Juwar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Juwar
Kembangna jeung daun juwar, Senna siamea
Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Subkelas:
Ordo:
Kulawarga:
Subfamili:
Génus:
Spésiés:
S. siamea
Ngaran binomial
Senna siamea
(Lamk.) Irwin et Barneby[1]
Sinonim
  • Cassia siamea Lamk.[2]
  • Cassia florida Vahl
  • Senna sumatrana Roxb.

Juwar; juar; johar nyaéta hiji tangkal anu asalna tina kulawarga Fabaceae. Juwar ngahasilkeun kai anu teuas, tangkalna dipelak pikeun pangiuh sisi jalan.

Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Juwar dipikawanoh ogé ku ngaran-ngaran anu sarimbag saperti: juwar (Btw., Jw., Sd.), aya ogé nu nyebut johor (Mly.). Di Jawa mindeng ogé disebut jati wesi. Di Sumatra, disebut bujuk atawa dulang. Dina basa Inggris ieu tangkal disebuna black-wood cassia; Bombay blackwood; kassod tree; Siamese senna jeung sajabana. Ngaran ilmiahna, siamea, nunjul kana tempat asalna, ti nagara Siam atawa Thailand.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkal, jangkungna 2 - 20 (-30)m; mibanda tangkal lempeng sarta pendék, buleudan tangkalna arang langka nepi ka 50cm.[3][4]

Kulit tangkal (pepagan) kelirna kulawu semu coklat dina dahan anu ngorana; dahan ngarangkadak ngawujud tajuk anu rékép tur bulenek.[5]

Daun menyirip genap, 10 – 35 cm panjangna; kalayan tangkal buleud panjang 1,5 — 3,5 cm anu guguratan déét di tengahna; puhu daun teu mibanda kelenjar; daun penumpu méncos eutik, lk. 1 mm, gancang murag. Anak daun 4 — 16 pasang, rada menjangat, lonyod nepika semu buleud endog, 3 – 8 cm × 1 — 2,5 cm, panjang 2 — 4 × rubakna, puhu jeung tungtung bulenek, gundul jeung hérang di sisi luhurna, kalayan bulu lemes di sisi handap.[5]

Polong juwar

Kembang ngumpul dina malai; ngaranggeuy di tungtung régang, panjang 15 – 60 cm, eusina 10 — 60 kuntum anu kabagi deui ka jero sababaraha ranggeuy (dahan) malai rata. Kelopak 5 siki, lonyod semu buleud, 4 – 9 mm, kandel jeung buluan lemes. Mahkota kembang kelir konéng caang , 5 lambat, gundul, buleud endog, bandéra kalayan kuku panjangna 1 – 2 mm. Benang sari 10, anu pangpanjangna lk. 1 cm; kurang lebih sarua panjangna jeung pibuaheun ogé gagang putikna.[3][5]

Buah polong dempak, 15 – 30 cm × 12 – 16 mm, sikina aya 20 — 30, kandel katungtung, dina akhirna bakal meleték beulah sorangan. Siki buleud kawas endog, 6.5 – 8 mm × 6 mm, coklat ngora jeung hérang.[5]

Kagunaan[édit | édit sumber]

Pangiuh jalan

Juwar remen dipelak dina sistim campuran (agroforestri), naha mangrupa tutuwuhan sela dina kebon kopi, pikeun panghalang angin. Ieu tangkal remen dipelak pikeun tempat ngiuhan di kebon-kebon téh, kopi jeung coklat. Ngan perlu jadi perhatian ieu tangkal juwar akarna mencar kamamana bisa jadi ngaganggu ka pepelakan kebon dina marebutkeun unsur hara jeung cai, ku kituna dina prakna melak kudu bener-bener diperhatikeun.[6] Sagigireun dipelak pikeun ngiuhan sisi jalan, kiwari tangkal juwar dipaké pikeun ngaréhabilitasi lahan urut pertambangan.[5]

Kai tangkal juwar kagolongkeun kana kai teuas ogé lumayan beurat (B.J. 0,6—1,01 dina kandungan cai 15%). Gubal kelirna semu bodas, jelas katempo beda tina kai terasna anu coklat poék malah semu hideung, belang-belang konéng.[6][7] kai terasna awét (kelas awet I), sedengkeun gubalna gampang rusak dihakan gegeremet jeung rinyuh. Kai juwar ogé kagolongkeun kuat (kelas kuat I atawa II), ku kituna remen dipikaresep dimangpaatekun mangsa nyieun jambatan jeung tihang bangunan. Kelir jeung motifna anu éndah ngajadikeun ieu kai dipikaresep dina nyieun mebel jeuk panél dekoratif; hanjakal kai juwar kagolongkeun hésé dipigawé lantaran kaina teuas.[8]

Juwar ngahasilkeun suluh anu alus, sanajan loba ngaluarkeun haseup. Niléy kalorina aya 4500-4600 Kkal/kg, ku kituna ieu kai ogé hadé dijieun areng.[6] Dina mangsa baheula, juwar ngahaja loba dipelak di Afrika pikeun didagangkeun kaina.[5][7]

