Wikipedia:Artikel petingan/Daptar artikel petingan 2016

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel petingan
2006 2007
2008 2009
2010 2011
2012 2013
2014 2015
2016 2017
2018 2019
2020 2021
2022 2023
Nurutkeun topik
Usulan

Pikeun anu panganyarna, témbong Wikipedia:Artikel petingan/Jadwal.

Artikel Petingan[édit sumber]

Cai

Cai geus dalit pisan jeung hirup kumbuh masarakat Sunda. Ieu bisa kabukti dina pamakéan kecap cai pikeun méré ngaran unggal patempatan. Pirang-pirang tempat nu aya di tatar Sunda, loba nu dimimtian ku kecap cai, nu satuluyna diringkes jadi ci.


Artikel Petingan[édit sumber]

Bujangga Manik

Bujangga Manik mangrupa salah sahiji naskah dina basa Sunda anu pohara gedé ajénna. Ieu naskah ditulis dina wangun puisi naratif dina daun nipah anu kiwari disimpen di Pabukon Bodleian di Oxford saprak taun 1627. Ieu naskah diwangun ku 29 lambar daun nipah, anu unggal lambarna ngandung kira-kira 56 jajar (rumpaka) anu tiap rumpakana diwangun ku 8 padalisan, bentuk puisi Sunda buhun.


Artikel Petingan[édit sumber]

Ageman Islam

Islam (basa Arab: الإسلام Al-Islām, Aksara Sunda: ᮄᮞᮣᮙ᮪) nyaéta hiji ageman tauhid, kaasup rungkun ageman Ibrohim. Pangagem ajaran Islam disebut muslim. Islam ngajarkeun yén Gusti Alloh nurunkeun Firman-Na ka manusa ngaliwatan para Nabi jeung Rasul sarta Nabi Muhammad SAW mangrupa Rasul panungtungan nu diutus ka alam dunya. Dina basa Arab, Islām hartina “sumerah diri” sarta mangrupa Dīn nu hartina "aturan" atawa "sistim".


Roay anu digambarkeun ku Blanco
Roay disebut ogé kacang jawa atawa kekara (Phaseolus lunatus) nyaéta tangkal kacang tina kulawarga Fabaceae (Leguminosae). Di Indonésia Saméméhna ieu tangkal dipelak pikeun panutup taneuh atawa lahan sangkan henteu dipinuhan ku hama gulma, Hasil anu bisa dipanén tina kacang roay nyaéta sikina tina buah anu geus kolot, Sakapeung dipanén sikina dinamangsa gumading kénéh, ogé polongna nyaéta buah roay anu masih kénéh ngora mangsa sikina masih hipu, pucukna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun lalab.

Tangkal kacang anu hirupna ngarambat ieu di sababaraha daérah dipiwanoh ogé ku sebutan kacang roay (Sunda); kårå, kratok (Jawa); kratok, gribig (Madura); saru (Minahasa), jeung kacang beureum (Ptk). Di Malaysia malah katelahna kacang jawa, kacang cina, atawa kekara kratok; di Filipina sibatse simaron, patáni, zabache; di Thailand thua rachamat; jeung di Vietnam dâu ngu. Di tempat-tempat séjénna di Pulau Jawa ogé katelah kårå legi, kårå manis, atawa kårå bethik.

Salengkepna...


Badak sunda anu paéh diboro taun 1895

Badak sunda (Rhinoceros sondaicus) téh anggota kulawarga Rhinocerotidae nu kaasup salasahiji tina rupa-rupa badak nu hirup kénéh nepi ka kiwari. Ieu badak sagénus jeung Badak India, dedeganana ogé sarupa, tapi tina ukuran leuwih leutik (panjang 3,1–3,2 m, jangkung 1,4–1,7 m) sarta leuwih deukeut ka Badak Hideung. Culana tara leuwih ti 25 cm, leuwih leutik batan badak séjénna.

Mangsa baheula mah, badak sunda mangrupa badak Asia nu paling lega jajahanana, ti kapuloan Indonésia, Asia Tenggara, nepi ka India jeung Cina, tapi kiwari ieu spésiés kaayaanana kritis. Populasina di alam liar anu masih kanyahoan ukur aya di dua tempat, turug-turug di taman satwa euweuh nu ngingu deuih. Di Taman Nasional Ujung Kulon, populasi badak sunda sahenteuna aya 40–50, sedengkeun di Taman Nasional Cat Tien, Viétnam, populasina teu leuwih ti dalapan. Nyirorotna populasi badak sunda kiwari téh alatan loba diboro pikeun diala culana, anu di pasar gelap dihargaan $30,000. Lian ti éta, masalah anu utama nyaéta beuki heureutna habitat. Salengkepna...


