Évie Tamala

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Evie Tamala)
Évie Tamala
Gambar:Evie Tamala.jpg
Profil
NamiCucu Suryaningsih
Gumelar23 Juni 1969 (1969-06-23) (yuswa 54)
Indonésia Tasikmalaya, Jawa Barat, Indonesia
AliranDangdut
PacabakanAktris
Penyanyi
Taun aktip1987—ayeuna
LébelBlackboard
MSC Plus
Music Plus
Musica Studio's
Maén diCici Paramida, Ikke Nurjanah, Ine Sinthya, Iis Dahlia, Rita Sugiarto, Rhoma Irama, Camelia Malik, Iyéth Bustami

Cucu Suryaningsih leuwih dipikawanohna mah Évie Tamala (gumelar di Cigalontang, Singaparna, Kabupatén Tasikmalaya, 23 Juni 1969; umur 54 taun) nyaéta saurang panyanyi dangdut Indonésia anu geus mimiti nyanyi ti keur kelas 2 SD. Évie téh anak bungsu ti genep sadudulur.[1][2]

Karir[édit | édit sumber]

Évie naratasan karirna ku ngagabung jeung grup Orkés Melayu (OM) Sinar Remaja taun 1980.[2] Harita, Evie masih ngagunakeun ngaran panggung Uceu Arfina, disibukkeun ku kagiatan manggung dina acara-acara hajatan saperti raraméan jatukrami, sukuran khitanan, nepi ka raraméan poé Kamerdékaan RI.[2] Bareng jeung Sinar Remaja Évie meunang kasempetan pikeun ngeusi acara di wewengkon Bandung, anu satuluyna matak pikaresepen saurang panyipta jeung produser lagu dangdut Muchtar B.[2] Muchtar langsung ngajak Évie pikeun rekaman. Hanjakal, album Évie téh hasilna pikucéwaeun, malah mah kasétna gé teu sumebar.[2]

Évie ngareuah-reuah deui dunya musik dangdut taun 1988, bareng jeung dipedalna album nu kadua ku lagu andalanna Tang Ting Tong Der karya Muchtar B.[2] Préstasi nu paling fenomenal anu dimeunangkeun ku Évie dina taun 2007 dina tarékah panghargaan AMI Awards.[2] Évie suksés meunangkeun tropi pikeun kategori Lagu Terbaik Dangdut Konvénsional, Artis Solo Wanita Terbaik Dangdut Konvénsional, Artis Solo/Duo/Group Terbaik Album Dangdut Konvénsional, Produser Rekaman Terbaik Penunjang Produksi, Artis Terbaik Bidang Umum, jeung Album Terbaik Bidang Umum.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Profil Evie Tamala. Diaksés 12 Juli 2015.
  2. a b c d e f g h Profil Evie Tamala. Diaksés 12 Juli 2015.