Ratu Balqis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Gambar Raja Sulaéman jeung Ratu Balqis karya Piero della Francesca

Ratu Balqis (Basa Arab: ملكة بلقيس) nyaéta saurang ratu anu maréntah Karajaan kuno Saba nu disebutkeun dina Kitab Suci Ibrani, Perjangjian Anyar jeung Qur'an. Dongéngna ogé aya dina carita legénda ti Éropa, Étiopia, Arab, Pérsia, nepi ka India salila mangabad-abad. Sababaraha bangsa, utamana bangsa Étiopia, nganggap Ratu Balqis salaku anu nanjeurkeun dinasti kakaisaran Étiopia nu masih maréntah nepi ka tanggal 12 Séptémber 1974 mangsa digulingkeunnna Kaisar Haile Selassie I.[1] Ratu Balqis katelah geulis, soméah, pinter, loba pangaweruhna, wijaksana, sarta mingpin maké haté awéwé tapi maké sirah lalaki.[1] Nagara Saba nu dipingpinna makmur, tingtrim, sarta jadi pusat padagangan.[2] Ibukota Saba dipercaya aya di Ma'arib kota deukeut Sana'a, ibukota Yaman ayeuna. Salian Yaman, nagara Saba ngawengku Éritréa jeung Étiopia ogé.

Carita dumasar kana Qur'an[édit | édit sumber]

Carita Ratu Saba aya dina Qur'an Surah An-Naml ayat 20-44. Qur'an teu langsung nyebut ngaran Balqis salaku Ratu Saba, ngan tradisi Arab boga kapercayaan yén ngaran Ratu Saba téh Balqis atawa Bilqis. Carita Ratu Balqis mimiti dipikawanoh nalika Manuk Hud-hud telat manggihan Nabi Sulaéman.[3] Disebutkeun bohna Hud-hud teu lila datang, sarta ngomong: "Kuring geus nyaho hal nu anjeun can apal jeung kuring mawa ka anjeun ti nagara Saba hiji warta penting nu bener. Kuring manggihan wanoja anu maréntah di dinya, sarta manéhna mibanda sagalana jeung ngabogaan tahta nu gedé. Kuring manggihan manéhna jeung kaumna nyembah panonpoé, lain Alloh ... "[4] Salian ti dongéng Hud-hud, numutkeun legénda, dicaritakeun yén manéhna cicing di karaton nu mibanda 360 jandéla nu bisa ngasupkeun cahaya panonpoé saban isuk saméméh manéhna sujud di hareupeunna.[2]

Gambar Ratu Balqis narima surat ti Manuk Hud-hud

Ngadéngé kitu, Nabi Sulaéman ngirimkeun surat nu eusina naséhat ka Ratu Balqis supaya nyembah Alloh.[5] Surat éta dibawa Manuk Hud-hud jeung ditarima sorangan ku Ratu Balqis. Sanggeus maca éta surat, Ratu Balqis ngumpulkeun para gegedén di nagarana pikeun ménta saran perkara surat nu kakara ditampa. Ieu nempokeun sakitu manéhna Ratu nu perkasa, tetep wijaksana dina nyanghareupan masalah. Mangka pokna, "Yeuh para gegedén. Saéstuna geus nepi ka kuring surat anu mulya ti Sulaéman. Eusina yén urang teu meunang sarombong ka manéhna sarta kudu datang serah bongkokan. Cing kuring béré bongbolongan dina ieu urusan. Kuring moal mutuskeun ieu perkara satungtung can musawarah jeung aranjeun."[6]

Para gegedén ngajawab, "Urang boga kakuatan pakarang jeung boga balad nu lébér wawanén. Ngan éta perkara téh sumerah ka anjeun. Mangga geura émutan waé sanéskanten anu badé diparéntahkeun ku anjeun."[7]

Sanajan dibéré saran kitu, Ratu Balqis tetep diplomatis. Manéhna teu satuju cara kakasaran jeung milih kawijakan nu leuwih tenang. Mangka manéhna nyarita, "Saéstuna raja-raja upama asup ka hiji nagara sok tuluy ngarugrug éta nagara. Para gegedénna nu mulya sok diharinakeun ku manéhna. Jadi kuring rék ngirimkeun hadiah waé ka manéhna. Saterusna kuring rék ngadago-dago naon anu dibawa mulang ku para utusan."[8]

Atuh Ratu Balqis saterusna ngirim utusan nu mawa hadiah keur Nabi Sulaéman. Basa utusan éta datang, Sulaéman nyebutkeun, "Naha pantes maranéh mantuan kuring ku kabeungharan? Sabenerna naon geus dibikeun Alloh ka kuring leuwih hadé tinimbang naon anu dibikeun ku maranéh, tapi maranéh ngarasa reueus kana babawaan maranéh. Baralik deui ka ditu, pasti kuring bakal datang ka nagara maranéh bari mawa tentara nu moal bisa dilawan jeung pasti kuring bakal ngusir maranéh ti nagara (Saba) bari dihinakeun jeung maranéh bakal jadi tahanan anu euweuh hargana."[9]

Utusan éta baralik deui ka nagara Saba jeung ngadongengkeun pangalamanna ka Ratu Balqis. Ngadéngé kitu Ratu Balqis jadi boga maksud hayang manggihan sorangan Sulaéman. Kahayang Ratu Balqis geus kanyahoan tiheula ku Nabi Sulaéman. Anjeunna buru-buru maréntahkeun sakabéh bala tentara nu mangrupa manusa, sato, jeung jin pikeun siap-siap ngabagéakeun datangna Ratu Balqis. Nabi Sulaéman lantas maréntahkeun supaya mindahkeun singasana Ratu Balqis ka karaton manéhna bari rada dirobah saeutik.[10]

Basa Ratu Balqis datang, manéhna ditanya ku Sulaéman, "Dupi singasana anjeun sapertos kieu?" Ratu Balqis ngajawab, "Meni siga pisan singasana kuring."[11] Manéhna kataji ningali singasanana nu geus jauh ditinggalkeun di nagarana beut aya di dinya.

Saterusna Ratu Balqis dibagéakeun asup ka karaton Raja Sulaéman. Tapi, basa leumpang di karaton, sakali deui Ratu Balqis katipu, disangkana lanté karaton Sulaéman dijieun tina cai, manéhna nyingsatkeun lawonna nepi ka katénjo bitisna. Numutkeun carita, éta téh akal-akalan Sulaéman keur ngabuktikeun bener hentu sangkaan réhna suku sang Ratu buluan siga domba.[12] Dawuh Sulaéman, "sabenerna lanté karaton téh dijieun tina kaca" Kajadian éta ngakibatkeun Ratu Balqis ngarasa pohara érana. Rupa-rupa pangalaman éta ngajadikan Rtau Balqis sadar kana kalemahan dirina, maka pokna, "Duh Gusti, tétéla kuring geus zalim ka diri kuring sorangan, jeung kuring nyerahkeun diri ka Sulaéman sarta Alloh pangéran alam."[13] Ahirna manéhna ditikah ku Nabi Sulaéman.

Patilasan Ratu Balqis[édit | édit sumber]

Ruruntuhan kuil di Marib

Nepi ka kiwari masih aya patilasan ti Ratu Balqis di Yaman. Di antarana aya kuil nu disebut Kuil Balqis nu aya di propinsi Marib. Kuil éta, nu disebut ogé Tahta Balqis, gerbangna mangrupa 6 pilar sajangkung 5 méter, sarta di jerona aya podieum, pakarangan, tembok jangkung, jeung kanal irigasi.[1] Dipercaya yén situs éta diwangun abad ka-10 SM, sajaman jeung mangsa Ratu Balqis mingpin nagara Saba.[14] Para ahli arkéologi masih ngaharep bakal manggih wangunnan séjénna di tempat éta nu bisa muka leuwih loba perkara misteri sabudeureun Ratu Balqis.

Patilasan séjénna kapanggih waktu para ahli génétika mariksa DNA urang Étiopia. Hasil analisis nempokeun réhna 40%-50% génomna béda jeung urang Afrika séjénna ku sabab aya pangaruh nu asalna ti wewengkon Levant. Ceuk para ahli pacampuran génétika éta lumangsung ti 3.000 taun ka tukang.[15] Taksiran waktu (3.000 taun) jeung tempat asalna (Levant) tina aliran gén ka Étiopia, sajalan jeung carita dina legénda panggihna Ratu Balqis jeung Nabi Sulaéman, pamingpin ti dua nagara nu pajauh tempatna. Hubungan éta masih aya tapakna dina budaya Ethipia modérn kaasup dina peta génétisna.[15]

Keur ngahargaan ka Ratu, astéroid nu kapanggih ku August Kopff tanggal 16 Fébruari 1906 ti Heidelberg, Jerman dibéré ngaran 585 Bilkis.[16] Aya ogé astéroid anu dibéré ngaran 1196 Sheba, nyaéta nu kapanggih 21 Méi 1931 ku Cyril Jackson ti Johannesburg, Afrika Kidul.[17]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c "Woman of Distinction: Balqis, Queen of Sheba" (dalam Inggris). AlShindagah. Diakses tanggal 2015-11-05. 
  2. a b "The Queen of Sheba (Balqis) in the Quran" (dalam Inggris). Bayynat.org. Diakses tanggal 2015-11-05.  Archived 2016-03-05 di Wayback Machine
  3. Q.S. An-Naml:20
  4. Q.S. An-Naml:22-24
  5. Q.S. An-Naml:28
  6. Q.S. An-Naml:29-32
  7. Q.S. An-Naml:33
  8. Q.S. An-Naml:34-35
  9. Q.S. An-Naml:36-37
  10. Q.S. An-Naml:38-41
  11. Q.S. An-Naml:42
  12. "Queen of Sheba" (dalam Inggris). Encyclopædia Britannica. Diakses tanggal 2015-11-05. 
  13. Q.S. An-Naml:44
  14. "Queen of Sheba's temple restored" (dalam Inggris). BBC. Diakses tanggal 2015-11-04. 
  15. a b "Ethiopian Genetic Diversity Reveals Linguistic Stratification and Complex Influences on the Ethiopian Gene Pool" (dalam Inggris). ScienceDirect. Diakses tanggal 2015-12-06. 
  16. "585 Bilkis (1906 TA)" (dalam Inggris). JPL Small-Body Database. Diakses tanggal 2015-12-08. 
  17. "1196 Sheba (1931 KE)" (dalam Inggris). JPL Small-Body Database. Diakses tanggal 2015-12-08.