Pancing

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Heliconiaceae
Starr 070906-8370 Heliconia stricta.jpg
Heliconia stricta (Dwarf daun Jamaika).
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
(unranked):
(unranked):
Commelinids (core Monokotil)
Ordo:
Kulawarga:
Heliconiaceae
Genera

lihat teks.

Pancing/panching; Heliconia indica nyaéta hiji tangkal nu asalna tina kulawarga Heliconiaceae.[1] Ieu tangkal hirupna ngarungkun/ngawangundapuran kawas tangkal cau.[1][2] Jangkungna nepika 2 méter malahan sakapeung aya nu leuwih jangkung, ieu tangkal remen katempo hirup di sisi leuweung, tegalan, sisi susukan, gawir, jeung tempat-tempat séjéna nu taneuhna jemlek tur kaiuhan.[1] Tangkal pancing mibanda ngaran daérah nu béda-béda, saperti di daérah Ambon disebutna kokin; di Sulawesi disebut eki; di Papua disebutna pena.[3]

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Pancing

Tangkalna baruleud gedéna kurang leuwih 4 – 10 cm, kelirna héjo semu konéng, sakapeung aya ogé nu semu beureum atawa wahuk glaucous.[3] Tangkal pancing dipelak tina anak tangkalna atawa bisa ogé tina siki buahna, sanajan mindeng teu jadi béda jeung tina anakna sok langsung lilir.[3]

Daun lonyod panjang kalawan tungtungna méncos dina satangkal aya 4 – 6 cupat, palapahna nu sok disebut tangkal panjangna 50 – 140 cm, rubak dauna 1,6-2,9 cm, kelirna semu héjo aya ogé semu konéng, sakapeung kelir palebah tungtung daun miang-miang semu beureum.[3] Panjang dauna kurang leuwih 33 cm.[1][3] Sarua kawas tangkal cau, nu katempo kawas tangkal téh sabenerna kunpulan tina palapah daun nu ngalingkup ngentép kékép dina puhu akarna (rhizomatosa) nepi kaluhur.[1][3]

Kembangna bijil henteu aya usumna, cupatna panjang 12–35 mm, gedé kembangna 8–10 mm kalawan dibulen ku klopak sarta corolla nu wanguna kawas parahu nangkub kelirna héjo semu konéng aya ogé nu euceuy beureum.[3]

Mangpaat[édit | édit sumber]

Kulantara kembangna alus tur mibanda kelir rupa-rupa kitu ogé dauna nu éndah, Ieu tangkal ngahaja dipelak pikeun papaés di buruan imah atawa kantor.[1] Sagigireun jadi pager hirup, ieu tangkal sok dipelak pikeun ciri atawa wates taneuh.[1] Dauna ogé bisa dimangpaatkeu pikeun mungkus olahan jeung kadaharan séjéna, kayaning pais, bugis, jeung sajabana.[1] Aya ogé nu diéntepkeun pikeun nyieu sasaungan pabinihan, ogé dipaké panutupan taneuh mangsa keur usum melak palawija sangkan kaiuhan, jeung réa-réa deui.[3] Kitu deui tangkalna bisa dimangpaatkeun pikeun tali ku jalan digintir/dirara heula; utamana di daérah Papua Nugini, Kapulauan Solomon, Kaledonia Baru jeung Vanuatu.[1]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i Pancing
  2. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. 
  3. a b c d e f g h ngaran séjén


Nulis.jpg