Malaka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Malaka
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Tribus:
Subtribus:
Génus:
Spésiés:
P. emblica
Ngaran binomial
Phyllanthus emblica
Sinonim

Cicca emblica Kurz
Emblica officinalis Gaertn.
Mirobalanus embilica Burm.
Phyllanthus mairei Lév.

Malaka nyaéta ngaran hiji tangkal anu buahna remen diolah salaku manisan tangkal ieu asalna tina génus Phyllanthus. Dina basa Jawa disebutna mlåkå atawa kemlåkå. Meureun ieu ngaran asalna tina basa Sanskerta amalaka, anu kadieunakeun nyerep kana rupa-rupa basa séjénna, proto basa Melayu anu kiwari basa Malaysia katut basa Indonésia.[1]

Di daérah séjén, ieu tangkal disebut ogé; rheum (Ach.), balaka, balangka (Mng.), melaka, malaka (Mly.,Mal.), kemlåkå, mlåkå (Jw.), kemlaké, melaké (Btw.), mlakah (Mdr.), amla (Bl.), sarta karsinta (Florés). Ngaran séjénna kayaning mamla, amlaki, ammalaki, amala, nillika, nellikya, nellikai, sarta sebutan-sebutan séjén dina basa- basa séjén di wewengkon benua India. Dina basa Inggris disebut salaku Indian gooseberry.

Sakumna pakar di Malaysia boga sangkaan lamun ieu ngaran tangkal ngajadi asal muasal ngaran Kota Melaka, anu kadieunakeun jadi ngaran hiji selat, Selat Malaka.

Ciri Mandiri[édit | édit sumber]

Buah malaka

Tangkal malaka saliwatan kawas tangal cermé, pédah leuwih gedé sarta jangkungna nepika 18 m tingginya. Dahanna paparéngkolan, Tajukna/jumplukan tangkalna ngarangkadak.

Daunna nunggal, laleutik manjang, perenahna selangseling dina régang anu leutik tur ipis; umumnamah katempo kawas entepan daun anu nyécépét majemuk. Sapasang daun panumpu anu leutik, méncos, coklat semu beureum, ngahompét cupat daun anu pendék. Dina waktu-waktu anu tangtu tangkal malaka ngarangrangan daunna. Kembang-kembang anu jalu jeung bikang kelirna konéng semu hejo, ngéntép dina ranggeuyan leutik anu bijil tina kélék daun. Buah malaka ogé sarimbag jeung cermé, ngan leuwih buleud sarta kurang babalingbingan. Konéng, konéng semu héjo, atawa semu coklat, kalayan 6 tulang ngabalingbing. Rasana haseum rada kesed semu pait. Di tengahna aya siki anu teuas, anu diwangun ku tilu bagéan siki anu dijerona aya 1- 2 siki.

Guna jeung mangpaat[édit | édit sumber]

Ampir sakabéh bagéan tangkal malaka bisa dimangpaatkeun, puhu tangkal pepagan, akar, daun, kembang, buah, jeung biji dimangpaatkeun pikeun ubar tradisional. Utamana di India, buah malaka mangrupakeun hiji unsur penting dina widang ubar tradisional Ayurveda.[2]

DiNusantara ieu buah sok dimangpaatkeun pikeun bahan manisan, diasakan jeung cai gula. Rasana teu béda jauh jeung barayana, cermé.

Buahna mibanda kandungan vitamin C anu kawilang loba,[3] sarta tanin. Ékstrak buah malaka dimangpaatkeun salaku bahan kelir tradisional.

Tangkal malaka dina agama Hindu hiji tangkal anu dianggap suci atawa disucikeun. Asal muasalna ti India jeung Nepal, baheula ieu tangkal loba kapanggih di Jawa, aya ogé anu kapanggih hirup liar di leuweung-leuweung dataran landeuh anu garing. Ieu tangkal kaasup tahan tina kahalodoan.

Buah dina tangkala.

Vitamin C anu dipibanda mibanda kagunaan aktif salaku antioksidan, pektin, ogé asam amino anu bisa nyegah tur nurunkeun kadar koléstérol jahat (LDL) sarta sakaligus ngaronjatkeun kadar kolésterol baik (HDL),oge dimangpaatkeun pikeun ngajaga kaséhatan kulit. Sagigireun éta, kandungan ieu ogé bisa nyingkahan numpukna gaji/lemak dina pembuluh getih jeung artéri anu bisa ngabalukarkeun darah tinggi, panyakit jantung sarta stroke.

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  • A Field Guide to Forest Trees of Northern Thailand, by Simon Gardner, P. Sidisunthorn and V. Anusarnsunthorn. Kobfai Publishing Project, Bangkok, 2000. (p. 318)
  • RASAYANA: Ayurvedic Herbs for Longevity and Rejuvenation, by Dr H. S. Puri, published by Taylor & Francis, London in 2003, Amla pages 22–42.

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]