Lompat ke isi

Kuluwung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Kuluwung dipaké ngocorkeun cai di pancuran

Kuluwung nyaéta solobong buleud anu dipaké pikeun ngocorkeun cai.[1] Kuluwung ogé nunjul kana solobong tina bahan kai anu dipaké awak kendang, bedug, dogdog jeung waditra séjén anu wangunna kurang leuwih sarua.[2][3] Kuluwung sok disebut ogé talang, dina basa Inggris disebut pipe.[4][5]

Pedaran

[édit | édit sumber]

Kuluwung pikeun pancuran atawa ngocorkeun cai ka sawah ilaharna dijieun tuna tangkal awi anu buku-bukuna ditotogan heula sangkan liangna bungbas.[6] Kuluwung pikeun waditra dijieun tina tangkal anu mibanda katangtuan sipat : heuras, garing, lempeng, hampang jeung kuat.[7] Bagian kuluwung anu liangna badag sarta dituruban ku kulit ditunda beulah handap ngarana setung atawa bem kendang, liang kuluwung anu leutikna ogé dituruban ku kulit disebutna kempyang ditunda palebah luhur.[8] Kai anu hadé pikeun bahan kuluwung saperti : jati, kananga, nangka, jeung mahoni.[9]


Kiwari kuluwung geus dijieun dina rupa-rupa ukuran jeung bahan anu béda-béda saperti beusi, semén, PVC, poliétiline, VPVC, tambaga, jeung sajabana gumantung kana maksud jeung kabutuhan éta kuluwung.[10]

Bahan-bahan kuluwung

[édit | édit sumber]
  1. Kuluwung awi atawa kai : harga kawilang murah loba anu ngajual tur gampang ngagunakeunna.[11]
  2. Kuluwung taneuh : utamana dipaké pikeun pamiceunan cai kotor, hanjakal kurang kuat lila jeung gampang ngagebros.[12]
  3. Kuluwung tina palastik : ilahar dipaké pikeun ngocorkeun cai, hargana kawilang murah, loba rupa jeung ukuran, kuat, tur loba anu ngajual.[12]
  4. Kuluwung beusi : ilahar dipaké pikeun ngenyot cai, gas, jeung minyak tina jero taneuh.[13]


Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Satjadibrata (R.) (1954). "Kuluwung". Dina - (éd.). SKamus basa Sunda: katut kĕtjap-kĕtjap asing nu geus ilahar. Jakarta: Perpustakaan Perguruan Kementerian P.P. Dan K. hlm. 193–283.
  2. Sumarlina, Elis Suryani Nani (2009). Mengungkap kearifan lokal budaya Sunda yang tercermin dalam naskah dan prasasti. Bandung: Alqa Prisma Interdelta.
  3. Mustappa, Abdullah , (1986). Sawidak carita pondok. Bandung: Mangle Panglipur. Pemeliharaan CS1: Banyak nama: authors list (link) Pemeliharaan CS1: Tanda baca tambahan (link)
  4. ISO - Pipe, Tube and Fittings Standards and Specifications
  5. Rigg, Jonathan. A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard1862: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. Diaksés tanggal 29 Nopémber 2019. Pemeliharaan CS1: Lokasi (link)
  6. Sumarna, Anang (1986). Bambu. Jakarta: Angkasa.
  7. Departemen Atikan dan Kebudayaan (2005). "Awak kendang". Dina Fulconis, R. (éd.). Ensiklopedi musik Indonesia, Volume 4. Jakarta: Departemen Atikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daérah. hlm. 60.
  8. Ubun Kubarsah R. (1994). "Kuluwung". Dina - (éd.). Waditra: mengenal alat-alat kesenian Daérah Jawa Barat. London: CV Beringin Sakti. hlm. 73.
  9. Facal, Gabriel (2016). Keyakinan dan Kekuatan: Seni Bela Diri Silat Banten. Jakarta: Yayasan Pustaka Obor Indonesia. ISBN 978-602-433-130-6.
  10. Nur Alam Syah, Andi (2006). Biodiesel Jarak Pagar; Bahan Bakar Alternatf yang Ramah Lingkungan. Jakarta: AgroMedia.|ISBN=979-3702-83-4
  11. Cahyono, Ir. Bambang (2000). Budi daya ikan air tawar: ikan gurami, ikan nila, ikan mas. Jakarta: Kanisius. ISBN 978-979-672-728-5.
  12. 1 2 Gunawan, Ir. Rudi (2006). Rencana Rumah Sehat. Jakarta: Kanisius.|ISBN=978-979-21-2271-8
  13. Simamora, Suhut (2010). Membuat Biogas; Pengganti Bahan Bakar Minyak & Gas dari Kotoran Ternak. Jakarta: AgroMedia.