Wikipedia:Artikel petingan/Daptar artikel petingan 2012
Pikeun anu panganyarna, témbong Wikipedia:Artikel petingan/Jadwal.
Si Unyil nyaéta tokoh karakter bonéka budak ciptaan Drs. Suyadi (tokoh Pa Radén). Mimiti ngajumantara tanggal 5 April 1981, di Télévisi Républik Indonésia (TVRI) unggal poé minggu jam 8 isuk-isuk kalawan total épisode 603. Si Unyil hadir di layar télévisi dina mangsa salila 12 taun (1981-1993). Prédikatna minangka maskot dalapan puluhan pantes dicangking ku ieu tokoh bonéka nu maké kopéah jeung pipina gembil téh. Unyil diproduksi ku PPFN – Pusat Produksi Film Negara di jaman Orde Baru. Salila 20 taun, tokoh Si Unyil jadi salah sahiji figur anu ngawakilan ikon Indonésia. Tapi alatan hal-hal nu tangtu kayaning munculna stasiun-stasiun télévisi swasta nyababkeun Si Unyil teu disiarkeun deui. Ikon budaya Indonésia nyaéta salah sahiji figus anu bisa ngawakilan sakumna masarakat Indonésia dina rupa-rupa aspék kahirupan. Carita Si Unyil geus nyirorot pisan, kusabab ayana kamekaran téhnologi jeung informasi mangsa kiwari. Lengkepna >>>
Saméméhna: Kabaya · Huséin Jayadiningrat · Karajaan Sunda · lianna...
Kutang nya éta sabangsaning baju jero nu dipakéna di jeroeun papakéan.Nu maké kutang téh awéwé sangkan cangkéng jadi lengkéh jeung pinareup katingali nyentreu beuneur. Ilaharna kutang dirarancang kalayan bentukna anu ngepas pikeun ngangkat pinareup sangkan teu rayud. Mimitina kutang dijieun pikeun pungsina anu tangtu, tapi lila kalilaan kutang dieuyeuban ku desain anu matak ngirut. Tapi ayeuna mah kutang téh geus ngagésér maknana, lain kabutuhan papakéan deui tapi geus jadi fashion. Standar produsén jeung ukuran anu loba, ngabalukarkeun héséna manggihan kutang anu cocog. Pinareup awéwé ukuran jeung bentukna teu sarua, bisa barobah gumantung kana siklus ménstruasi, kakandungan, atawa beuratna awak. Balukarna 80% awéwé salah maké kutang alatan ukuran anu teu cocog, diantarana 70% awéwé maké kutang anu kaleutikan, 10% awéwé maké kutang anu kagedéan. Lengkepna >>>
Saméméhna: Si Unyil · Kabaya · Huséin Jayadiningrat · Karajaan Sunda · lianna...
Artikel Petingan
[édit sumber]Islam (basa Arab: الإسلام Al-Islām, Aksara Sunda: ᮄᮞᮣᮙ᮪) nyaéta hiji ageman tauhid, kaasup rungkun ageman Ibrohim. Pangagem ajaran Islam disebut muslim. Islam ngajarkeun yén Gusti Alloh nurunkeun Firman-Na ka manusa ngaliwatan para Nabi jeung Rasul sarta Nabi Muhammad SAW mangrupa Rasul panungtungan nu diutus ka alam dunya. Dina basa Arab, Islām hartina “sumerah diri” sarta mangrupa Dīn nu hartina "aturan" atawa "sistim".
Artikel Petingan
[édit sumber]Lodaya atawa maung lodaya (Panthera tigris) nyaéta mamalia kulawarga Felidae, salah sahiji maung nu asup kana marga Panthera. Sakumaha ilaharna bangsa maung, lodaya téh karnivora. Ieu sato lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun kamuflasena). Ti antara sadaya ucing badag, ukur lodaya jeung jaguar nu bisaan ngojay. Lodaya ilaharna moro sorangan, nu diporona kayaning uncal, mencek, jeung bagong.
