Roay

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh


Roay
Roay, Phaseolus lunatus
Darmaga, Bogor
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
(unranked): Angiospermae
(unranked): Eudikotil
(unranked): Rosidae
Order: Fabales
Kulawarga: Fabaceae
Subfamily: Faboideae
Tribe: Phaseoleae
Génus: Phaseolus
Spésiés: P. lunatus
Ngaran binomial
Phaseolus lunatus
L. [1]
Sinonim

Phaseolus bipunctatus Jacq. (1770)[2]
Phaseolus limensis Macfad.[3]

Roay disebut ogé kacang jawa atawa kekara (Phaséolus lunatus) nyaéta tangkal kacang tina kulawarga Fabaceae (Leguminosae). Di Indonésia Saméméhna ieu tangkal dipelak pikeun panutup taneuh atawa lahan sangkan henteu dipinuhan ku hama gulma, Hasil anu bisa dipanén tina kacang roay nyaéta sikina tina buah anu geus kolot, Sakapeung dipanén sikina dinamangsa gumading kénéh, ogé polongna nyaéta buah roay anu masih kénéh ngora mangsa sikina masih hipu, pucukna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun lalab.

Tangkal kacang anu hirupna ngarambat ieu disabaraha daérah dipiwanoh ogé kusebutan kacang roay (Sunda); kårå, kratok (Jawa); kratok, gribig (Madura); saru (Minahasa),[4] jeung kacang beureum (Ptk). Di Malaysia malah katelahna kacang jawa, kacang cina, atawa kekara kratok; di Filipina sibatse simaron, patáni, zabache; di Thailand thua rachamat; jeung di Vietnam dâu ngu[5]. Di tempat-tempat séjénna di pulo Jawa ogé katelah kårå legi, kårå manis, atawa kårå bethik.

Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Roay anu digambarkeun ku Blanco

Tangkal roay mangrupa terna nyaéta tangkal anu hirupna ngan sausum tapi sakapeung aya ogé anu nahun; tangkalna mangrupa areuy anu ngarambat jangkungna bisa nepikeun ka 0,6 m, tapi di mana areuyna ngarambat kana turus jangkungna bisa nepikeun ka 2–4 m. Akarna bisa nyebar kurang leuwih 1,5–2 m ka jeroeun taneuh .[5]

Daunna ngarendeng tilu dina sagagang, anak daunna lonyod rada méncos panjangna 5—19 cm x 3– 11 cm. Kembangna ngaranggeuy bijil dina sela-sela areuy jeung gagang daun, panjangna bisa nepikeun ka 15 cm, daun anu ngiuhana (braktéola) henteu ragrag. Kembangna laleutik wujud palapahna jiga locéng ; mahkota 0,7–1 cm, aya bandérana jiga tudung, kelirna héjo pias sakapeung aya ogé kelir ganaria; palapahna sakapeung bodas atawa gandaria. Benang sari 10 lambar dina dua beulah. Polongan wujudna lonyod 5–12 cm x 2,5 cm, biasana melengkung jiga useup, sikina 2-4. Siki ukuranna rupa-rupa , wujud, jeung kelir; aya anu jiga ginjal, kupat, atawa buleud; Kelir sarua, aya totol totol (berbintik), bodas, héjo, konéng, Coklat, beureum, hideung, atawa gandola.[5]

Asalmuasal jeung mangpaat[édit | édit sumber]

Siki roay anu geus kolot

Citakan:Nutritional value Roay asal mulana ti Benua Amerika, sahenteuna aya dua wilayah nyaéta Amerika Tengah (Meksiko, Guatemala) pikeun kultivar sikina anu laleutik, jeung Amerika Selatan (terutama Peru) pikeun kultivar mibanda siki galaledé. Réngsé mangsa jajahan bangsa-bangsa Barat, kacang roay nyebar ka sakuliah dunya. Pamayang Spanyol mentasan Pasifik ka Filipina, tah ti mimiti di dieu roay nyebar ka Asia, Utamana ka pulo Jawa, Burma, jeung Mauritius. Aya ogé nepi ka nagara Brazilia ku lantaran ayana jual beuli budak beulian nepikeun ogé ka Afrika, utamana wilayah kulon jeung tengah.[5]

