Wawacan Layang Muslimin Muslimat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
(dipindahkeun ti Layang Muslimin Muslimat)
Luncat ka: pituduh, sungsi

Wawacan Layang Muslimin Muslimat nyaéta naskah kuno karangan R.Asep Martawijaya urang Pataruman Tarogong Garut anu ditulis dina wangun wawacan. Ieu naskah téh eusina mangrupa sastra kaagamaan ngeunaan bebedaan istilah wajib jeung fardu, solat lima waktu jeung gerakanna, 4 (opat) rupa mapsu, rukun Islam, rukun iman, kitabullah anu jumlahna opat, rukun syahadat, opat rupa amal, opat unsur alam nyaéta taneuh, angin, seuneu, jeung cai, carita dipiceunna Nabi Adam jeung Siti Hawa ka alam dunya, jumlah poe dina saminggu (palawangan) jeung dawuh lima anu dikaitkeun/disimbulkeun jeung pancaindera, sarta jumlah bulan dina sataun jeung jumlah poe dina sabulan anu disimbulkeun ku awak manusa[1].

Di sagedengeun minangka naskah kaagamaan, Layang Muslimin Muslimat ogé munel ku pangatikan moral anu pohara luyu jeung boga mangpaat pikeun kahirupan manusa, utamana pikeun ngungkulan krisis moral anu kiwari karandapan.[1] Pangatikan moral anu disebutkeun téh nyaéta jujur, kréatif, religius, tanggun jawab, santun, taliti, gawe bareng, silih ajenan, leukeun, kritis, rasional, ludeung, rela berkorban, cinta elmu, gawe rancage, sabar, disiplin, jeung mikir positif.[1]

Naskah Layang Muslimin Muslimat sakumna aya 6 jilid. Salah sahiji salinan naskahna dipiboga ku Adang di Kampung Cieunteung Desa Mekarluyu Kabupatén Garut[2].

Ringkesan Eusi[édit | édit sumber]

Dicaritakeun masalah perelmuan dina kitab layang ku cara dialoh antara raka Den Muslimin sareng rayina Den Muslimat dugika 6 (genep) jilid, anu jilid ka genep ditambah gambar Tajalli jeung makom alam tujuh.

Teu saalit anu minat maca kitab layang muslimin muslimat kumargi tos jarang anu asli mah, éta ogé seueur ku cara di copy ti nu aslina jeung parantos lapuk hampir teu kabaca deui. Dina layang Muslimin Muslimat diterangkeun Mutu Qobla antal Mutu nyaéta kudu ngarasakeun maot memeh paeh, hartina saha saha nu lolong di dunyana niscaya di aheratna ogé pasti lolong kalawan leuwih sasar, "Waman kana fi hadihi a'maa fahua fil ahiroti a'maa waadollu sabiila" janten mengenal Allah téh kedah dugi ka yakin, pan aya kieu geuning " Wa'bud robbaka hatta ya'tiyakal yakin " janten yakin téh tina proses pangalaman jadi percaya nu saterusna jadi iman/nyaho/ kapercayaan.

Ari Wanoh ka Alloh téh kedah mengenal dirina heula diri nu sajatina, da nu mulang ka asalna di dieu mah jasad/awak/kurung/jirim/jasmanina, nu asal tina sari pati dunya téa,pan ari jasmani téh hartina jas(baju) bajuna rohani téa, tina satetes air hina, nyaéta cimani atawa sperma anu proses tina kadahara-kadaharan anu jaradi dina taneuh/bumi téa, "Minassulbi Wattaroo'ib" malah alus keneh endog hayam aya hargaan, sok kasebat geuning nu maot téh "Mulih ka jati mulang ka Asal" ari anu mulih ka jati mah nyaéta nyawa/jiwa/jisim/kuring/atawa ruhani, kenging rido Alloh tiasa pendak sareng Rabbna, nu Qodim balik jadi Qodim mantak aya pangajian santapan rohani, maksadna kanggo mengenal Alloh ti ayeuna keneh, ari mengenal Alloh téa kudu kenal heula jeung dirina sorangan, sanggeus mengenal dirina tangtu nyaho ka pangerana, lamun geus nyaho ka pangerana tangtu dirina ngarasa bodo, sabab aya Dalil "La haola wala kuwwata Illa billahil aliyyil adzim" jeung Hadist anu kasebut " Man arofa nafsahu Fakod arofa robbahu Waman arofa robbahu fakod jahilan nafsahu".

