Saliara

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian


Saliara[1]
Kembang jeung daun
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiosperms
(unranked): Eudicots
(unranked): Asterids
Order: Lamiales
Kulawarga: Verbenaceae
Génus: Lantana
Spésiés: L. camara
Ngaran binomial
Lantana camara
L.
Sinonim

Lantana aculeata L.[2] Camara vulgaris [3]

Saliara (Lantana camara), nyaéta tangkal kembang dina kulawarga verbena, Verbenaceae tangkalna asli ti daérah tropis Amérika [4]. Saliara disababaraha nagara mibanda ngaran anu béda umpamana, disebut big-bijak, wild-sage, merah bijak, putih-sage di Malaysia, di Karibia jeung Afrika kidul ngarana tickberry[5].

Saliara mangrupa tangkal anu éndah dina mangsa kembangan, sok ngahaja dipelak di pakarangan, di wewengkon Eropa tangkal saliara anu aya kiwari mimitina dibawa ku urang Walanda tuluy dipelak nepi ka ngarekahan, kiwari tangkal saliara geus nyebar nepika Asia jeung Oséania, ku alatan jumlahna anu loba kiwari tangkal ieu kagolongkeun kana gulma [6] .

Pedaran[édit | édit sumber]

Saliara disebut tembelékan di daérah Jawa, mangrupa tangkal anu cucukan, ngarungkun jangkungna kurang leuwih 2 m. Dina mangsa abad ka-17 jeung 18 tangkal saliara loba anu mikaresep pikeun papaés di buruan, nepika kiwari tangkal saliara mibanda loba kultivar.[7]

Langka manggihan saliara bisa hirup di tengah leuweung, lantaran saliara henteu bisa hirup upama kahieuman ku tatangkalan anu jarangkung. Ku lantaran éta, tangkal saliara mindeng kapanggihna di sisi leuweung wungkul. Saliara bisa hirup dina sagala usum jeung kaayaan, umpamana waé usum halodo, usum hujan, taneuh kurang subur, jeung tangkal saliara bisa hirup deui kalawan gancang di daérah/leuweung anu kungsi kahuruan.[8]

Saliara mangrupa tangkal asli ti wewengkon Amérika tengah jeung kidul. Kiwari geus nyebar ka wewengkon sub-tropis di sakuliah dunya, buktina kapanggih di timur tengah, Afrika kidul utamana kapanggih hirup di sisi leuweung jeung tegalan anu henteu kapiroséa atawa henteu diolah piken lahan tatanén. Saliara ogé hirup kalawan loba di wilayah Afrika, Eropa kidul, saperti Spanyol jeung Portugal, India, Asia tropis, Australia, Selandia Baru, Amerika Serikat, Atlantik, Pasifik jeung pulo-pulo di Samudra Hindia. Malahan di Sri lanka tangkal saliara dianggap gulma/hama anu kacida ngaganggu ku lantaran leupas tina panalungtikan Royal Botanic Gardens dina taun 1926.[9]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Daun tangkal saliara

daunna salambar, kaluar sapasang tina gigireun tangkal wujudna lonyod kawas endog méncos ka tungtungna, karasa keusrak umpamana diusap, ngaluarkeun seungit anu mandiri umpama daunna digesek, sisi daun rérégéan kawas menang gaguntingan, tulang daun semu konéng ébréh katémbong dina daun beulah luhurna. Dipinuhan ku bulu lemes, daunna anu geus kolot mibanda kelir héjo kolot sedengkeun pucukna héjo ngora.[10]

Kembangna laleutik mangrupa pipa leutik anu mibanda opat palapah, napel ngaronyok dina pendul kembang. Unggal pendul kembang mibanda kurang leuwih sapuluh nepika 30 kembang. Kembangna rupa-rupa aya anu beureum, konéng, bodas, beureum ngora, oranye, ieu kelir gumantung kana tempat hirup jeung umurna, kembang saliara utamana robah kelir dina mangsa geus dieuntepan kukupu, éngang, nyiruan, atawa manuk anu sok ngenyot nektarna (sari amis dina kembang). ku lantaran mangsa harita geus lumangsung penyerbukan. Robahna kelir kembang saliara ieu ogé mangrupakeu cicirén pikeun mangsana kembang ragrag anu engkena bakal disusul ku muncengisna pentil buah.[11]

