Schima mollis Dyer.
Schima noronhae Reinw. ex Blume

Cikoru cekru; Puspa (id); Schima wallichii nyaéta hiji tangkal kai anu asalna tina kulawarga (Theaceae). Loba kapanggih hirup kalawan nyebar ti mimiti Nepal, ngaliwatan Asia Tenggara, nepika Papua Nugini. Sok disebut “medang gatal” ku lantaran tangkalna mibanda ''miang'' di handapeun kulit tangkalna, miang ieu baris yambuang mangsa diragaji lamun seug keuna kana kulit baris ngabalukarkeun arateul. Ngaran spésiésna mangrupa panghormatan ka N. Wallich (1786 – 1854), tayalian inohong tur ahli botani urang Denmark anu mana geus gedé jasana dina ngadegkeun sarta ngamajukeun kebon raya di Kalkuta.

Ngaran daérah

[édit | édit sumber]

Ieu tangkal mibanda ngaran daérah, seperti simartolu (Bat.); medang miang (Mink.); mĕdang sĕru, sĕru (Bk.); kĕmĕtru (Lamp.); huru batu, huru manuk, puspa (Lamp.); cikoru, cekru (Sd.); puspa (Jw.)[3]. Di Kalimantan Kulon , ieu tangkal katelahna penaga.

Pengenalan

[édit | édit sumber]
Pepagan
Kembang

Tangkal tara ngarangrangan atawa dauna héjo sapanjang taun, ukuran sedeng nepika gedé, jangkungna bisa nepika 47 m. tangkal buleud, buleudanna 250 cm malahan bisa leuwih gedé; kulit tangkalna karadak rorombeheun, coklat semu beureum nepika abu-abu kolot; saméméhna kulitna semu beureum, kalawan dilimpudan ku ‘miang’ anu matak ateul kana kulit .[4]

Daun bijil tina cupat ngurilingan regangna, panjang cupatna 3 mm; Daun wangunna lonyod, 6–13 × 3–5 cm, Tungtung daunna mencos, sisi daunna rérégéan. Kembang tunggal bijil tina sela-sela cupat daun jeung tungtung regang, mibanda dua daun salumpit;pelindung, kelopakna kaluar -5; ieu kelopak bakan napel nepika kembang jadi buah; mahkota bodas, Narapel dina puhuna; benangsari ngaronyok loba, kelirna konéng. Daun anu anyar merentis atawa pucukna, kelirna semu beureum deukeut ka wungu.

Habitat jeung senyebaran

[édit | édit sumber]
Buah

Cikoru bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan taneuh, iklim, jeung habitat. Loba kapanggih hirup di leuweung tropis nepi ka pigunungan, tegala, sarta leuweung-leuweung sekunder. Bisa hirup dina tempat anu palebahna 3.900 m dpl., cikoru bisa hirup dina taneuh anu kaayaan kurang subur, Sanajan kitu tangkal cikoru bisa hirup kalawan subur dina taneuh anu jemlek, malah di daérah rawa/embel jeung sisi susukan bisa leuwih subur.[4]

Cikoru mangrupa salah sahiji tutuwuhan asli ti India, Nepal, Burma, Cina, Vietnam, Laos, Thailand, Malaysia, Indonesia, Brunei, Filipina, dan Papua Nugini.[4]

Kagunaan

[édit | édit sumber]
Kai cikoru

Cikoru mibanda niléy ékonomi anu gedé, ieu alatan kai na bisa dimangpaatkeun pikeun nyieun imah. Utamana dipaké nyieun balok tihang, jambatan, tapi kurang alus lamun dijeun papan, alatan melengkung jeung marieus.[3]. Kai cikoru hadéna dipaké handapeun hateup, saperti jang tihang, balok tunjel, kusén-kusén panto kitu deui jendéla, lantai imah, pakakas jeung perabotan imah, pakakas tatanén, peti kai, triplék, papan tulis, mun geus diawét bisa dijieun bantalan rel kareta api.[4]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
Hirup di tegalan

kai kelirna coklat semu beureum aya ogé coklat kulawu; kai jerona kelir na lewih ngora sarta henteu katempo wates anu jelas jeung kai luarna. Teksturna lemes sarta karasa lunyu mun diusap, kagolongkeun kai teuas kurang leuwih 0,45 (subsp. noronhae) nepika 0,92 (subsp. oblata), kai cikoru kaasup kai teuas kelas II.[5]