Tina bahasan Layang Muslimin Muslimat sadayana mangrupi pengenalan alam batinna manusa (aherat) ku conto kajadian alam dunya mangrupa eunteungna (cermin) kanggo ngakurkeun dina kahirupan manusia sadidinten dirarapkeun kana wujud jagat sagir/awak, saperti contona dina badana manusa aya dangu/cepil jeung pangdanguna,ningali/soca jeung paninggalna, kecap/baham jeung pangucapna, angseu/pangambung jeung pangangseuna éta pan dua-dua nu dohir jeung nu batin/gaib, ari nu dohir, cepil soca baham jeung pangambung, pan ari pangdangu paninggal pangucap pangangseuna mah gaib contona nu maot gaduh cepil soca pangambung sareng baham teu tiasa nanaon, da nu gaibna mah pangdangu paninggal pangucap pangangseuna kagungan gusti, nu asal ti Allah,. janten kanggo miluruh sareng ngakurkeun tadi kedah naroskeun ka anu luhung ku elmu jembar ku pangabisa nya ka ahlina "Ngaguru kepada yang tahu Bertanya kepada ahlinya" margi seueur sepuh bubudakeun da teu ngungkab elmu ieu, tapi aya budak ogé geus koloteun hartina teu milih-milih elmu, nu penting tos ngagaduhan pamilih azas manfaat jeung maslahat, pan aya geuning hadistna "kut lubil ilmi minannahdi ilallahdi" jeung seueur deui nusanesna, malah diterangkeun dina muslimin muslimat téh elmu téh aya opat perkara nyaéta:

Ka hiji elmu saréat kadua elmu torekat katilu elmu hakekat anu ka opat elmu ma'rifat.

Janten sae lamun urang nyorang éta elmu sadayana dileukeunan ti ayeuna, supados mengenal diri téa, pan elmu téh kanyaho atawa cahaya (nur) anu bisa nyaangan jalan urang hirup di alam dohir/dunya sareng alam gaib nyaéta alam aherat.

Tiap elmu tinangtos ngagaduhan kahususan peruntukanana sapertos elmu saréat kanggo ngabahas aturan2 fiqih secara sunnah rosululloh nu tos tangtos aturanana di masyarakat umum sanaos benten tata carana kumargi gaduh madhab masing-masing, namung ari elmu tarekat mah ngabahas tujuan ibadahna, margi ari ibadah téh asal tina kata abid/kaula atanapi abdi janten urang téh abdina guti nu maha suci, sareng ngabdi téh teu cekap ku netepan atnapi ngalaksanakeun rukun-rukun agama nu sanesna, tapi kudu ngangliputi sakabéh lakuning lampah urang, malahan tekad ucap sinareng langkah "Iqror Fillisan tasdik bil kolbi af'al bil arkhan" kudu di wengku di tata supaya mulus rahayu berkah salamet hirup urang teh, pan aya dalilna geuning "Inni jailun fil ardi kholifah" teu samata-mata gusti alloh ngutus manusa ka dunya nyaéta salaku wawakil, sareng dalil "Wama arsalnaka Illa rohmatan Lil Alamin" jeung urang hirup téh kedah jadi rohmat ka sakabéh alam ulah rohmatan lil keluarga ogé geus jadi piomongeun batur.

