Lompat ke isi

Handeuleum

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Handeuleum
G. pictum
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
G. pictum
Ngaran binomial
Graptophyllum pictum
Sinonim

Justicia picta L.

Handeuleum; daun temen-temen; (Graptophyllum pictum) katelah ogé daun ungu nyaéta hiji tangkal pikeun ubar anu asal muasalna ti Papua Nugini katut Polinesia tuluy nyebar ka sababaraha daérah antukna nepi ka Indonesia. Ieu spésiés ungal daérah mibanda ngaran béda-béda umpamana di daérah Jawa katelahna demung, tulak, wungu. Urang Madura nyebutna karotong, urang Bali nyebutna temen. Di Ternaté katelah kadi-kadi, kobi-kobi. Urang Ambon nyebutna daun putri jeung réa-réa deui.[1][2] [3]

Pedaran

[édit | édit sumber]

Handeuleum nyaéta tangkal anu ngarungkun atawa perdu ajeg.[4] Jangkungna kurang leuwih kana 1,5 nepi ka 8 méter.[5] Tangkalna kasebut aya kaian, mibanda buku, herang tur kelirna gandaria semuhéjo.[6] Daunna tunggal semu buleud, cupatna pondok[4] daun beulah luhurna sem herang tulangna jiga cucuk lauk, tungtung daunna rata.[6] Kembangna ngaranggeuy, bijil tina tungtung tangkalna, panjang kurang leuwih 3-12 cm kelir semu gandaria. Buahna lonyod sakapeung aya anu masagi,[4] kelir gandaria semu coklat. sikina bodas tur buleud mibanda kulit anu kandel.[4] .[6]

Tempat hirup jeung ngarekahan

[édit | édit sumber]
Sakumpulan tangkal Handeuleum di the Andromeda Botanic Gardens, Barbados

Spésiés ieu asal muasalna ti daérah Papua Nugini jeung Polinesia. Tuluy di wanohkeun ka daérah Indo-Cina, Basisir Malaysia, Filipina, jeung Indonesia. Di Jawa, handeuleum hirup dina 1250 mdpl. Tangkal dipelak mangrupa pager hirup jeung pepelakan pikeun papaés utamana anu mibanda daun beureum.[5] Sangkan alus biasana tangkal handeuleum dipelak di wewengkon anu negrak atawa cukup kasorot ku panonpoé. Jeung taneuhna anu subur tur rada baseuh.[7]

Mangpaat

[édit | édit sumber]
Tangkal Handeuleum

Handeuleum bisa dimangpaatkeu ngalemeskeun kulit, ngubaran borok, bisul, jeung bareuh alatan tidagor atawa tipalitek.[4][5] Bisa ogé diinumkeun hasiatna bisa ngubaran batu ginjal, wasir, jeung hépatitis.[4] hasiat séjén ieu tangkal bisa nurunkeun kadar gula dina getih. Ieu tangkal bisa waé dijadikeun anti-diabetes, alatan mibanda kualitas anu hadé ti batan metformin anumangrupa obat umum pikeun anti-diabetes.[8] Tapi dina prakna di cobaan kabeurit ngabalukarkeun éta beurit paéh,[8] ku lantaran éta nepi ka kiwari masih kénéh diayakeun panalungtikan anu leuwih lengkep pikeun bahaya tina éta racun handeuleum.[9]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. A. N. S. 1989, p. 31.
  2. Damayanti, Dewi; Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra, Novi Widianti, Nina Wulan Dari (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 103. ISBN 9789790061941. 
  3. Heyne, K. (1913). De nuttige planten van Nederlandsch-Indië, tevens synthetische catalogus der verzamelingen van het Museum voor Technische- en Handelsbotanie te Buitenzorg. Museum voor Economische Botanie (Bogor, Indonesia): Batavia, Ruygrok. p. 173.  Disungsi20 Fébruari 2022
  4. a b c d e f Nala 2003, p. 33.
  5. a b c Dharma 1987, p. 74.
  6. a b c "Strobilanthes crispus BL." (PDF). Departemen Kesehatan. 14 November 2001. Diakses tanggal 6 January 2013.  Archived 6 Désémber 2008 di Wayback Machine
  7. Neal 2012, p. 93.
  8. a b Olagbende-Dada et al. 2011, p. 1039.
  9. Olagbende-Dada et al. 2011, p. 1043.

Bacaan

Tutumbu Kaluar

[édit | édit sumber]