Dina ahir abad ka 19, ieu tangkal roay mimiti dipelak di Minahasa, patutur tutur dipelak ogé di pulo Jawa beulah wétan, di dieu ieu pepelakan dimangpaatkeun pikeun ngiuhan atawa panutup taneuh supaya heunteu dipinuhan ku jujukutan anu sakirana bisa ngaganggu pepelakan séjéna gulma. Sanajan dianggap kurang mangpaat jeung hasilna dina ngajaga hama, roay diaggap mibanda mangpaat séjén nyaéta bisa jadi dipelak dina taneuh anu angar, kurang subur tur garing bisa gancang nutupan taneuh anu engkena bisa nimbulkeun ayana humus pikeun nyuburkeun taneuh.[4]

Roay ngora

Roay geus dipelak tibaheula kénéh tujuana pikeun ngahasilkeun pangan tambahan. Bisa disayur, sikina bisa diolah pikeun dahareun sambilan (snack) Kacang roay ogé sakapeung dicampur jeung béas pikeun dijieun sangu reumbeuy utamana didaérah Nusa Tenggara Wetan bisa ogé digoréng nepikeun ka garing dijieun lawuh atawa deungeun sangu, jagong, jeung sampeu biasana mah urang Bali. Anu biasa dijadikeun sumber pangan tambahan biasana tina kultivar anu henteu mibanda racun. Sikina bisa dijieun témpé ku jalan maké ragi.[6] Buah anu ngorana dikulub pikeun sayuran Sikina anu geus kolot, hususna kultivar kacang jawa, mibanda kandungan asam sianida, Alatan éta kudu diolah heula saméméh didahar. Bisa dikeueuman dina cai, dikulub, atawa dipeuyeum sangkan racuna leungit. Baheula mah, kacang roay ogé ku urang walanda rijsttaffel.[4]

Siki tina sababaraha kultivar anu séjén ngan saeutik malahan mah hente ngandung racun sianida sama sakali, anun gajadikeun gampang di olah. Di Filipina, Siki Roay garing diolah pikeun dijieun tipung anu loba ngandung protein.[5]

Daunna bisa dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon/ternak. Dimangpaatkeun ogé pikeun budak leutik nyaéta ubar nyeuri beuteung ku jalan ngarieus daunna dicampur jeung adas pulasari. Bahan pikeun nyelep kadaharan nyaéta ku jalan ngarieus daunna dicampur jeung cai.[4]

Kultivar[édit | édit sumber]

Kacang roay beunang meresihan pikeun diolah (diasakan)

Spesies Phaseolus lunatus kawengku tina varietas-varietas liar jeung budidaya (kultivar[7] aya opat golongan kultivar kacang roay/kratok, nyaéta[5]:

  • Kacang jawa – ukuran sikina sedeng , beureum -ganola nepikeun ka rada hideung, loba ngandung HCN.
  • Kacang burma beureum atawa kacang rangon beureum – sikina leuwih leutik, rada beureum , sintal, sakapeung aya totol beureum. ngan saeutik ngandung HCN.
  • Kacang burma bodas atawa kacang rangoon bodas – sikina laleutik, buleud jeung bodas sarua jeung buncis. Ampir teu ngandung HCN.
  • Kacang lima – sikina galaledé, bodas atawa rada bodas, buleud. henteu ngandung HCN.

Dicutat tina[édit | édit sumber]

Pikeun nutupan taneuh. Dicobaan di kebon Ciomas
  1. Linne, C. von. 1753. Species plantarum :exhibentes plantas rite cognitas, ad genera relatas, cum differentiis specificis, ... 2: 724. Holmiae : Impensis Laurentii Salvii
  2. Jacquin, N.J. von. 1770. Hortus Botanicus Vindobonensis v. 1: 44. Vindobonae : Typis Leopoldi Joannis Kaliwoda, aulae imperialis typographi.
  3. Macfadyen, J. 1837. Flora of Jamaica; a description of the plants of that island, arranged according to the natural orders. 1: 279. London : Longman.
  4. a b c d Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia 2: 1047-50. Badan Penelitian dan Pengembangan Kehutanan, Bogor. (versi 1916: 333)
  5. a b c d e f Baudoin, J.P. 1989. Phaseolus lunatus L. In: L.J.G. van der Maesen & S. Somaatmadja (Editors). Plant Resources of South-East Asia No. 1: Pulses. [Internet] Record from Proseabase, PROSEA (Plant Resources of South-East Asia) Foundation, Bogor, Indonesia. Diakses pada 16-Aug-2013
  6. Sastrapradja, Setijati; Lubis, Siti Harti Aminah; Soetarno, Hadi; Lubis, Ischak (1981) [1981]. Sayur-Sayuran. 6:72 – 73. Jakarta:LBN - LIPI bekerjasama dengan Balai Pustaka.
  7. Kultivar nyaeta

Tutumbu Kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan


Nulis.jpg