Wikipedia:Artikel petingan/Daptar artikel petingan 2015

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel petingan
2006 2007
2008 2009
2010 2011
2012 2013
2014 2015
2016 2017
2018 2019
2020 2021
2022 2023
Nurutkeun topik
Usulan

Pikeun anu panganyarna, témbong Wikipedia:Artikel petingan/Jadwal.

Raksukan has séké Minangkabau di taun 1900-an
Minangkabau atawa nu sok disingget Minang nya éa kelompok etnik Nusantara nu basana Minang jeung ngajungjung ageman Minangkabau. Wewengkon ageman kabudayaanna ngawengku Sumatera Barat, sabeulah ti Riau, bagéan kalér Bengkulu, bagéan kulon Jambi, bagéan kidul Sumatera Utara, barat daya Aceh, ogé Negeri Sembilan di Malaysia. Dina paguneman masarakat, urang Minang sok disebut orang Padang, nempo ka ngaran puseur dayeuh Sumatera Barat nya éta dayeuh Padang. Namung masarakat ieu biasana bakal nyebut kelompokna ku sebutan urang awak (maksudna sarua jeung urang Minang éta sorangan).

Nurutkeun A.A. Navis, Minangkabau leuwih ka kultur etnis ti salasahiji rungkun Malayu nu mekar jeung badag sabab sistim monarki, sarta ngagem sistim adat anu khas, anu dicirikeun ku sistim kakulawargaan ngaliwatan jalur awéwé atawa matrilineal, sanajan budayana ogé kacida kuat diwarnaan ku ageman agama Islam, sedengkeun Thomas Stamford Raffles,

Salengkepna...


Kang Ayip Rosidi

Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak,

Salengkepna...


Garuda Pancasila

Républik Indonésia (RI) nyaéta hiji nagara di Asia Tenggara, nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara ("pulo luar", Jawa dianggap salaku puseurna). Kalawan populasi kira-kira 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia mangrupa nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu apnglobana sadunya, sanajan resmina, Indonésia sanés nagara Islam. Wangun pamaréntahan Indonésia nyaéta républik, kalawan Déwan Perwakilan Rakyat, Déwan Perwakilan Daérah, jeung Présidén nu dipilih langsung ku wargina. Ibu kota Indonésia nyaéta Jakarta. Indonésia wawatesan jeung Malaysia di Pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, sarta jeung Timor Lésté di Pulo Timor. Indonésia mangrupa anggota ti PBB sarta sahiji-hijina anggota PBB nu pernah kaluar ti organisasi éta. Salian ti éta, Indonésia ogé mangrupa anggota ti ASEAN, APEC, OSI, G-20.


Salengkepna...


Haji Hasan Mustapa

Haji Hasan Mustapa atawa kawentarna Panghulu Haji Hasan Mustapa (Cikajang, 3 Juni 1852 atawa 14 Sya'ban 1268 H - Bandung, 13 Januari 1930 atawa 12 Sya'ban 1348), ulama sakaligus sastrawan Sunda ahir abad ka-19/awal abad ka-20.

Masarakat Sunda biasa nyebut Hasan Mustapa salaku Panghulu Haji Hasan Mustapa (salajengna dina ieu artikel disebut HM), sabab kalungguhanana di Bandung nyaéta salaku 'Panghulu Besar' (Hoofd Panghoeloe). Ngaran Hasan Mustapa téh paméré rama jeung akina; 'Hasan' ti bapana, sedengkeun 'Mustapa' ti akina. Ngaran bapana nyaéta Mas Sastramanggala (Haji Usman), camat kontrakan entéh Cikajang, Garut, turunan Bupati Parakanmuncang, Tumenggung Wiratanubaya. Ibuna, Nyi Mas Salpah (Éméh), téh putra Mas Kartapraja, sarua camat kontrakan entéh Cikajang, turunan Dalem Sunan Pagerjaya di Suci, Garut. Mun nilik pancakakina mah, boh ti pihak indung atawa ti ramana, HHM téh turunan priyayi. Malah mah, numutkeun silsilah bupati Sukapura, HHM téh jéntré tedak ménak, turunan bupati Sukapura.


Salengkepna...


Koko Koswara, ngaranna dipikawanoh minangka Mang Koko, gumelar di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Anjeunna dipaparin 8 putra, di antarana Tatang Benyamin Koswara (pupuhu Yayasan Cangkurileung) jeung Ida Rosida (tukang nembang kahot jeung kungsi jadi pamaén sinétron "Inohong di Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dimimitian ti HIS (1932) nepi ka MULO Pasundan (1935). Mang Koko kagolong jalma anu ta'at tur patuh kana ajaran agama (Islam).

Karirna dimimitian ti taun 1937 dina zaman pra-kamerdikaan. Satuluyna digawé di Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterusna jadi Diréktur Konsérvatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosén Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonésia), Bandung, nepi ka tilar dunya tanggal 4 Oktober 1985.


Salengkepna...


