Lulumpang
Lumpang jeung alu tina kai | |
| Asal | Tatar Sunda |
|---|---|
| Bahan | Kai teuas atawa batu |
| Pasangan | Alu |
Lulumpang nyaéta ngaran parabot dapur paranti nutu atawa ngabebek bungbu, kopi[1], cabé, nipung, nyieun adonan, jeung sajabana [2]. Lulumpang bisa dipaké atawa digunakeun di mana aya halu pikeun nutuna ku lantaran halu jeung lulumpang mangrupa sapasang pakakas[3]. Bisa ogé dipaké nutu Paré meunang méré sihan tina gagangna (ngaguguran) tuluy dipoé nepika garing bisa ditutu maké lulumpang pikeun mesék kulitna sok disebut huut sangkan jadi béas.[4]
Pedaran
[édit | édit sumber]Bahan lulumpang
[édit | édit sumber]Lulumpang dijieun tina rupa-rupa bahan, gumantung kana kabutuhan jeung bahan anu baris dibebek. Aya sababaraha bahan lulumpang saperti:
Sajarah
[édit | édit sumber]Dumasar hasil panalungtikan lulumpang geus digunakeun ku masarakat Indonésia ti mangsa megalitik kénéh, salah sahiji bukti pamanggih arkeolog anu dimimitian taun 1975. Di Sulawesi Tengah manggihan puluhan lulumpang tina batu, ieu situs kapanggih dina tegalan jukut dipapantes baheulana éta tegal mangrupa tempat nganjrek sakumpulan jalma anu hirup ku jalan tatanen ieu dikuatkeun kukaayaan éta tempat kacida méré nah jeung alus dipaké tatanen.[6] Situs megalitik anu aya di Cianjur pernahna di Gunung Padang, lulumpang batu kapanggih pacampur jeung balok-balok batu ukuran buleudna 22 cm jerona 10 cm ieu sarimbag jeung batu gandik anu kapanggih di situs-situs di Jawa, dumasar kana tempat pamanggihna lulumpang mibanda patula patalina jeung upacara-upacara anu dilaksanakeun.[6]
Fungsi jeung Kagunaan
[édit | édit sumber]Dina kahirupan tatanén urang Sunda baheula, lumpang miboga peran anu kacida pentingna:
- Nutu Paré: Prosés ngaleupaskeun cangkang paré (huut) sangkan jadi béas saméméh aya mesin panggilingan.
- Ngaulung Bungbu: Dipaké pikeun ngalembutkeun bungbu loték atawa rujak dina porsi anu loba (hajatan).[8]
- Nyieun Opak atawa Ulen: Ngabubukkeun beureum atawa ketan anu geus diseupan sangkan jadi adonan anu lemes.
Pasangan Lumpang
[édit | édit sumber]Lumpang tara bisa dipaké sorangan, tapi kudu aya pasanganna nyaéta:
Filosofi
[édit | édit sumber]Dina tradisi Sunda, sora lumpang anu ditutu sacara barengan ku sababaraha urang bisa ngahasilkeun wirahma anu éndah, anu disebut musik Gondang. Ieu mangrupakeun simbol kabungah sarta rasa sukur masarakat nalika usum panén anjog.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Lulumpang paranti ngabebek bungbu
- ↑ Ena Sutarna, Sugiyarto Dakung, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah, 1986, Kaca 148
- ↑ Lulumpang jeung haluna mangrupa hiji papasangan
- ↑ Upacara adat di Pasundan, A. Prawirasuganda, Sumur Bandung, 1982, Kaca 164
- ↑ Lulumpang kai
- 1 2 3 Peninggalan Tradisi Megalitik di Daerah Cianjur, Jawa Barat, Haris Sukendar, Direktorat Jenderal Kebudayaan, 1 Jan 1985, ditempo 10 Juni 2016
- 1 2 Sambal: sambal colek & saus cocol, Gramedia Pustaka Utama, 2004
- ↑ Pertiwi, A. C., dkk. (2019). "Kearifan Lokal Peralatan Dapur Tradisional Masyarakat Sunda". Jurnal Budaya Nusantara.
- ↑ Suryani NS, Elis. (2010). Kearifan Budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.
Tutumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Situs batu lulumpang
- Carita pondok ngeunaan lulumpang
- Dongeng ngeunaan lulumpang
- Arkeolog lulumpang Lulumpang patilasan
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |