Gunung Burkhan Khaldun

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Burkhan Khaldun
Burkhan Khaldun mount3.jpg
Burkhan Khaldun
Titik pangluhurna
Luhurna2,445 metres (8,022 ft)
Koordinat48°45′43″N 109°00′37″E / 48.7619601°N 109.0102959°E / 48.7619601; 109.0102959Koordinat: 48°45′43″N 109°00′37″E / 48.7619601°N 109.0102959°E / 48.7619601; 109.0102959
Panamaan
Tarjamahan"Gunung déwa"[1]
Géografi
LokasiMongolia
Pagunungan indukPagunungan Khentii
Ngaran resmiGreat Burkhan Khaldun Mountain and its surrounding sacred landscape
TipeCultural
Kriteriaiv, vi
Ditunjuk2015 (39th session)
Nomer rujukan1440
State PartyMongolia
RegionAsia-Pasifik

Gunung Burkhan Khaldun nyaéta hiji gunung anu aya di Propinsi Khentii, Mongolia beulah kalér-wétan.[2] Ieu gunung aya dina jajaran Pagunungan Khentii.[2][3][4][5][6] Burkhan Khaldun miboga harti "gunung déwa".[1] Gunung ieu aya di 1,2 juta héktar Aréa Panangtayungan Husus Khan Khentii di taun 1992.[7]

Gunung Burkhan Khaldun dipercaya minangka tempat lahirna Jenghis Khan, jalma anu ngadegkeun Kakaisaran Mongol anu ampir ngawasaan sakabéh buana Asia. Gunung ieu ogé dipercaya minangka makam manéhanana, sanajan jasadna acan kungsi kapanggih sacara pasti.[8][9]

Légénda[édit | édit sumber]

Cenah kacaturkeun yén Jenghis Khan, urang Mongol anu kungsi ngawasaan ampir kabéh Buana Asia, babar di ieu gunung. Numutkeun caritaan rahayat, hiji srigala anu ngaranna Borte Chono, ditakdirkeun pikeun ngalaksanakeun paréntah kahyangan pikeun ngéndong di Gunung Burkhan Khaldun jeung pamajikanana. Di dieu, anak cikal maranéhna anu ngaranna Bat Tsagaan babar, anu pancakakina nyambung ka Jenghis Khan. Gunung ieu pisan dijadikeun otoritas sarta hak pikeun Jenghis Khan pikeun maréntah, ku sabab luluhurna lahir di dieu.[5]

Sajarah[édit | édit sumber]

Gunung Burkhan Khaldun sok dikaitkeun jeung Jenghis Khan, anu ngadengkeun Kakaisaran Mongol di taun 1206. Gunung ieu mangrupa hiji ti opat gunung anu ku manéhna dianggap suci salila manéhna hirup.[10] Tuluy, nurunkeun tradisi muja gunung, dumasar tradisi dukun baheula anu pakait jeung urang nomadén. Tradisi muja gunung tuluy tara dilakukeun deui ku sabab ajaran Buddhisme mekar di tungtung abad ka-15. Ti mimiti taun 1990-an, tradisi muja gunung binangkit deui sarta ritual dukun baheula diayakeun deui sarta dihijikeun jeung ajaran Buddha. Rarayaan anu dirojong ku nagara biasana lumangsung unggal usum panas di deukeut walungan jeung tilu batu ovoo.[3]

Gunung Burkhan Khaldun miboga babaraha struktur salian ti tilu ovoo batu utama di sapanjang jalur anu matali jeung ruteu jiarah. Batu-batu nisan diarancurkeun di abad ka-17, tapi kiwari geus diwangun deui kalawan kai di luhurna. Jalur jiarah dimimitian kira-kira 20 km ti gunung kalawan sasak di luhureun Walungan Kherlen di Treshold Pass nu mana aya ogé ovoo utama. Anu jiarah biasana naék kuda ti dinya ka ovoo beliin badag anu dijieun tina batang kai sarta dihias ku saléndang doa sutra biru, tuluy ti dinya, ka ovoo utama sawarga di puncak gunung.[3]

Sanajan ampir kabéh wewengkon di Gunung Burkhan Khaldun kaasup ka Aréa Panangtayungan Husus Khan Khentii (Khan Khentii Special Protection Area anu disingget jadi KK SPA), aréa di kalér-kulon sarta aréa anu leuwih lega deui di beulah kidul aya di luar ieu zona. Aya rancangan pikeun ngasupkeun sakabéh wewengkon éta ka KK SPA di taun 2015. Wewengkon KK SPA ditangtayungan ku hukum, tapi ngan pikeun ngalindungan alam jeung lingkungan, henteu pikeun warisan budaya. Warisan budaya sakirana perelu dilindungan sarta pikeun mastikeun yén euweuh industri tambang atawa ékstraktif anu diijinan di dieu.[3]

