Jongé
| Jongé | |
|---|---|
| Pelat botani numutkeun Blanco | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | E. sonchifolia |
| Ngaran binomial | |
| Emilia sonchifolia | |
| Sinonim | |
|
Cacalia sonchifolia L. | |
Jongé; Tempuh wiyang; Emilia sonchifolia nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Asteraceae. Ieu tutuwuhan loba kapanggih hirup liar di buruan; sisi jalan; galengan sawah; kebon; tegalan; sisi susukan, jeung réa-réa deui.[2] Jongé loba kapanggih hirup di wewengkon Asia tenggara, ieu tutuwuhan ogé geus nyebar ka Amérika.[3]
Ngaran daérah
[édit | édit sumber]Jongé mibanda ngaran anu béda- beda diunggal daérahna, kayaning; Tempuh wiyang di Jawa disebut jongé, jombang (Sd.), kemondelan, dalgiu, centongan, tespog, serubung gelang, minyawon, ketiu, jawi rawa (Jw.) sarta sarap atawa sundilan (Mdr.).[2] Urang Maluku nyebutna kaho mahiri (Hlmr.), gafu saru (Ternate), delo-delo (Tdr.), ku urang Sulawesi sok disebut linrapa jeung halmah.[2]
Ékologi
[édit | édit sumber]Jongé hirup ngan sausum, tangkalna leutik 10 cm hingga 120 cm, I mimiti daérah landeuh nepika tongohna 1.750 m di luhureun beungeut cai laut.[2] Daunnya tunggal ngawujud juru tilu anu manjang, nyebar, palebah luhur kelirna héjo, palebah handap semu beureum remen ngumpul di palebah puhu tangkalna.[2]

Mangpaat
[édit | édit sumber]Daun Jongé ilaharna dimangpaatkeun pikeun lalab mibanda rasa kawas rempah-rempah rada pait saeutik, ieu tutuwuhan ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran nyeri sirah, inféksi saluran napas, radang paru-paru, sarta inféksi tina raheut, bisul, bareuh jeung sariawan.[2]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ "Emilia sonchifolia record n° 95932" (HTML). African Plants Database. Natural History Museum of Geneva. Diaksés tanggal 2008-05-21.
- 1 2 3 4 5 6 Wijayakusuma, H.M Hembing (1994). Tanaman Berkhasiat Obat di Indonesia. Jakarta: Pustaka Kartini. hlm. 129–130. ISBN 979-454-083-8.
- ↑ Situs Glob-in-Med: Emilia sonchifolia (L.) DC.[tumbu nonaktif] diakses 11 Juni 2010
Tutumbu luar
[édit | édit sumber]
Média nu patali jeung Jongé di Wikimedia Commons
Data nu patali jeung Jongé di Wikispecies