Poé Indung

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Poé Indung
Northern Pacific Railway Mother's Day card 1915.JPG
Kartu pos anu dipedalkeun ku Northern Pacific Railway pikeun Poé Indung di Amérika Sarikat mangsa taun 1915
Dirayakeun ku75+ nagara
JenisSakuliah dunya
Ma'naNgajénan peran saurang Indung
TanggalVariasi; buda-béda di unggal nagara
Patali jeungPoé Bapa, Poé Kolot, Poé Budak

Poé Indung nyaéta poé pangéling atawa parayaan ngeunaan peran saurang indung ka kulawargana, boh ka salaki, budak-budakna, ogé lingkungeun sabudeureunnana.

Pangélingan jeung parayaan anu dilakukeun di antarana nyaéta ku cara ngabébaspancénkeun indung tina pancén doméstik anu sapopoéna dianggap mangrupa kawajibannana, kayaning masak, ngarawat budak, jeung uruseun rumah tangga séjénna.

Di Indonésia, poé indung dirayakeun unggal tanggal 22 Désémber jeung ditetepkeun minangka parayaan nasional.

Sedengkeun di Amérika jeung leuwih ti 75 nagara séjén, kawas Ostrali, Kanada, Jérman, Itali, Jepang, Walanda, Malaysia, Singapur, Taiwan, jeung Hong Kong, Poé Indung atawa Mother's Day (dina basa Inggris) dirayakeun pas poé Ahad di minggu kadua bulan Méi. Di sababaraha nagara Éropa jeung Wétan Tengah, Poé Awéwé Internasional atawa International Women's Day dipiéling unggal tanggal 8 Maret.

Sajarah[édit | édit sumber]

Poé indung di Amérika Sarikat dirayakeun mimiti pas taun 1908, sabot Anna Jarvis ngayakeun pangéling maot indungna di Grafton, West Virginia.[1]

Pas keur taun 1908, Kongrés Amérika Sarikat nolak proposal pikeun ngajadikeun Poé Indung minangka poé peré nasional.[2] Sabot taun 1911, karék wé sakur nagara bagéan di Amérika Sarikat téh ngajadikeun Poé Indung minangka poé peré.[2] Pas keur taun 1914, Woodrow Wilson nandatanganan déklarasi pikeun ngajadikeun Poé Indung minangka poé peré nasional.[3]

Poé indung di sawatara nagara[édit | édit sumber]

Indonesia[édit | édit sumber]

Poé Indung di Indonésia dirayakeun sacara nasional pas tanggal 22 Désémber. Tanggal ieu diresmikeun ku Présiden Soekarno di handap Kaputusan Présiden Républik Indonésia No. 316 Taun 1959 tanggal 16 Désémber 1959, pas milangkala ka-25 Kongrés Awéwé Indonésia 1928. Tanggal éta dipilih pikeun ngarayakeun sumanget awéwé Indonésia jeung pikeun ningkatkeun kasadaran ngabangsa jeung nganagara. Kiwari, harti Poé Indung geus loba robah, ayeuna mah poé éta dipiéling ku cara némbongkeun rasa cinta ka kaum indung. Jelema-jelema silih hilikeun hadiah jeung ngayakeun mangpirang-pirang acara jeung kompetisi, kayaning lomba masak jeung maké kabaya.[4]

Poé Indung [5] di Indonésia dirayakeun pas milangkala poé pamukaan Kongrés Awéwé Indonésia anu munggaran, anu diayakeun ti 22 nepi ka 25 Désémber 1928.[6][7] Kongres ieu disalenggarakeun di hiji gedong anu ngaranna Dalem Jayadipuran,[8] anu kiwari mangrupa kantor Balé Pamumuléan Sajarah jeung Niléy Tradisional di Jl. Brigjen Katamso, Yogyakarta. Kongrés ieu disampakan ku kira-kira 30 organisasi awéwé ti 12 kota di Jawa jeung Sumatra. Di Indonésia, organisasi awéwé geus aya saprak 1912, kainspirasi ku pahlawan-pahlawan awéwé Indonésia pas abad ka-19 kayaning Kartini, Martha Christina Tiahahu, Cut Nyak Meutia, Maria Walanda Maramis, Dewi Sartika, Nyai Ahmad Dahlan, Rasuna Said, jeung sajabana.[6] Kongrés dimaksudkeun pikeun ningkatkeun hak-hak awéwé di widang pangatikan jeung panikahan.[9]

Indonésia ogé ngarayakeun Poé Kartini pas 21 April, pikeun miéling aktivis awéwé Radén Ajeng Kartini. Ieu mangrupa parayaan ngeunaan émansipasi awéwé.[7] Pengélingan tanggal ieu diresmikeun dina Kongrés Awéwé Indonésia 1938.[9] Pas keur Présidén Soekarno netepkeun Kartini minangka pahlawan nasional émansipasi awéwé jeung poé gumelarna minangka miéling poé émansipasi awéwé nasional, tapi loba warga Indonésia anu protés ku sawatara alesan, di antarana Kartini ngan bajoang di Jepara jeung Rembang, Kartini leuwih pro-Belanda tibatan tokoh awéwé kawas Cut Nyak Dien, dll. Ku sabab Soekarno geus kapalang netepkeun Hari Kartini mangka Soekarno mikir kumaha carana memperingati pahlawan wanita selain Kartini seperti Martha Christina Tiahahu, Cut Nyak Meutia, Maria Walanda Maramis, Déwi Sartika, Nyai Ahmad Dahlan, Rasuna Said, jsb. Antukna Soekarno mutuskeun nyieun Poé Indung Nasional minangka poé ngenang pahlawan awéwé alias pahlawan kaum ema-ema jeung sakur warga Indonésia sapuk.[rujukan?]

Catetan[édit | édit sumber]


Tempo ogé[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. O'Reilly, Andrea (6 April 2010). Encyclopedia of Motherhood. Sage Publications (CA). p. 602. ISBN 978-1-4522-6629-9. Diakses tanggal 11 Mei 2014. 
  2. a b Connie Park Rice; Marie Tedesco (15 Maret 2015). Women of the Mountain South: Identity, Work, and Activism. Ohio University Press. pp. 29–. ISBN 978-0-8214-4522-8. 
  3. Mother's Day 100-year history a colorful tale of love, anger and civic unrest, Deseret News, 6 Mei 2014
  4. Wardhani, Lynda K. (22 December 2010). "In observance of Mother's Day". The Jakarta Post. Diarsipkan dari versi asli tanggal 2016-03-04. Diakses tanggal 2021-11-04. 
  5. "Twibbon Hari Ibu". UN. 
  6. a b seenthing (21 December 2010), Sejarah Perayaan Nasional Hari Ibu 22 Desembe 
  7. a b Chilla Bulbeck (2009), Sex, Love and Feminism in the Asia Pacific: A Cross-cultural Study of Young People's Attitudes, ASAA women in Asia, Routledge, ISBN 9781134104697 
  8. Dalem Jayadipuran Archived 2011-07-21 di Wayback Machine, Balai Pelestarian Sejarah dan Nilai Tradisional Yogyakarta
  9. a b Kathryn Robinson (2009), Gender, Islam and Democracy in Indonesia, ASAA women in Asia, Routledge, pp. 3, 36, 44, 72, ISBN 9781134118830 

Daptar pabukon[édit | édit sumber]

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]