Kembang saliara

Buah saliara laleutik ngumpul dina pendul buah, kelirna héjo dina mangsa ngora kénéh jeung bakal robah semu paul mangsana geus cukup déwasa atawa geus asak, buahna vegetatif (aseksual). mangrupa kadaharan pikeun sabaraha rupa manuk jeung sasatoan séjéna anu mikaresep bungbuahan, ku alatan ieu ogé mangrupa cukang lantaran pikeun nyebarkeun binih tangkal saliara katempat anu leuwih jauh batan tangkan indungna.[12]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Tangkal saliara geus heubeul dimangpaatkeun dipaké pikeun pager hirup kayaning di kebon, huma, sisi jalan rondaan jeung buruan imah, melakna gampang bisa tina sikina (ngabinihkeun) atawa neukteuk tangkalna (stek) tuluy ditancepkeun kana taneuh. Daun saliara mibanda kandungan lantadene A, lantadene B, lantanolic acid, lantic acid, humule (minyak astiri), b - caryophyllene, g - terpidene, a -pinene serta r -cymene. Sababaraha panyakit anu bisa diubaran saperti; Influenza, TBC, reumatik, keputihan, harééng, asma, batuk getih ogé bisa ngubaran panyakit kulit saperti ; bisul, bareuh, arateul, jeung réa-réa deui. Akarna meunang moé nepika garing kurang leuwih 30 - 60 g tuluy digodog, di mana geus tiis caina bisa diinum.[13].

Bahaya daun saliara[édit | édit sumber]

Sagigireun mibanda mangpaat anu henteu saeutik, tangkal saliara ogé mibanda zat kimia anu bisa ngabayakeun kahirupan ingon-ingon hususna sapi, nyaéta daun saliara ieu mibanda zat anu disebut Lantadine anu bisa ngabalukarkeun sapi weureu. Sapi anu katohyan ngahakan daun saliara mimitina bakal ngarandapan panyakit konéng (jaundice), sérab ku panonpoé béda ti sasari, kulit daradas utamana dina bagéan anu kasorot cahaya panonpoé, teu daék baranghakan, nyeri beuteung, henteu tenang, antukna lungsé jeung teu bisa cengkat, henteu nepika perlaya mah. Tapi lamun ngahakan daun saliara leuwih loba tangtu ieu bisa ngadatangkeun mamala kana kahirupan sapi ngan dina mangsa sababaraha poé wungkul ku lantaran sapi bakal ngarandapan karuksakan peujit (gastroenteritis), ieu panyakit katelah ogé Bali ziekta.[14]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Munir A (1996). "A taxonomic review of Lantana camara L. and L. montevidensis (Spreng.) Briq. (Verbenaceae) in Australia". Journal of the Adelaide Botanic Gardens 17: 1–27. 
  2. [ Lantana camara.]|url=http://www.ars-grin.gov/~sbmljw/cgi-bin/taxon.pl?310628 Germplasm Resources Information Network (GRIN).
  3. "Global Invasive Species Database". issg.org.uk. Diakses tanggal 2014-03-22. 
  4. Moyhill Publishing (2007). "English vs. Latin Names". Moyhill Publishing. Diakses tanggal March 24, 2014. 
  5. Quentin C. B. Cronk, Janice L. Fuller (1995). Plant Invaders: The Threat to Natural Ecosystems. Royal Botanic Gardens, Kew: Springer. ISBN 0-412-48380-7. 
  6. Sharma, OM.P.; Harinder, Paul S (1988). "A review of the noxious plant Lantana camara". Toxicon 26 (11): 975–987. doi:10.1016/0041-0101(88)90196-1. http://www.sciencedirect.com/science/article/pii/0041010188901961. Diakses pada 24 March 2014. 
  7. Kohli, Ravinder. K. (2006). "Status, invasiveness and environmental threats of three tropical American invasive weeds (Parthenium hysterophorus L., Ageratum conyzoides L., Lantana camara L.) in India". Biological Invasions (Biological Invasions) 8 (7): 1501–1510. doi:10.1007/s10530-005-5842-1. http://link.springer.com/article/10.1007/s10530-005-5842-1. Diakses pada March 25, 2014. 
  8. "Lantana camara". 2008. 
  9. "Experimental evidence on the importance of disturbance intensity for invasion of Lantana camara L. in dry rainforest–open forest ecotones in north-eastern NSW, Australia". Forest Ecology and Management (Forest Ecology and Management) 109: 279–292. doi:10.1016/S0378-1127(98)00252-7. http://www.sciencedirect.com/science/article/pii/S0378112798002527. Diakses pada March 22, 2014. 
  10. Ahmed. R (2007). "Allelopathic effects of Lantana camara on germination and growth behavior of some agricultural crops in Bangladesh". Journal of Forestry Research 18: 201–304. doi:10.1007/s11676-007-0060-6. 
  11. Carstairs, S. D. (December 2010). "Ingestion of Lantana camara is not associated with significant effects in children". Pediatrics 126 (6): e1585–8. doi:10.1542/peds.2010-1669. PMID 21041281. http://www.pediatricsdigest.mobi/content/126/6/e1585.full. 
  12. "Effect of weeds Lantana camara and Chromelina odorata growth on the species diversity, regeneration and stem density of tree and shrub layer in BRT sanctuary" (PDF). 
  13. Mangpaat tangkal saliara
  14. "Waspadai Saliara (Lantana camara)". 24 April 2016. 

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg