Semprong (kuéh)
| Kuéh semprong | |
|---|---|
Kue semprong wangun pasagi panjang | |
| Ngaran alternatif | Kuéh gapit |
| Tipeu | Kuéh garing |
| Tempat asal | Indonésia |
| Bahan utama | Endog, tipung béas, aci hui, gula, cipati, mantéga, bubuk kai manis, wijén |
Kuéh semprong nyaéta salah sahiji kuéh has Sunda nu asalna ti wewengkon Karawang.[1] Kuéh semprong bentukna kawas semprong lampu cempor, rasana teu pati amis jeung rangu.[1] Kuéh semprong ilahar salaku jajanan pasar nu loba dipikaresep, ti miiti budak leutik nepi ka kolot.[1] ku sabab bentukna nu teu biasa, kuéh semprong téh babari dibédakeun jeung kuéh séjénna.[1] Kuéh semprong biasa dijual di warung-warung atawa di toko oléh-oléh.[1] Sanajan asalna ti Karawang, tapi semprong bisa kapanggih disababaraha daérah di Jawa Kulon, di antarana saperti di Bandung, Ciamis, Cimahi, jsb.[1]
Cara nyieun
[édit | édit sumber]Pikeun nyieun kuéh semprong téh, bahan nu diperlukeun kayaning endog, tipung béas, gula bodas, cipati, ki amis bubuk jeung lisah kalapa.[2] Mimitina campurkeun sakabéh bahan, galokeun nepi ka rata.[2] Panaskeun citakan kuéhna, tuluy abuskeun 1-2 séndok adonan kana citakan.[2] Tungguan nepi ka asak, sanggeus asak, kudu langsung dicitak, digulungkeun.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 "Semprong » Perpustakaan Digital Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org. Diaksés tanggal 2017-10-31.
- 1 2 3 4 "Resep Kue semprong khas indonesia oleh Nurlaela". Cookpad (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2017-10-31.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |