Kabupatén Tulang Bawang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Kabupaten Tulang Bawang
Lambang Kabupaten Tulang Bawang
Lambang Kabupaten Tulang Bawang


Moto: Sai Bumi Nengah Nyappur
(Bahasa Lampung: Satu Tanah, Ramah Bergaul)



250px
Peta lokasi Kabupaten Tulang Bawang di Lampung
Koordinat:
Propinsi Lampung
Dasar hukum UU Republik Indonesia No. 2 Tahun 1997
Tanggal diresmikeun 20 Maret 1997
Puseur dayeuh Kota Menggala
Pamaréntahan
-Bupati Winarti
-Wakil Bupati Hendriwansyah
APBD
-DAU Rp 614.655.240.000.-(2017)[1]
Lega 3.466,32 km2
Pangeusi
-Total 429.515 jiwa (2015)[2]
-Kepadatan 123,91 jiwa/km2
Démografi
-Kode area telepon 0726
Pembagian administratif
-Kacamatan 16
-Kalurahan 4
-Désa 147
Simbol has daerah
Ramat loka http://www.tulangbawangkab.go.id/



Kabupatén Tulang Bawang diadegkeun tanggal 20 Maret 1997, mangrupa salah sahji kabupatén Propinsi Lampung, Indonésia nu miboga puseur dayeuh nyaéta Kota Menggala.

Dina wanci harita Kabupatén Tulang Bawang mangrupakeun wilayah panggedena nyaéta 22% ti wilayah Propinsi Lampung, Indonésia.[3]

Profil Singget[édit | édit sumber]

Kulantaran sadar yén gedena tantangan dina upaya percepatan pangwangunan Kabupatén Tulang Bawang, dina taun 2008 pamaréntah jeung masarakat sapuk pikeun ngamekarkeun jadi 3 wilayah daérah otonom nu anyar didasaran ku Undang Undang Nomor : 49 Tahun 2008 ngeunaan dibentukna daérah otonomi Kabupatén Mesuji jeung Undang Undang Nomor : 50 Tahun 2008 ngeunaan dibentukna daérah otonom Kabupatén Tulang Bawang Barat.[3]

Sanggeus wilayah ieu dimekarkeun, wanci kiwari Kabupatéen Tulang Bawang nu miboga lega ± 4.385,84 Km persegi nu kasebar di 15 wilayah pamaréntahan kacamatan, 4 kalurahan jeung 148 kampung.[3] Sanajan wilayah ieu geus dimekarkeun, Kabupatén Tulang Bawang miboga ragam poténsi sumber daya jeung karagaman budaya nu poténsial pikeun dimekarkeun deui supaya bisa ngamajukeun kasajahteraan masarakat.[3]

Kabupatén Tulang Bawang jarakna 120 Km ti puseur dayeuh Propinsi Lampung, Bandar Lampung. Sedengkan ti Jakarta ku transportasi udara ± 45 menit ti Bandara Soekarno Hatta ka Bandara Raden Intan II (Branti) dituluykeun ku 2 jam jalan darat ka kota Menggala Kabupatén Tulang Bawang. Pikeun nu maké transportasi darat jarakna ti Jakarta ka Menggala bisa ± 8 jam ngaléwatan Palabuan Laut Merak Bakauheni.[3]

Géografis[édit | édit sumber]

  • Kabupaten Tulang Bawang dengan puseur dayeuh Menggala, miboga jarak kurang leuwih 120 km ti puseur dayeuh propinsi[3]
  • Batas-batas wilayah Kabupatén nyaéta ieu dihandap:[3]

Topografi[édit | édit sumber]

Sarcara topografi daérah Tulang Bawang dibagi ku 4 bagéan:[3]

  • Daérah daratan, ieu magrupakeun daérah panglegana nu dimangpaatkeun pikeun tatanén.
  • Daérah ranca, aya di sapanjang Basisir Wétan nu miboga tingkat kaluhuran 0-1 m, nu mangrupakeun daérah ranca pasang surut.
  • Daérah River Basin, miboga dua River Basin nu utama nyaéta River Basin Tulang Bawang, jeung River Basin walungan-walungan leutik lianna.
  • Daérah Alluvial, nu ngawengku basisir beulah wétan nu mangrupakeun bagéan hilir (down steem ti walungan-walungan gede nya'eta Tulang Bawang, sarta Mesuji) dimangpaatkeun pikeun palabuan.[3]

Iklim[édit | édit sumber]

Hujan Daérah Kabupatén Tulang Bawang miboga iklim tropis, kalawan usum hujan jeung usum halodo silih ganti. suhu rata-rata 31° C. Curah hujan rata-rata 2.000 – 2.500 mm/taun.[3]

Angin Iklim Tropis Humod jeung angin laut lembab nu nebak ti Samudera Indonésia jeung Laut Jawa, ti arah Kulon jeung Kulon Laut lumangsung dina bulan Novémber - Maret. Salila bulan Juli - Agustus, angin nebak ti wétan jeung Tenggara. Gancangna angin rata-rata 5,83 km/jam.[3]

Taneuh sacara gurat badag Taneuh di Tulang Bawang dibagi 6, antarana Aluvial, Regosol, Andosol, Podsolik, Coklat, Latosol, jeung Padsolik Merah Kuning (PMK).[3]

Cai Salian sumber cai taneuh, sumber cai lianna nyaéta sumber cai mangrupa walungan jeung laut.[3]

Mineral Jinis mineral poténsial jeung stratégis di Tulang Bawang nyaéta:[3]

  • Pasir Kuarsa, aya disakitar Menggala jeung Gedung Meneng.
  • Minyak Bumi, aya di lapisan Palémbang nu kakumpul salaku lanjutan ti endapan Minyak Bumi di daérah Palémbang; puseurna di sabudeureun Menggala.
  • Batu Bara, dépositna aya di lapisan sédimén formasi éndosit, nyaéta bagéan Hulu Way Tulang Bawang.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Rincian Alokasi DAU Murni T.A. 2017" (PDF). 
  2. https://tulangbawangkab.bps.go.id/website/pdf_publikasi/Kabupaten-Tulang-Bawang-dalam-Angka-2016.pdf
  3. a b c d e f g h i j k l m n o Bawang, Diskominfo Tulang. "Selayang Pandang | Website Kabupaten Tulang Bawang". tulangbawangkab.go.id. Diakses tanggal 2019-11-30.