Rapa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Rapa
Brassica napus - Köhler–s Medizinal-Pflanzen-169.jpg
Brassica napus
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
B. napus
Ngaran binomial
Brassica napus
Apis mellifera - Brassica napus - Valingu.jpg

Rapa; Brassica napus L. nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Brassicaceae).[1] Rapa dipiwanoh ti hiji kumpulan tutuwuhan anu ngahasilkeun minyak. Rapa sok remen kaliru disebut kanola (tina canola), tayalian ngaran pikeun sababaraha kultivar kalayan sipat anu tangtu. B. napus mangrupikeun hasil tina kawin silang alami antara B. rapa jeung B. oleracea. Di alam moal kapendak B. napus sanajan anu tuwuh liar di tempat anu dianggap puseur rupa-rupa ieu tutuwuhan/ (daerah Laut Tengahpalebah wétan).[2]

Tulisan ieu utamina ngabahas rapa, kelompok anu paling loba dibudidayakeun.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Rapa tangkalna ngawujud rungkun hirup dus usum (biennial) bisa ogé hirup sausum (annual) kalayan tangkalna ngawangun kai/woody. Jinis dwi-musim katelah di kalangan patani salaku "usum usuman" sedengkeun anu sausum dipiwanoh salaku "tipe usum panas" (summer type) atawa "musim semi" (spring type). Hasil kawin silang tina dua rupa ieu ngahasilkeun jinis ka tilu nyaeta "satengah usum usum" (semi-winter type) anu loyog dipelak di daérah subtropika.[3][4]


Salaku hasil tina kawin silang alami tina B. rapa (genom AA, 2n = 2x = 18) dan B. oleracea (CC, 2n = 2x = 20), B. napus tayalian tutuwuhan amfidiploid (AACC, 2n = 4x = 38). Ieu mimiti diguar ku Takahara U anu dipiwanoh ku "Segitiga U".[5]


B. napus tiasa ngahontal jangkungna 2,5m sareng wujud dahan anu loba. Tutuwukan ieu dipikanyaho kacida elastis kana kaayaan sabudeureunna. Mangsa hirup nyorangan, tangkalna bakan hirup kalayan mibanda loba dahan, mangsa dipelak dina kaayaan rapet dahanna leuwih saeutik. Mimiti bijil kembang nepika sikina bisa dipanén waktu anu dibutuhkeun kurang leuwih dua bulan 2 bulan.[6]


Akar tutuwuhan ieu akar tunggang anu gedé tur jero (nepi ka 1 méter malahan leuwih, gumantung kana kaayaan taneuh). Sababaraha kultivar (golongan Napobrassica) mibanda akar tunggang anu ngagedéan kalawan jadi tempat neundeun cadangan énergi (beuti). Di taneuh palebah deukeut tangkalna loba cagak akar.[7]


Kembang lengkep sareng sampurna. Makuta kembang aya opat (alatan teu kaasup kana kulawarga Cruciferae, anu pihartieunna "pembawa palang" atawa cross-bearer), kelirna konéng méncrang, sababaraha hiji kelirna deukeut ka oranyeu. Aya mutan anu makutana putih/kunéng pias. Lobana benang sari aya genep dina dua buleudan. Putik hiji mibanda hiji karpela anu kabeulah jadi dua. Kembangna baris ngahasilkeun buah sarimbag jeung polong anu sok disebut siliqua. Dina hiji siliqua mibanda siki 20 nepika 30 siki. Bijina leutik, non-endospermik, kalayan diamééter kurang leuwih 1 mm dibungkus ku cangkang anu kelirna hideung. Tipe perkecambahan epigeal.100 cm (39 in)

Jinis[édit | édit sumber]

Salaku tutuwuhan budidaya, B. napus dibédakeun kana tilu rupa:

  • B. napus Kelompok Napobrassica, rutabaga dimangpaatkeun pikeun sayuran
  • B. napus Kelompok Napus, Parab ingon-ingon
  • B. napus Kelompok Oleifera, rapa anu bijina diperes pikeun diarah minyakna.


Budidaya jeung produksi[édit | édit sumber]

Rapa mikaresep taneuh anu mibanda lempung. Alatan mibanda kasaluyuan taneuh tempat hirup, rapa sok jadi tutuwuhan panyelang dina pepelakan hanjeli jeung gandum. Mitembeyan melak pikeun jinis usum tiis dimimitian dina bulan Agustus nepika paling elat bulan September. Sedengkeun anu usum panas mimiti dipelak ahir bulan Maret nepi ka April, gumantung kondisi cuaca jeung topografi. Panen di Éropa dina bulan Juli (jinis usum tiis ) atawa Séptember/Oktober (jinis usum panas), sagigireun éta di Tiongkok, anu leuwih haneut kalayan usum tiisna leuwih sakeudeung, panén geus dilaksanakeun dina bulan Mei.

Kagunaan[édit | édit sumber]

Siki rapa ngahasilkeun minyak kurang leuwih 40-45%w/w, minyak kanola dipiwanoh salaku LEAR (low erucic acid rapeseed) jeung minyak tina kultivar baheula dipiwanoh HEAR (high erucic acid rapeseed).

Kurang leuwih 2/3 produksi minyak rapa dimangpaatkeun pikeun kabutuhan pangan. Minyak anu dihasilkeun kultivar kiwari mengandung hingga 65% asam lemak takjenuh sederhana (asam oleat) ogé kurang leuwih 30% asam lemak takjenuh berganda (asam linoleat jeung asam α-linolenat), anu dimangpaatkeun pikeun minyak goréng, campuran sayur (minyak sayur), jeung bahan pikeun margarin. Dina komposisi ieu minyak rapa mangrupa salah sahiji minyak pangan anu mibanda niléy gizi pang hadéna.

Minyak rapa ogé jadi leuwih penting pikeun bahan baku biodiesel utamana balukar tina harga minyak bumi ogé minyak rapa bisa dipelak terus terusan sarta henteu ngaruksak lingkunan. Pikeun kaperluan énergi jeung pelumas, minyak HEAR leuwih dipikaresep alatan rantai asam erukat leuwih panjang jeung stabil mangsa kapanasan. Ngan waé kiwari patani leuwih mikaresep minyak LEAR kukituna jadi aya kompetisi kana minyak anu dipaké pikeun konsumsi. Harga minyak rapa kiwari leuwih ngaronjat alatan pamangpaatanna ogé pikeun bahan bakar.

Kagunaan séjén minyak rapa tayalian pikeun campuran dina oli/pelumas, lak, cat, lilin, farmasetika, emulgator, campuran plastik, tensida, jeung sabun.

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  • Brosur Raps (Brassica napus) dari information.media.agrar (i.m.a) e.V. (Situs web www.ima-agrar.de)

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg