Lompat ke isi

Panglai

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Panglai
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Z. cassumunar
Ngaran binomial
Zingiber cassumunar

Panglai nyaéta ngaran tutuwuhan anu asalna ti India.[1] Panglai tumuwuh minangka rungkun, jangkungna bisa nepi ka 1,5 méter.[1] Watangna mangrupa watang semu anu diwangun tina palapah daun anu teu miboga pakang.[1] Wangun daunna lansét, manjang, sarta tungtungna seukeut.[1] Daunna leuleus, ipis, tur teu buluan.[1] [2] Panglai mibanda ngaran daérah nu béda-béda: mungle (Aceh), bungle (Batak), kunyit bolai (Melayu), bengle (Jawa), pandhiyang (Madura), bangalai (Dayak), banggele (Bali), bale (Makasar), panini (Bugis), unin makei (Ambon).[3]

Zingiber cassumunar

Ciri mandiri

[édit | édit sumber]
  • Beuti panglai wangunna buleud pendék, aya buku-bukuan, dina unggal buku aya sirungan.[1]
  • Kulit luar warnana coklat ngora, upama dibeulah jerona warna konéng emas.[1]
  • Kembang panglai mangrupa kembang majemuk, wangunna turuy, kaluarna dina tungtung watang, panjang gagangna nepi ka 20 senti.[1] Bagian anu ngandung kembang wangunna buleud siga endog, panjangna 6 nepi ka 10 sénti, lebarna 4 nepi ka 5 sénti.[1] Panglai tumuwuh di wewengkon Asia tropika, ti India nepi ka Indonésia.[4] Di Jawa Panglai dibudidayakeun atawa dipelak di pakarangan dina tempat-tempat anu kasorot ku panonpoé, ti dataran handap nepi ka 1.300 m dpl.[4] Panglai teu bisa dipelak dina taneuh anu kakeueum atawa bécék, tumuwuhna baris kaganggu sarta beutina gancang buruk.[4] Beuti panglai bauna has aromatik, rasana rada pait sarta rada lada, tur ngandung minyak asiri, damar, pati jeung tanin.[4][3]

Kandungan Kimia

[édit | édit sumber]

Panglai mibanda sababaraha sanyawa kimia : minyak astiri (sineol, pinen), damar, pati jeung tanin.[3]

Kagunaan jeung mangpaat

[édit | édit sumber]

Panglai mangpaat pikeun nurunkeun panas, ngarah gampang hitut, ngéncérkeun reuhak, méré sihan getih, reumatik, panyakit konéng, jeung ubar pikeun cacingan.[4][3]

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i Tim Kreatif. 2008. Bududaya Tanaman Obat. Jakarta:Sinar Grafika Hal. 34
  2. Damayanti, Dewi; dr Prapti utami, Novi Widianti, Nina Wulandari, Agung Sugiarto, Tinton Dwi Putra (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. p. 63. ISBN 9789790061941. 
  3. a b c d Hembing, Prof; Wijayakusuma (2012). Atasi ASAM URAT & REMATIK ala Hembing. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 21. ISBN 9789793833842. 
  4. a b c d e Bangle Archived 2011-09-01 di Wayback Machine (id) (Diakses ping 5 November 2011)