Lompat ke isi

Oray héjo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Oray héjo
Red-tailed green ratsnake
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah edit
Missing taxonomy template (fix): Gonyosoma
Spésiés:
Ngaran binomial
Template:Taxonomy/GonyosomaGonyosoma oxycephalum
(F. Boie, 1827)
Sinonim

Elaphe oxycephala (Boie, 1827)

Oray héjo (Gonyosoma oxycephalum) disebut ular bamban (id), nyaéta hiji oray anu hirupna dina tatangkalan. Disebut oray héjo alatan ieu oray kelirna héjo kawas daun kahakanan kayaning bajing, beurit jeung sajabana. Orang ieu loba kapanggih hirup di Asia Tenggara. Dina basa Inggris, oray ieu disebutna Arboreal ratsnake, red-tailed greensnake, atawa red-tailed racer. Ari ngaran ilmiahna mah, oxycephalum, asal tina dua kecap: oxy="seukeut" jeung cephalos="hulu/sirah", dumasar kana huluna ieu oray anu nirus kawas tungtung panah.[2][3]

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]

Panjang awakna bisa nepi ka 2.1 méter. Awakna anu palebah luhur, kelirna hejo bagedos kawas daun. létahna semu paul aca tanda hideung di palebah tukangeun matana. kelir buntutna semu kacoklatan. Sababaraha spésimén anu kungsi kapanggih mibanda kelir anu campur/kombinaasi kawas kelir coklat, konéng, hejo semu biru, jeung kulawu.[4][5][6]

Sumebar hirup

[édit | édit sumber]

Oray héjo loba kapanggih hirup di Kep. Andaman, Myanmar, Laos, Vietnam, Kamboja, Thailand, Malaysia, Singapura, Indonesia (Sumatra, Nias, Mentawai, Kep. Riau, Bangka-Belitung, Jawa, Kalimantan, sarta pulo-pulo di sabudeureuna) jeung Phiilipina (Balabac, Bohol, Lubang, Luzon, Negros, Palawan, Kep. Sulu, Panay, Agusan del Sur, Dinagat).[7]

Ékologi

[édit | édit sumber]

Oray héjo nyiar hakaneun mangsa poé beurang kujalan ngarayap dina tatangkalan. Ieu oray bisa kapanggih di patempatan anu landeuh nepi ka tonggohna 1100 méter tina beungeut cai laut. Kawas oray héjo séjéna, sok ngahakan beurit jeung bajing ogé katempo ngakan manuk, lalay, kadal jeung gegeremet. Mun panggih jeung mangsana, sok gancang dipacok tuluy di beulit nepika paéh. Lamun ngarasa kaganggu, ieu oray sok ngadémprakeun beuheungna bari jeung létahna di kaluar-kajerokeun tina sungutna.[4]

Oray héjo baranahan kujalan ngendog/ (ovipar). Lobana endogan antara 5 nepika 12 siki. Anakna anu kakara megar mibanda panjang 40 nepika 55 cm.[4]

Dicutat tina

[édit | édit sumber]
  1. Wogan, G.; Vogel, G.; Thy, N.; Nguyen, T.Q.; Demegillo, A.; Diesmos, A.C.; Gonzalez, J.C. (2012). "Gonyosoma oxycephalum". IUCN Red List of Threatened Species (IUCN) 2012: e.T183196A1732988. doi:10.2305/IUCN.UK.2012-1.RLTS.T183196A1732988.en. https://www.iucnredlist.org/species/183196/1732988. Diakses pada 19 November 2021. 
  2. Rooij, N. de. 1917. The Reptiles of Indo Australian Archipelago. II. Ophidia. E.J. Brill, Leiden. pp. 104-105
  3. Stuebing, R.B. & R.F. Inger. 1999. A Field Guide to The Snakes of Borneo. Natural History Publications (Borneo). Kota Kinabalu. p. 152-154. ISBN 983-812-031-6
  4. a b c Ular Asli Indonesia: Ular Bajing (Gonyosoma oxycephalum)
  5. David, P and G. Vogel. 1996. The Snakes of Sumatra. An annotated checklist and key with natural history. Edition Chimaira. Frankfurt. p.91-92. ISBN 3-930612-08-9
  6. Tweedie, M.W.F. 1983. The Snakes of Malaya. The Singapore National Printers. Singapore. p.44-46.
  7. Citakan:NRDB species

  • Boulenger GA (1894). "On the Herpetological Fauna of Palawan and Balabac". Ann. Mag. Nat. Hist., Sixth Series 14: 81-90.
  • Dowling, Herndon G. (1958). "A taxonomic study of the ratsnakes VI. Validation of the genera Gonyosoma Wagler and Elaphe Fitzinger". Copeia 1958 (1): 29-40.
  • Gray JE (1849). "Description of three new genera and species of snakes". Ann. Mag. Nat. Hist., Second Series 4: 246-248.

Tutumbu ka luar

[édit | édit sumber]