Lompat ke isi

Jukut gendreng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Jukut gendreng/Jotang kuda
Synedrella nodiflora
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Synedrella
Spésiés:
S. nodiflora
Ngaran binomial
Synedrella nodiflora
(L.) J. Gaertner

Jukut gendreng; (Synedrella nodiflora) nyaéta jukut anu asalna tina kulawarga asteraceae.[1] Ieu kagolongkeunkana gulma dina widang tatanén. Bauna rada nyereng, miang-miang bau embé ieu jukut sok disarebut ogé jotang kuda/babadotan lalakina. Pituin ti Amérika tropis, jukut gendreng geus jadi jukut hama/gulma anu ngaganggu kana tutuwuhan di wewengkon Jawa; hususnya di tempat-tempat anu rada kahieuman. [1]

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Jukut gendreng mibanda rupa-rupa ngaran: Bruwan, gletang warak, krasuk, atawa serunen (Jw.); serta gofu makeang (Ternate)[2].

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Kaasup kana terna hirup sausum, tangkalna remen ajeg ka luhur, sakapeung aya ogé anu ngagolér deukeut puhu tangkalna. Dahan-dahanna bijil kawas garpu jangkungna nepika 1,5 m. Daun-daun pasingareup-singareup; gagangna kawas talang, 0,5 – 5,5 cm, gagang tina pasang daun anu sarua tutumbuna ngaheureutan, baruluan disakurilingeunna. Lambaran daun buleud endog tur lonyod, 2,5–15 × 1–9 cm; puhu daun ngaheureutan nuturkeun cupatna, tungtung daun méncos, sisina rérégéan tapi henteu jero, baruluan boh dibeulah handap kitu deui luhurna.[1]

Pendul anu jadi terminal kembangna

Kembang majemuk dina pendul leutik, panjang 8–10 mm, naplok aya ogé cupatan ngan pondok, eusina 10–20 kembang pajejel; bijil dina sela dahan atawa deukeut cupat daunna, 1-7 pendul dina sarempat. Daun pelindung (salumpit) buleud endog tur lonyod, tungtungna méncos, barulun. Kembang tungtung 4–8 lambar, wanguna kawas pita kunéng tajuna aya 2–3, lk 2 mm panjangnya. Kelopak kembangna ngawangun tabung, 6–18 siki, konéng ngora mibanda taju konéng méncrang. Tabung kepala sari coklat semu hideung. Buahna teuas mibanda dua wujud anu béda: buah tina kembang sisina ipis pisan, aya jangjangan reregean sekeut di tungtungna; sagigireun ti éta buah tina piringan kembang laleutik paranjang, mibanda 2–4 jarum di tungtungna. Panjangna lk. 0,5 cm.[1][3]

Sebaran jeung ékologi[édit | édit sumber]

Tangkalna

Jotang kuda dipikanyaho aya di wewengkon Jawa dina 1888; kiwari geus nyebar kasakulian Indonésia. Tutuwuhan ieu mikaresep tempat-tempat rada kaiuhan, jeung kirang sering, di tempat anu ampir-ampiran sok kasorot panon poe. Jotang kuda henteu resep taneuhna baseuh sumawona kakeueum. Mindeng kapendak dina perkebunan; pakarangan; sisi jalan, sisi susukan, sisi kamalir; tegalan; ogé lahan anu teu kaurus.[3]

Guna jeung mangpaat[édit | édit sumber]

Sakapeung daun anu ngorana dimangpaatkeun pikeunlalab. Dauna direndos jeung daun babadotan (Ageratum conyzoides), daun saliara (Lantana camara), ditambahkeun apu paragi nyeupah, dioleskeun pikeun ngahaneut-haneut beuteung anu nyeri. Tutuwuhan ieu bisa ogé dimangpaatkeun pikeun ubar gosok pikeun ngurangan nyeri alatan reumatik .[2]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 427-428
  2. a b Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 3:1838. Terj. Yayasan Sarana Wana Jaya, Jakarta
  3. a b Soerjani, M., AJGH Kostermans dan G. Tjitrosoepomo (Eds.). 1987. Weeds of Rice in Indonesia. Balai Pustaka, Jakarta. p. 106-107 (illust.)



Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Citakan:Tumbuhan-stub