Lélés

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Tangkal Lélés

Lélés (ficus subracemosa) nyaéta spesies tangkal tina kulawarga Moraceae anu asalna ti Asia, kapuloan Pasifik nepi ka Australia. [1] Disebut ogé udumbar dina basa Sanskrit; dina basa Hindi disebut Gular.[2][3]Tangkal anu sarimbag : Loa, kondang.[2]


Ieu tangkal lélés jangkungna bisa nepi ka 40 méter kalawan buleudan tangkalna 1,75 méter.[4] Loba kapanggih hirup di pileuweungan Asia Tenggara, ilaharna di pulo Jawa hirup ditempat anu luhurna 1.500 méter tina beungeut cai laut.[4]


Sanajan jangkung badag, tangkal lélés mah kaina teu bisa dipaké bahan bangunan ku lantaran leuleus jeung hipu, geutahna bodas baheula mah sok dimangpaatkeun pikeun ngabatik.[5] Mimiti geutahna dikumpulkeun kujalan disadap, tuluy digolakkeun sangkan kandungan caina leungit kalawan bakal nyésakeun lilin anu lemes tur bodas.[6] Tangkal lélés mibanda pharmacology aktip kayaning: coagulum, caoutchoue 16.3-25.7, Resin 72.3-77.6, insolubles 0.8-8.3%. Original latex : water and water solubles 70.-76.4, caoutchouc 4.0-7.4 %.[6]


Bagéan anu bisa dimangpaatkeun tina tangkal lélés: kulit tangkal, buah, geutah jeung akar.[6] Dina catetan sajarah di India tangkal lélés dimangpaatkeun pikeun ubar kasakit panas padaharan jeung suda kana barang dahar.[6] Kulit tangkalna molotok aripis, kelirna semu hawuk sawaréh aya anu coklat, heuras tapi babari dipiteskeun.[6] Daunna lonyod méncos ka tungtuna, ngémploh, umpama hirup sisi jalan mah sok ngahaja diparaké ngiuhan.[6] Buahna mah méh sarimbag jeung buah loa, bijil tina tangkal jeung dahan, ngaranggeuy, wanguna buleud semu gepéng, di jerona loba siki, buah ngora kelirna héjo dimana wancina asak robah kelir jadi beureum.[6]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Priyadi, H., Takao, G., Rahmawati, I., Supriyanto, B., Nursal, W. I., Rahman, I. (2010). Five hundred plant species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: a checklist including Sundanese names, distribution and use. CIFOR, Bogor, Indonésia. ISBN=9786028693226 [1]
  2. a b Jonathan, Rigg (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. Dibrata, R.A. Dana (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. ISBN 9793631937. 
  4. a b "Niagara mini". National geographic Indonesia. 2014-09-04. Diakses tanggal 2017-09-24. 
  5. Pringondigdo, Prof, Mr, A.G (1973). Ensiklopedi Umum. Jakarta: Kanisius. ISBN 9789794135228. 
  6. a b c d e f g Khare, C.P. (2011). Indian Herbal Remedies: Rational Western Therapy, Ayurvedic and Other Traditional Usage, Botany. New Delhi: Springer Science & Business Media. ISBN 9783642186592. 
Nulis.jpg