Rahwana (devanagari = रावण, dina mitologi hindu nya ėta palaku antagonis dina wiracarita Ramayana anu ngalawan Rama, rahwana digambarkeun boga 10 hulu matakna Rahwana disebut ogé Dasamuka. Rahwana nya éta raja Aléngka sakaligus raja iblis (rakhsasa). Rahwana nya éta putra Resi Wisrawa ti padépokan dederpenyu jeung Déwi Sukési, putri Prabu Sumali raja Aléngka Nalika leutik ngaranna Dasasana atawa Dasagriwa. Rahwana boga tilu adi: Arya Kumbakarna, Dewi Sarpakenaka, jeung Arya Wibisana. Lian ti éta, Rahwana boga adi téré nya éta Wisrawana (Prabu Damaraja) jeung Prabu Danapati raja di Lokapala, putra resi wisrawa jeung Déwi Lokawati. Rahwana boga loba pamajikan, tapi anu asli mah Déwi Mandodari (di Sunda biasa disebut Banondari).Anakna Mayasura anu nikah jeung widadari ngaranna Hema. Dina Ramayana dicaritakeun yén istana Rahwana pinuh ku awéwé geulis ti sakuliah nagri di dunya, lantaran awéwé di Aléngka ngarasa bungah lamun bisa nikah jeung Rahwana. Rahwana boga senjata pusaka nya éta chandrahasa atawa candrasa (pedang bulan), pakarang sejenis pedang anu boga dua ujung seukeut. Lian ti éta rahwana kasohor ku kaparigelan make pakarang perang katut élmu sihir. Lengkepna >>>
Saméméhna: Kutang · Si Unyil · Kabaya · Huséin Jayadiningrat · Karajaan Sunda · lianna...
Artikel Petingan
[édit sumber]Papatong téh insékta nu asup kana ordo Odonata, subordo Epiprocta, jeung, dina jihat husus, infraordo Anisoptera. Cirina nyaéta panon majemuk nu badag, dua pasang jangjang ngalangkang, sarta tungtung awak nu panjang. Lingkungan hirup papatong biasana di sabudeureun situ, pasawahan, pokona mah deukeut ka cai, sabab larvana, nu katelah "kini-kini" téa, hirup na cai. Papatong mah tara ganggu, nyoco atawa nyeureud manusa.
Artikel Petingan
[édit sumber]Kangjeng Nabi Muhammad (aksara Sunda: ᮙᮥᮠᮙ᮪ᮙᮓ᮪; gumelar 20 April 570 Maséhi di Mekah - tilar dunya 8 Juni 632 M di Madinah) nyaéta saurang nabi sarta rosul pamungkas pikeun umat Islam. Pancén kangjeng Nabi Muhammad nyaéta pikeun nyampurnakeun agama tauhid, nyaéta Islam, nu geus didugikeun ku para nabi saméméhna, sarta yakin yén Islam geus aya saméméh anjeunna. Nalika disebutkeun ngaran anjeunna, umat Islam biasa nuturkeun ku kalimah sallallahu `alayhi wa s-salām.
Artikel Petingan
[édit sumber]Républik Indonésia nyaéta hiji nagara nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara. Kalawan populasi disawang 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam.
Artikel Petingan
[édit sumber]Urang Sunda téh hiji séké sélér kadua panglobana di Indonésia nu lolobana sumebar di lemah caina kayaning Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia.
Artikel Petingan
[édit sumber]Heulang mangrupa manuk pamangsa badag, nu utamana ngageugeuh Dunya Kuna, anggota ordo manuk Falconiformes, kulawarga Accipitridae, sarta sababaraha genera nu béda, nu kadang teu padeukeut. Sakumaha sakabéh manuk pamangsa, pamatuk heulang seukeut tur ngeluk pikeun nyewiran daging mangsana, sukuna kuat sarta kukuna ranggoas. Tetempoan heulang seukeut pisan, antukna bisa nyidikkeun mangsa ti kaanggangan.
Artikel Petingan
[édit sumber]Républik Indonésia nyaéta hiji nagara nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara. Kalawan populasi disawang 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam.
Artikel Petingan
[édit sumber]Warna buahna béda-béda ti mimiti héjo semu konéng, sarta miboga wangun mimiti lonjong nepi ka buleud. Kulit buahna tapasan sarta beungeutna dipinuhan ku cucuk nu seukeut. Buah kadu ngaluarkeun ambeu anu nyegak sarta has. Bagian buah anu bisa didahar nyaéta pamungkus siki anu boga warna semu konéng, anu nangtayungan sikina. Réa jelema nganggap buah kadu minangka buah anu ngeunah. Tapi sawaréh deui henteu tahan ku ambeuna sarta nganggap ambeuna bau pisan.
> Arsip