Pancasila

Pancasila nyaéta lima perkara nu jadi dasar pamaréntah Républik Indonesia. Kecap Pancasila asalna tina basa sansekerta India (kasta brahmana. Tapi numutkeun Muh.Yamin, dina basa sansekerta , miboga dua harti leksikal nya èta panca nu hartina lima jeung syila vokal pondok I nu hartina batu sendi, alas, atawa dadasar. Syiila vokal i panjang anu hartina aturan tingkah polah anu hadé jeung penting.

Kekecapan èta dina basa Indonesia dihartikeun susila anu miboga hubungan jeung moralitas. Ku sabab kitu, sacara etimologi kecap pancasila anu dimaksud nya èta istilah pancasyila anu vocal I na miboga makna batu anu miboga lima sendi atawa sacara harfiah nya èta dadasar anu miboga lima unsur. Anapon istilah pancasyiila anu maké huruf Dewanagri I miboga makna lima aturan tingkah polah anu penting. Kecap pancasila mimitina aya dina pabukon Budha India anu sumberna tina kitab Tri pitaka jeung Vinaya pitaka anu sakabèhna mangrupa ajaran moral pikeun ngahontal surga.Lengkepna >>>

Saméméhna: Badak Sunda · Roay · urang Sunda · lianna...


Artikel Petingan[édit sumber]

Kanjeng Nabi Muhammad

Kangjeng Nabi Muhammad (aksara Sunda: ᮙᮥᮠᮙ᮪ᮙᮓ᮪; gumelar 20 April 570 Maséhi di Mekah - tilar dunya 8 Juni 632 M di Madinah) nyaéta saurang nabi sarta rosul pamungkas pikeun umat Islam. Pancén kangjeng Nabi Muhammad nyaéta pikeun nyampurnakeun agama tauhid, nyaéta Islam, nu geus didugikeun ku para nabi saméméhna, sarta yakin yén Islam geus aya saméméh anjeunna. Nalika disebutkeun ngaran anjeunna, umat Islam biasa nuturkeun ku kalimah sallallahu `alayhi wa s-salām.


Artikel Petingan[édit sumber]

Républik Indonésia

Républik Indonésia nyaéta hiji nagara nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara. Kalawan populasi disawang 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam.


Artikel Petingan[édit sumber]

Urang Sunda

Urang Sunda téh hiji séké sélér kadua panglobana di Indonésia nu lolobana sumebar di lemah caina kayaning Jawa Kulon, Banten, Jawa Tengah, DKI Jakarta, jeung Lampung kidul. Umumna mah urang Sunda maké basa Sunda dina paguneman sapopoé, ngan ka dieunakeun, basa Sunda téh beuki kadéséh ku basa gaul lianna, utamana ku basa Indonésia salaku basa nasional di Indonésia.


Artikel Petingan[édit sumber]

Heulang

Heulang mangrupa manuk pamangsa badag, nu utamana ngageugeuh Dunya Kuna, anggota ordo manuk Falconiformes, kulawarga Accipitridae, sarta sababaraha genera nu béda, nu kadang teu padeukeut. Sakumaha sakabéh manuk pamangsa, pamatuk heulang seukeut tur ngeluk pikeun nyewiran daging mangsana, sukuna kuat sarta kukuna ranggoas. Tetempoan heulang seukeut pisan, antukna bisa nyidikkeun mangsa ti kaanggangan.


Artikel Petingan[édit sumber]

Aksara Sunda

Aksara Sunda (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.


Artikel Petingan[édit sumber]

Kadu (Durén)

Warna buahna béda-béda ti mimiti héjo semu konéng, sarta miboga wangun mimiti lonjong nepi ka buleud. Kulit buahna tapasan sarta beungeutna dipinuhan ku cucuk nu seukeut. Buah kadu ngaluarkeun ambeu anu nyegak sarta has. Bagian buah anu bisa didahar nyaéta pamungkus siki anu boga warna semu konéng, anu nangtayungan sikina. Réa jelema nganggap buah kadu minangka buah anu ngeunah. Tapi sawaréh deui henteu tahan ku ambeuna sarta nganggap ambeuna bau pisan.


> Arsip