Kai cikoru digolongkeun kana kai kelas III. Kawilang kuat mangsa nyanghareupan serangan rinyuh (kelas II), hanjakal kurang kuat lamun diserang ku supa jeung lingkungan jemlek ( III-IV). Sanajan ti kitu, ieu kai kagolong gampang nalika diawét keun.[5]

Kai cikoru kagolong gampang mangsa dipigawéna, dibubut, disugu, dibor, dihamplas, ogé dipolitur kalawan hasil anu nyugemakeun. Bisa ogé dijieun venir kalawan henteu kudu diropéa saméméhna, hanjakal venirna kurang kuat lila tempo a geus garing sok malelenting. Kai cikoru geus pada mikanyaho hésé garingna, kitu deui tempo mangsa geus garing sok rajeun rengat, melenting, malahan aya ogé anu rengat palebah sékéna. Kaina ogé ngarandapan deformasi; méotan 7–4,8%, nepika 8,6–10,6%.[5]

Séjénna

[édit | édit sumber]

Cikoru kaina ogé alus pisan dipaké pikeun suluh, énergi anu dihasilkeunna kurang-leuwih 19.980 kJ/kg. Bisa ogé dimangpaatkeun pikeun nyieun pulp jeung kertas.[4]

Geutah kulit tangkalna ngahasilkeun huji zat anu dimangpaatekun pikeun nyieun kelir (pewarna). Tanin anu dipibanda di jerona dimangpaatekun ogé pikeun nyamak kulit[4]. Dipakai untuk menuba ikan di Jawa Barat; dilaporkan bahwa pepagan puspa mengandung semacam glikosida seperti saponin[3].

Di Nepal, daunna dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon[4]. Kembangna dimangpaatkeun pikeun bahan nyieun jamu, saméméhna digaringkeun heula (dipoé)[3][4].

Di India wétan, tangkal cikoru dipelak tumpang sari jeung kapulaga dina hiji sistem wanatani pikeunmiara lemah caina. Di ieu nagara, cikoru ogé dimangpaatkeun pikeun tangkal pangiuh di kebon kopi. Di Indonesia, nagara urang tangkal cikoru ngahaja dipelak pikeun ngajaga leuweung sangkan henteu gundul sagigireun tangkal damar. Ku nempo pasipatan hirupna, cikoru ogé loyog dipaké dina waktu ngayakeun program réklamasi lahan jeung réboisasi di daérahna tangkapan air .[4]

Dicutattina

[édit | édit sumber]
  1. Korthals, P.W. 1842. Verhandelingen over de Naturlijke Geschiedenis der Nederlandsche Overzeesche Bezittingen, Bot.:143. Leiden.
  2. Candolle, A.P. de. 1824. Prodromus systematis naturalis regni vegetabilis ... pars I:528. Parisii :Sumptibus Sociorum Treuttel et Würtz,1824-73.
  3. a b c d Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 3: 1367-1368. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. (sebagai Schima bancana Miq. dan Schima Noronhae Reinw.)
  4. a b c d e f g h i ICRAF Agroforestry Tree Database: Schima wallichii[tumbu nonaktif]
  5. a b c Martawijaya, A., I. Kartasujana, Y.I Mandang, S.A. Prawira, K. Kadir. 1989. Atlas Kayu Indonesia 2: 109-113. Balitbang Kehutanan Dephut. Bogor.

Tutubu kaluar

[édit | édit sumber]
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan