Panglai
Panglai | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | Z. cassumunar
|
Ngaran binomial | |
Zingiber cassumunar |
Panglai nyaéta ngaran tutuwuhan anu asalna ti India.[1] Panglai tumuwuh minangka rungkun, jangkungna bisa nepi ka 1,5 méter.[1] Watangna mangrupa watang semu anu diwangun tina palapah daun anu teu miboga pakang.[1] Wangun daunna lansét, manjang, sarta tungtungna seukeut.[1] Daunna leuleus, ipis, tur teu buluan.[1] Panglai mibanda ngaran daérah nu béda-béda: mungle (Aceh), bungle (Batak), kunyit bolai (Melayu), bengle (Jawa), pandhiyang (Madura), bangalai (Dayak), banggele (Bali), bale (Makasar), panini (Bugis), unin makei (Ambon).[2]
Ciri mandiri[édit | édit sumber]
- Beuti panglai wangunna buleud pendék, aya buku-bukuan, dina unggal buku aya sirungan.[1]
- Kulit luar warnana coklat ngora, upama dibeulah jerona warna konéng emas.[1]
- Kembang panglai mangrupa kembang majemuk, wangunna turuy, kaluarna dina tungtung watang, panjang gagangna nepi ka 20 senti.[1] Bagian anu ngandung kembang wangunna buleud siga endog, panjangna 6 nepi ka 10 sénti, lebarna 4 nepi ka 5 sénti.[1] Panglai tumuwuh di wewengkon Asia tropika, ti India nepi ka Indonésia.[3] Di Jawa Panglai dibudidayakeun atawa dipelak di pakarangan dina tempat-tempat anu kasorot ku panonpoé, ti dataran handap nepi ka 1.300 m dpl.[3] Panglai teu bisa dipelak dina taneuh anu kakeueum atawa bécék, tumuwuhna baris kaganggu sarta beutina gancang buruk.[3] Beuti panglai bauna has aromatik, rasana rada pait sarta rada lada, tur ngandung minyak asiri, damar, pati jeung tanin.[3][2]
Kandungan Kimia[édit | édit sumber]
Panglai mibanda sababaraha sanyawa kimia : minyak astiri (sineol, pinen), damar, pati jeung tanin.[2]
Kagunaan jeung mangpaat[édit | édit sumber]
Panglai mangpaat pikeun nurunkeun panas, ngarah gampang hitut, ngéncérkeun reuhak, méré sihan getih, reumatik, panyakit konéng, jeung ubar pikeun cacingan.[3][2]