Kunaon margina opat tahapan elmu anu diluhur kudu di kaji sareng di ungsi margina supados saimbang / balance, pan aya do'ana "Robbana Atina Fiddunya hasanah Wafil Akhiroti hasanah waqina adza bannar" ari perkara dunya téangan saloba-lobana ibarat arek hirup sarebu tahun,jeung téangan elmu saloba-lobana ibarat rek maot isukan, ngan ari néangan dunya mah kudu maké elmu dunya deui geus loba conto-contona malah lamun urang daek tafakur kana kakawasaan gusti Alloh, coba tingali cakcak hirupna ku Alloh dibere kamampuan ngarayap sedeng rizqina halaliber aya jangjangan tapi teu weleh geuning di rizqian malah mararontok jeung teu eureun eureun baranahan aranakan, apan ari ka aheratan mah teu gagabah ngabahasna oge, contona geuning para waliyulloh upami badanten masalah perelmuan téh di tengah laut diluhur gunung, malah kangjeng Rosullulloh dina usia opat puluh tahunan mah, anjeunna secara pribadi hoyong ngahadep kanu kawasa téh dugi ka ninggalkeun umat heula angkat ka goa hiro / jabal nur, sakingku hoyong tenang sareng tengtrem, kapendak sono cinta asih kanu ngusik malikeun, apan aya dalilna ogé "Ya ayyuhannafsul mut'mainnah Irji'i ila robbiki rodiyatan madiyyah fadkhuli fi'ibadi wadkhuli jannati" Alloh ngagero umat pilihannana nu geus bisa ngalaksanakeun hirup ngandung rohmat, tur madep deui ka anjeunna dina posisi / makom anu kaayaan tenang jeung tengtrem, pan sorga téa bagéanana, malah geuning di goa hiro téh seueur pisan mantenna kenging wahyu da tos tenang sareng tengtrem téa dugi ka kiwari nyatana Alqur'an.

Allah parantos nurunkeun opat kitab, nu kahiji kitab Jabur ka Nabi Daud.as, kitab Tauret ka Nabi Musa.as kitab Injil ka Nabi Isa.as sareng AlQur’an ka Kangjeng Nabi Muhammad saw, urang islam anu beriman kedah percanten kana kitab-kitab Allah nu parantos diturunkeun ka Nabi2 Allah nu tipayun maksadna ngudag kana sajarahna para Nabi sateu acan Kangjeng Rosululloh saw, malah firman Allah dina AlQur’an seueur ayat2 Alloh anu henteu tertulis misalna , upami cai laut saalam dunya moal cukup lamun dipaké jang mangsina, atawa tatangkalan saalam dunya jang kalamna moal cukup jang nulis ayat2 Allah kumargi seueur2na, nu matak kedah seueur iqro / maca téh supaya pinter, pan mun geus piter mah meureun moal loba dibobodo teuing da geus nyaho, pan seuseueurna mah jalmi téh loba kabobodo tenjo jeung kasamaran tinggal, hartina nu enya di lain-lain malahan nu lain di enya-enya tah kitu kajadianana lamun teu boga elmu, janten penting iqro / maca teh, malah geuning Alqur'an téh “Hudan lil muttaqin” pedoman atanapi petunjuk hirup kanggo anu taqwa, malahan aya deui hadist “Iqro kitabaka kafa binafsika alyaoma alaika Hasiba” baca saurna téh kitab anu aya dina diri maneh, tangtos geura langkung jelas upami dilenyepanana, sapertos kajantenan hirup urang pribadi.

nu saurna anu dicatet ku malaikat Rokib sareng Atid ti kawit urang imut /baligh dugi ka kiwari, lampah sae sinareng awonna ogé tangtos moal hilap kalawan jentre, sanes saukur beja atawa cenah ceuk batur, da éta mah catetan diri sorangan, kitabna ogé dibabawa ku sorangan, nu nyahoeun kana jeroan kitabna ogé urang sorangan, malahan nu nyatet kasaéan jeung kagorengan lampah urang oge, nu nyatet urang ku anjeun lain batur, naon sababna? Apan Alloh tos ngamulyakeun ka manusa leuwih mulya tibatan mahluk sanesna. “ Laqod holaknal insaana fii ahsani taqwim” malihan urang upami milariyan elmu ogé ulah kaluar ti diri, kayakinan nu jelas tur ka alaman ku diri pribadi, margina tiasa nyasarkeun ka urang, “Man tolabal maulana bighoiri nafsi fakoddholla dholaalam ba’da” contona seueur geuning ayeuna mah nu di sebat elmu téh nalongerak pisan tinggal urang tiasa milih-milih mana anu cocok sinareng anu pas sareng kajadian bathin urang, pan kangjeng Rosululloh mah upami dina tindak tandukna téh picontoeun, “Innama Buistu Liutammima makarimal Ahlaq” janten ayeuna mah seueur pisan nu tos tiasa janten pamingpin, syeh atanapi guru, tapi teu tiasa ngajalankeun amanah, karunia ti anu Maha kawasa, mung saukur tiasa marentah sareng nyariosna wungkul, teu dibarengan jeung elmuna matak teu saeutik pangagung Nagara nu nyeleweng, ulama nu ngaruksak amanat, guru nyontoan goreng sareng seueur-seueur deui upami dibahas moal beres sapoe.