Djoeanda Kartawidjaja

Ir. H. R. Djoeanda Kartawidjaja (éjahan anyar: Juanda Kartawijaya) ngaranna dipikawanoh minangka Ir. H. Djuanda (gumelar di Tasikmalaya, Jawa Kulon, Hindia Walanda, 14 Januari 1911 – tilar dunya di Jakarta, Indonésia, 7 Nopémber 1963 dina umur 52 taun) nyaéta Perdana Menteri Indonésia ka sapuluh. Pangdeudeul panggedéna dina mangsa jabatanna nyaéta Déklarasi Djuanda tanggal 13 Desember 1957. Dina Déklarasi éta disebutkeun yén laut Indonésia kaasup laut sabudeureunna, di antara, jeung di jero kapuloan Indonésia jadi hiji kasatuan wilayah NKRI atawa dipikawanoh ku sebutan nagara kapuloan dina konvénsi hukum laut United Nations Convention on Law of the Sea (UNCLOS).


Salengkepna...


Artikel Petingan[édit sumber]

Kanjeng Nabi Muhammad

Kangjeng Nabi Muhammad (aksara Sunda: ᮙᮥᮠᮙ᮪ᮙᮓ᮪; gumelar 20 April 570 Maséhi di Mekah - tilar dunya 8 Juni 632 M di Madinah) nyaéta saurang nabi sarta rosul pamungkas pikeun umat Islam. Pancén kangjeng Nabi Muhammad nyaéta pikeun nyampurnakeun agama tauhid, nyaéta Islam, nu geus didugikeun ku para nabi saméméhna, sarta yakin yén Islam geus aya saméméh anjeunna. Nalika disebutkeun ngaran anjeunna, umat Islam biasa nuturkeun ku kalimah sallallahu `alayhi wa s-salām.


Artikel Petingan[édit sumber]

Républik Indonésia

Républik Indonésia nyaéta hiji nagara nu diliwatan ku gurat khatulistiwa jeung aya di antara Buana Asia jeung Australia sarta antara Samudra Pasifik jeung Samudra Hindia. Indonésia mangrupa nagara kapuloan nu panggedéna sadunya, diwangun ku 13.487 pulo, ku kituna disebut ogé Nusantara. Kalawan populasi disawang 222 yuta jiwa dina taun 2006, Indonésia minangka nagara nu populasina panglobana kaopat sadunya sarta nagara populasi pangagem Islam nu panglobana sadunya, sanajan sacara resmi Indonésia lain nagara Islam.


Républik Rahayat Tiongkok (Tionghoa basajan: 中华人民共和国; Tionghoa tradisional : 中華人民共和國; pinyin: Zhōnghuá Rénmín Gònghéguó tʂʊŋ˥xua˧˥ʐɛn˧˥mɪn˧˥kʊŋ˥˩xə˧˥kuɔ˧˥ , singgetna Tiongkok; ti 28 Juni 1967 nepi ka 14 Maret 2014 mah sok disebut Républik Rahayat Tjina/RRT atawa Républik Rahayat Cina/RRC, harpiah: Républik Rahayat Tionghoa) nyaéta hiji nagara anu nganjrek di wewengkon Asia Kalér nu ibukotana téh di Béijing. Nagara ieu mibanda sajumlahing pangeusi anu kawilang panglobana di sakuliah dunya (kurang leuwih 1,35 milyar jiwa) jeung lega wewengkon 9,69 yuta kilométer pasagi, ngabalukarkeun nagara ka-4 panglegana di sakuliah dunya. Nagara ieu diadegkeun dina taun 1949 sabérésna Perang Sadulur Tiongkok, ti harita dipingpin ku hiji partéy tunggal, nyaéta Partéy Komunis Tiongkok (PKT). Lengkepna >>>

Saméméhna: Papatong · Glukosa · Getih · lianna...


Artikel Petingan[édit sumber]

Heulang

Heulang mangrupa manuk pamangsa badag, nu utamana ngageugeuh Dunya Kuna, anggota ordo manuk Falconiformes, kulawarga Accipitridae, sarta sababaraha genera nu béda, nu kadang teu padeukeut. Sakumaha sakabéh manuk pamangsa, pamatuk heulang seukeut tur ngeluk pikeun nyewiran daging mangsana, sukuna kuat sarta kukuna ranggoas. Tetempoan heulang seukeut pisan, antukna bisa nyidikkeun mangsa ti kaanggangan.


Artikel Petingan[édit sumber]

Aksara Sunda

Aksara Sunda (ᮃᮊ᮪ᮞᮛ ᮞᮥᮔ᮪ᮓ) nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.


Artikel Petingan[édit sumber]

Kadu (Durén)

Warna buahna béda-béda ti mimiti héjo semu konéng, sarta miboga wangun mimiti lonjong nepi ka buleud. Kulit buahna tapasan sarta beungeutna dipinuhan ku cucuk nu seukeut. Buah kadu ngaluarkeun ambeu anu nyegak sarta has. Bagian buah anu bisa didahar nyaéta pamungkus siki anu boga warna semu konéng, anu nangtayungan sikina. Réa jelema nganggap buah kadu minangka buah anu ngeunah. Tapi sawaréh deui henteu tahan ku ambeuna sarta nganggap ambeuna bau pisan.


> Arsip