Ti mimiti taun 1990, nalika kagiatan-kagiatan heubeul anu matali jeung gunung suci, tradisi nasional, sarta kabiasaan-kabiasaan di Mongolia jeung undang-undang anu matali jeung "khalk Juram" geus dihudangkeun deui sarta diasupkeun kana kawijakan nagara. Di tanggal 16 Méi 1995, Présidén Mongolia kakara ngaluarkeun kawijakan anyar pikeun "Ngarojong inisiatif pikeun ngahudangkeun deui tradisi nyembah Bogd Khan Khairkhan, Burkhan Khaldun (Khan Khentii), sarta Pagunungan Otgontenger". Dékrit éta sacara langsung ngungkabkeun rojongan nagara pikeun naghudangkeun deui tradisi-tradisi lokal anu geus heubeul. Kaputusan Présidén tutuluyanana ngeunaan "Aturan upacara nyembah gunung suci nagaraa jeung ovoo" nyadiakeun payung hukum pikeun organisasi, warga, jeung wisatawan salila upacara nyembah gunung. Sagala aktivitas di Gunung Burkhan Khaldun salian ti ritual nyembah, sacara tradisional dilarang. Ngan, staf cadangan KK SPA mareuman anu kahuruan, ngalindungan leuweung, muka leuweung jeung rénovasi, sarta nindak anu sok moro jeung nuar sacara liar.[3]

Di tanggal 4 Juli 2015, kalawan gelar "Gunung Burkhan Khaldun anu Agung sarta Pamandangan Sakral di Sabudeureunana", Gunung Burkhan Khaldun ditetepkeun jadi Loka Warisan Dunya UNESCO sarta ditetepkeun jadi monumén nasional.[2]

Géografi[édit | édit sumber]

Gunung Burkhan Khaldunn katutupan ku salju

Gunung Burkhan Khaldun perenahna di tengah jajaran pagunungan Khentii. Gunung ieu luhurna 2.445 atawa 2.362 méter[11] di luhureun beungeut sagara.[12] Gunung ieu ngabentuk Daerah Aliran Sungai (DAS) antara Samudra Arktik jeung Samudra Pasifik, di antarana aya Walungan Amur, anu engkéna jadi wates antara Républik Rahayat Tiongkok jeung Féderasi Rusia, tuluy muharana di selat Sakhalin.[3]

Cai ti pagunungan anu katutupan ku salju ieu jadi sumber cai pikeun walungan-walungan anu ngocor ka kidul jeung ka kalér. Di gunung bagian luhur aya hleuweung jeung stépa, sedengkeun landeuh anu aya di handapeunana aya tegalan sarta ranca.[3]

Ékosistem di gunung Burkhan Khaldun loba ragam rupana, anu ilaharna loba ku tutuwuhan stépa Asia Tengah. Tuluy, aya 50 spésiés sasatoan jeung 253 spésiés manuk.[8]

Loka Warisan Dunya UNESCO[édit | édit sumber]

Kritéria (iv)[édit | édit sumber]

Gunung Burkhan Khaldun jadi gunung anu disembah ku Jenghis Khan, nepi ka manéhna bisa ngahijikeun bangsa-bangsa Mongol salila dibentukna Kakaisaran Mongolia, hiji kajadian anu miboga ma'na sajarah anu penting pikeun sajarah Asia jeung Dunya.[3]

Kritéria (vi)[édit | édit sumber]

Gunung Burkhan Khaldun sacara langsung jeung nyata sok dikaitkeun jeung sajarah rasiah bangsa Mongol, hiji sajarah sarta sastra anu diaku jadi kapentingan dunya dina Memory of the World Register. Sajarah rasiah ngagambarkeun hubungan antara ieu gunung jeung Jenghis Khan, ti mimiti pangakuan resmina di gunung, sarta status formal pikeun Gunung Burkhan Khaldun minangka salah sahiji ti opat gunung suci anu ditetepkeun salila hirupna.[3]

Tingali ogé[édit | édit sumber]

Gunung

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b Weatherford, Jack, 1946- (2004). Genghis Khan and the making of the modern world. New York: Three Rivers Press. ISBN 978-0-307-23781-1. OCLC 243614734. 
  2. a b c Mongolia-Guide.com, by. "Burkhan Khaldun". mongolia-guide.com. Diakses tanggal 2020-01-22. 
  3. a b c d e f g h i Centre, UNESCO World Heritage. "Great Burkhan Khaldun Mountain and its surrounding sacred landscape". UNESCO World Heritage Centre. Diakses tanggal 2020-01-19. 
  4. Shiraishi, Noriyuki, 1963-; 白石典之, 1963- (2001). Chingisu Kan no kōkogaku (Shohan ed.). Tōkyō: Dōseisha. ISBN 4-88621-215-8. OCLC 54575074. 
  5. a b "Stories of Burkhan Khaldun". Discover Mongolia Travel. Diakses tanggal 2020-01-19. 
  6. "Great Burkhan Khaldun Mountain - World Heritage Site - Pictures, Info and Travel Reports". www.worldheritagesite.org. Diakses tanggal 2020-01-22. 
  7. www.toursmongolia.com https://www.toursmongolia.com/destinations/burkhan-khaldun-mountain. Diakses tanggal 2020-01-22. 
  8. a b "Burkhan Khaldun Mountain in Mongolia | Eastern Mongolia". Amicus Travel Mongolia (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-01-22. 
  9. Craig, Erin. "Why Genghis Khan’s tomb can’t be found". www.bbc.com. Diakses tanggal 2020-01-22. 
  10. "Burkhan Khaldun Mountain : Jiguur". visit2mongolia.mn. Diakses tanggal 2020-01-22. 
  11. "Burkhan Khaldun". PeakVisor. Diakses tanggal 2020-01-19. 
  12. "Great Burkhan Khaldun Mountain and its surrounding sacred landscape: Nomination (Amended text)" (pdf). UNESCO organization. 2015. Diakses tanggal 19 November 2015.