Eta kajadian diluhur téh ku sabab teu boga elmu /kanyaho/lolong téa, lamun boga elmu mah moal lolong pastina ogé sieun ku Alloh téh nungagerakeun ngadaya upayakeun urang sapopoe na, malah dicatet dina kitab nu gaib nu teu katempo ku batur ngan ku urang wungkul, kitab nu aya dina diri urang ku anjeun, cobi emutan anu lenyep tur tiis ngemutanana.

Teu saalit jalma anu tos ziarah angkat ka tanah suci mekah sebagai tamu Alloh ngalaksanakeun rukun anu lima, “Labaekalloh humma labbaek labbaeka laasyarika laka labbaek Innalhamda wanni’mata laka walmulk” malahan bangsa Indonesia mah melebihi quota anu tos di tangtoskeun tiap taunna, ditambah ku ibadah umroh meureun geus teu ka itung seueurna tamu Alloh teh, tapi diantawisna aya nu teu daekeun nyurup kana laku sareng lampahna hasil Ibadahna tadi, janten penting tur wajib geuning urang milari elmu teh, malahan kedah ditingkatkeun, diteuleuman, ti kawit elmu saréat, torekat, hakikat sinareng ma’rifatna supados urang salamet dohir sinareng bathin, dunya rawuh aheratna.

Upami urang nyaba nyorang ka alam kapungkur deui, tong tebih teuing nuju orok, pasti indung urang ngabejaan ka urang waktu lahir téh kitu-kitu cenah, contona ayeuna urang ninggali ka istri urang waktu ngalahirkeun anak urang, budak téh ceurik geuning waktu lahirna lain seuri, tah ku naon kitu, jeung surfey ngabuktikeun can manggihan nu ngajuru barang borojol téh si orok / bayi ujug-ujug seuri nga Ha Ha seuseurian, éta tawis panginten di alam rahim ogé geuning sakitu ni’matna, komo di Alam Alloh mah Langgeng ni’matna teh, anu henteu aya putusna téa, sabab geuning ti orok urang lamun keur tiris ceurik, da teu ngeunah pek geuning ku indung di simbutan sare weh orok teh, atawa lapar urang ceurik, pek ku indung di bere madu jeung disusuan mani ngagenyol jeung ni’mateun pisan tepi ka sarena, matak pantes aya dalil “ Aljannatu tahta aqdami ummahati” sorga téh aya dina handapeun talapak suku indung, lantaran jelas kani'matan téh tibubudak geus diwarah ku indung, malahan anu bakal jadi pigorengeun ka éta budak ogé indung mah geus apaleun can di pigawe geus dicaram, saking ku nyaah hayang anak salamet.

Ngabahas salamet ogé urang kedah terang bahasa arabna salamet téh asalna tina Assalama / Islam téa, janten Islam téh ngandung harti anu bakal nyalametkeun umatna di dunya sareng aheratna, mung Islamna nu mana? Upami ditilik anu tos dibahas diluhur geuning apik pisan tuntunan agama teh, tapi bet benten geuning jeung nu tos di contokeun ku Rosululloh, éta panginten PR kanggo urang introspeksi diri ulah janten kesan Islam téh biadab, kasar, anu seueur nimbulkeun kekerasan, pan teu kitu conto mah panginten “Rohmatan Lil Alamin”.

Sumber Rujukan[édit | édit sumber]

Daptar Naskah Wawaacan
Wawacan Amongsari jeung Lembusari - Wawacan Umar Maya - Wawacan Pranatana Istri ka Carogé - Wawacan Muslimin-Muslimat - Wawacan Sulanjana - Wawacan Panji Wulung - Wawacan Adat Ngurus Orok - Wawacan Angling Darma - Wawacan Indra Putra - Wawacan Aji Saka - Wawacan Damarwulan - Wawacan Gandasari - Wawacan Ratu - Wawacan Batara Rama - Wawacan Rusiah nu Kasép - Wawacan Rengganis - Wawacan Mintaraga - Wawacan Iman, Ëlmu reujeung Amal - Wawacan Purnama Alam