Lukisan numutkeun Blanco

Daun juwar, kembang jeung polongna anu ngora kénéh bisa dimangpaatekun pikeun parab ingon-ingon ruminansia, ngan kandungan alkaloida dina ieu tangkal kabuktian toksik (mibanda racun) pikeun non-ruminansia saperti babi jeung unggas.[5][8][9] Tapi lamun di Godog sarta caina diganti sababaraha kali , daun-daun juwar ngora kitu deui kembangna dimangpaatkeun pikeun sayureun utamana dina pasakan lokal di Thailand jeung Sri Lanka.[7]

Juwar ogé ngahasilkeun zat penyamak tina kulit tangkal; pepaganna, daun jeung buahna. Simplisia anu mangpaatkeun pikeun ubar mangrupa daun, kulit akar, jeung siki.[10] Akarna dipaké pikeun ngubaran cacingeun jeung budak anu katerap sawan. Kai terasna mibanda hasiat pikeun pencahar, sarta cai godogan dimangpaatkeun pikeun ngubaran kudis di Kamboja.[5] Di Jawa Tengah, téh juwar anu dihasilkeun tina godogan daunna dipaké pikeun ubar malaria.[8] Daun-daun jeung bagian tutuwuhan séjén tina tangkal juwar mibanda sanyawa kimia saperti antrakinona, antrona, flavona, ogé rpa-rupa triterpenoida jeung alkaloida, kaasup ogé kasiadimina (cassiadimine).[5] Kulit akar mibanda kandungan lupeol, betalin, jeung, diantrakinon. Sikina mibanda lemak jeung sitosterin.[10]

Di Cina, juwar ngahaja dipelak mangrupa tutuwuhan inang pikeun miara kutu lak. Sagigireun kitu daun-daun juwar remen ogé dimanfaatkeun pikeun gemuk héjo atawa mulsa.[7]

Ekologi jeung ngarekahkeun[édit | édit sumber]

Juwar tangkal anu aslina ti Asia Kidul jeung Tenggara.[5][6] Tutuwuhan ieu geus dibudidayakeun dina waktu anu geus lila, alatan kitu tempat asalna anu pasti geus teu bisa dipikanyaho deui.[7] Di Indonésia, juwar dipikanyaho hirup alami di Sumatra.[8]

Juwar bisa hirup subur dina rupa-rupa kaayaan tempat; ngan waé paling loyog dina dataran landeuh di tropika kalayan iklim muson, ogé turun hujan antara 500–2800 mm (optimum sekitar 1000 mm) dina sataun, kitu deui temperatur kurang lebih leuwih 20—31 °C. Juwar mikaresep taneuh-taneuh jero, subur, kalayan pH antara 5,5—7,5. Tangkal juwar teu kuat ku tiis sumawona nepika beku, hirupna kurang subur upama hirup dina palebah; elevasi 1300 m dpl.[6]

Ngarekahkeun utamana dilakukeun tina siki, ilaharna langsung diawurkeun ditegalan. Siki-siki seger henteu merlukeun tarékah husus, cukup dikeueum dina cai tiis salila 12 jam bakal ngagancangkeun bijil sirung.

Cara séjén ku jalan di ngabungbun heula; semai saméméh na, engké dipindahkeun anakanna ka tempat melak mangsa geus umur 12-14 minggu (jangkung 25–30 cm). Cara kadua ieu ngaronjatkeun kamungkinan anakna bisa tumuwuh, utamana dina nyingareupan gangguan gulma.[6]


Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Irwin, H.S. & R.C. Barneby 1982. The American cassinae : a synoptical revision of Leguminosae tribe Cassieae, subtribe Cassiinae in the New World. Mem. New York Bot. Gard. 35: 1-918.
  2. Lamarck, J.B. 1785. Encycl. 1: 648.
  3. a b Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 226 (sebagai Càssia siàmea Lamk.).
  4. Jensen, M. 1999. Trees Commonly Cultivated in Southeast Asia: an illustrated field guide. 2nd Ed. FAO - RAP Publication: 1999/13
  5. a b c d e f g h i j E-Prosea Detail: Senna siamea (Lamk) Irwin & Barneby Archived 2016-03-04 di Wayback Machine
  6. a b c d e f FACT Sheet: Senna siamea - a widely used legume tree Archived 2012-01-18 di Wayback Machine. FACT 99-04, June 1999.
  7. a b c d e ICRAF Agroforestry Tree Database: Senna siamea Archived 2012-01-17 di Wayback Machine
  8. a b c d Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 2. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 926-927.
  9. FAO – AGPC: Senna siamea (Lam.) Irwin & Barneby Archived 2017-07-08 di Wayback Machine
  10. a b "Johar". IPTEKnet. Diakses tanggal 7 April 2013.  Archived 8 Maret 2013 di Wayback Machine

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan