Orang utan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Orang utan[1]
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Mammalia
Order: Primata
Family: Hominidae
Subfamily: Ponginae
Elliot, 1912
Genus: Pongo
Lacépède, 1799
Type species
Simia pygmaeus
Linnaeus, 1760
Spésiés

Pongo pygmaeus
Pongo abelii

Sebaran orang utan

Orang utan (urang leuweung) nujul ka dua spésiés kera gedé ku kawentar ku kapinteranana, panjang leungeun jeung bulu coklat semu beureum. Ieu sato pituin ti Indonésia jeung Malaysia, hirupna ngan di leuweung hujan di pulo Kalimantan jeung Sumatra, najan aya ogé fosilna nu kapanggih di Jawa, Viétnam, jeung Cina. Dua spésiés ieu mangrupakeun sésa ti genus Pongo jeung subfamili Ponginae (nu ogé ngawengku genera Gigantopithecus jeung Sivapithecus nu geus lastari). Sebutan 'orang utan' asalna tina basa Malayu.

Orang utan ngarupakeun kera gedé nu paling arboréal, sapanjang hirupna ampir salawasna cicing dina tatangkalan. Unggal peuting maranéhna nyieun sayang tina catang jeung dangdaunan pikeun saré. Hirupna nyorangan leuwih ti kera lianna, jalu jeung bikangna ukur panggih dina mangsa kawin. Anak orang utan diasuh terus ku indungna nepi ka disapih umur 6-7 taun. Tina dedeganana, jalu jeung bikang bisa dibédakeun. Nu jalu jangkungna bisa nepi ka 1,8 m kalawan beurat 100 kg, sedengkeun nu bikang leuwih leutik: jangkungna 1,3 m, beuratna 45 kg[2]. Jalu nu geus kolot bisa kaciri tina pipina nu mébér jeung buluna nu leuwih paranjang.

Paripolah jeung basa[édit | sunting sumber]

Teu béda ti kera gedé lianna, orang utan téh pinter. Nuturkeun simpanseu nu kungsi karékam maké pakakas ku Jane Goodall taun 1960-an, tengah taun 1990-an kapanggih hiji populasi orang utan nu ilahar migunakeun pakakas pikeun dahar. Hiji makalah taun 2003 di jurnal Science medarkeun 'kabudayaan' orang utan[3].

Dina Encyclopedia Britannica disebutkeun yén program ulikan basa orang utan munggaran dipingpin ku Dr. Francine Neago taun 1988. Proyék basa orang utan di Smithsonian National Zoo di Washington, D.C. migunakeun sistem komputer nu asalna dimekarkeun di UCLA ku Neago dibantu ku IBM[4].

Najan umumna mah pasif, orang utan sok ogé ganggu ka nu lianna. Jalu nu can sawawa bakal nyoba jalangan jeung bikang mana waé, nu biasana bisa hasil mun jeung bikang nu sarua can sawawa. Bikang nu geus sawawa mah biasana ngusir jalu nu can sawawa, sabab leuwih suka jalangan jeung jalu nu geus sawawa. Orang utan liar kanyahoan sok ngadatangan patempatan nu dieusi manusa pikeun nyiar anak orang utan nunggelis nu dileupaskeun tina inguan, sigana mah pikeun ngaping sangkan bisa balik deui hirup di alam liar.

Orang utan sigana mah kagolongkeun sato nu sok ngilu mencarkeun sababaraha spésiés tutuwuhan, kaasup Strychnos ignatii nu ngandung alkaloid strihnina nu toksik[5]. Racunna teu mangaruhan orang utan, iwal ukur nambahan produksi ciduhna.

Spésiés[édit | sunting sumber]

Orang utan téh tadina mah digolongkeun kana dua subspésiés Kalimantan jeung Sumatra, tapi ayeuna mah kanyahoan yén di Sumatra waé aya tilu subspésiés. Aya ogé nu boga pamanggih yén subspésiés wurmbii téh sarua jeung nu di Sumatra (P. abelii). Mun enya, spésiés nu dihasilkeun téh bakal disebut Pongo wurmbii, luyu jeung ngaran heubeulna[rujukan?].

Fosil nu kapanggih di Viétnam asup kana spésiés P. hooijeri, sedengkeun nu lianna nu kapanggih di sababaraha wewengkon di Asia kidul-ngétan mah masih diadurényomkeun, naha asup ka P. pygmaeus, P. abeli, atawa spésiés anu béda deui.

Status konservasi[édit | sunting sumber]

Orang utan Sumatra nu kaancam lastari, kera gedé éndemik Indonésia.

Numutkeun Daptar Beureum IUCN mamalia, spésiés orang utan di Kalimantan geus kaancam lastari[6], komo deui nu di Sumatra geus kritis pisan[7], sarta kadaptar dina Appendix I CITES. Populasi Kalimantan di alam liar kiwari aya 50 rébuan, sedengkeun di Sumatra kira ukur 7000-7500. Orang utan dijadikeun sato nagara resmi di Sabah, Malaysia.

Habitat orang utan loba diruksak ku kagiatan pertambangan, nuaran kai jeung kahuruan leuweung nu beuki ngagalaksak[8], utamana mah alatan dirobahna leuweung tropis jadi kebon kalapa sawit[9]. Sababaraha élmuwan PBB manghariwangkeun yén kagiatan kebon sawit ieu bisa ngabalukarkeun lastarina orang utan taun 2012[10].

Puseur konservasi nu utama di Indonésia di antarana aya di Tanjung Puting di Kalimantan Tengah, Kutai di Kalimantan Wétan, Gunung Palung di Kalimantan Kulon, jeung Bukit Lawang di Taman Nasional Gunung Leuser (wates antara Acéh jeung Sumatra Kalér. Di Malaysia, wilayah konservasina nyaéta Semenggok di Sarawak jeung Suaka Orang Utan Sepilok deukeut Sandakan di Sabah.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b Groves, Colin (16 Nopémber 2005). D.E. Wilson jeung D.M. Reeder (éd.) Mammal Species of the World, Éd. ka-3, 183-184, Johns Hopkins University Press. ISBN 0-801-88221-4.
  2. "Sumatran Orangutan Society". Diakses pada 1 April 2007. 
  3. "Roads through rainforest threaten our cultured cousins". 20 Agustus 2003. 
  4. "Orangutan Language Project". Think Tank Research Projects. Smithsonian National Zoological Park. Diakses pada 20 Désémber 2006. 
  5. Rijksen, H. D. (Désémber 1978). "A Field Study on Sumatran Orang Utans (Pongo pygmaeus abelii, Lesson 1827): Ecology, Behaviour and Conservation". The Quarterly Review of Biology 53 (4).
  6. Eudey, A. & Members of the Primate Specialist Group (2000). Pongo pygmaeus. 2006 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2006. Dipulut ping 2006-08-25.
  7. Eudey, A. & Members of the Primate Specialist Group (2000). Pongo abelii. 2006 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2006. Dipulut ping 2006-05-11. Database entry includes justification for why this species is critically endangered
  8. Rijksen, H.D. and Meijaard, E. (1999). Our Vanishing Relative: The Status of Wild Orang-utans at the Close of the Twentieth Century, Boston: Kluwer Academic Publishers.
  9. http://www.foe.co.uk/resource/reports/oil_for_ape_summary.pdf
  10. http://observer.guardian.co.uk/world/story/0,,2042243,00.html

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca


Wikispecies
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan
Wikispecies
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan