Bidani

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Bidani
PikiWiki Israel 9624 indian alder.jpg
Combretum indicum
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Tracheophyta
Kelas:
magnoliopsida
Ordo:
Myrtales
Kulawarga:
Combretaceae
Génus:
Combretum
Spésiés:
Combretum indicum
Ngaran binomial
Combretum indicum
Sinonim

Kleinia quadricolor Crantz Sumber:[1]

  • Quisqualis ebracteata Beauv.
  • Q. indica L.
  • Q. longiflora Presl.
  • Q. grandiflora Miq.
  • Q. loureiri Don.
  • Q. pubescens Burm.
  • Q. villosa Roxb.

Bidani; Combretum indicum nyaéta tutuwuhan anu asalna tina kulawarga combretaceae. [2] Tangkalna ngarungkun bisa dirambatkeun kana pager, asal jeung sebaran geografis ieu tutuwuhan ti Asia tropis ( Myanmar), najan masih kénéh aya kamangmangan ngeunaan ieu asal usulna. Bisa waé ieu tutuwuhan pituin ti Afrika wétan, sahenteuna ieu tutuwuhan geus dipikawanoh di ieu tempat dina waktu anu geus lila.[2] Kiwari ieu tutuwuhan geus loba dibudidayakeun di ampir sakabéh daérah tropis jeung subtropis, utamana dijieun tutuwuhan hias. Kalawan geus dinaturalisasi di loba tempat, aya kana 270 spésiés anu nyebar di daérah tropis, spésiés panglobana aya di Afrika.[3]


Ngaran séjén[édit | édit sumber]

Ieu tutuwuhan dina basa Indonesia disebutna ceguk dipiwanoh ogé ku ngaran dani, udani, wudani (Melayu), bidani (Sunda), kacekluk, kaceklik, ceguk, cekluk, wedani (Jawa), rabet dani (Madura), kunyi-rhabet, rhabet besi, sarandengan (Kangean), Jeung tikao (Bugis).[1]

=Ciri mandiri[édit | édit sumber]

Tangkalna ajeg kaluhur, aya ogé anu doyong malah bisa dirambatkeun kana pager. Daun bijil pasingareup-singareup kénca jeung katuhu; wujudna lonyod panjang kawas péso; barijil dina sapanjang régangna. Kembangna ngaranggeuy dina saranggeuy aya 4-5-kembang, jalu sareng bikang ngahiji, wujudna panjang kawas solobong kalayan di tungtungna aya kelopakna lima lambar; benang sari 8-10. Buah garing, henteu meleték beulah, mibanda 4 nepika 5 juru; binih hiji.[2] Daun; cupat daun panjang 10-13 mm, genikulasi di puhuna. Buah wujudna lonyod, tungtungna aya kawas jang-jang 5, konéng ngora atawa straminus. [2] Siki ngan hiji wujudna juru lima, panjang 7-10 mm. Fenologi: Buahan dina bulan Februari. Status: Eksotik, dibudidayakeun, dinaturalisasi acara lokal, henteu umum.[2]

Tangkal bidani/Combretum indicum teuas tur bisa ngarambat, kembangan sapanjang taun komo mun usum halodo tur cukup cai.[2] Kembangna meuhpeuy mangsa umur tangkalna can pati kolot, tangkalna meulit ka kénca. Kembang, ligar mangsa geus soré. Mimiti kelirna bodas lila kalilaan robah jadi beureum ngora tuluy robah deui jadi beureum. Sagigireun ti kitu, orientasi kembang ogé robah mimiti ti luhurna démprak ka gigir lila kalilaan jadi ngagarantung. Mangsa peuting, kembangna anu bodas sok didatangan ku gegeremet, mangsa beurang kembangna anu beureum didatangan ku rupa-rupa penyerbuk kayaning nyiruan , éngang, manuk, jeung sajabana. Unggal kembang ligar ngan 3 poé; jumlah nektar pang lobana isuk-isuk mangsa mimiti ligar.[3]

Ékologi tempat hirup[édit | édit sumber]

Rungkun bidani di habitatna loba kapanggih hirup di tegalan, sisi leuweung, sisi susukan, sisi jalan, aya ogé di jarian, sisi rél karéta. Bidani bisa hirup kalawan subur ti mimiti daérah sisi basisir nepika tonggoh na 1800 mdpl, ieu tangkal mikaresep tempat anu negrak ku panon poé sanajan kitu kahieuman meueusan masih kénéh bisa hirup. Dimana tangkalna geus déwasa, akarna geus jero, tangkal ieu kuat kahalodoan, masih bisa hirup dina taneuh anu caina payau/anta, malahan kuat kakeueum dina waktu anu teu patilila. Combretum indicum henteu kuat dimana hirup di daérah tiis, sanajan kitu dimana tangkalna anu geus nahun masih kénéh bisa nyingareupan usum tiris nepika -8 ° C. Combretum indicum bisa hirup dina rupa-rupa kaayaan taneuh, tapi leuwih mikaresep taneuh anu garing. Cara ngarekahkeun tur ngarintahkeun tangkal ieu bisa tina binihna, nancebkeun tangkalna, ogé dicangkok. Sikina gampang sirungan mun dipelakeun mangsa masih kénéh seger. Stek tangkalna hésé akaran, kalawan binih anu hadé pikeun dirintahkeun kudu geus umur 2 taun kalayan diteukteuk sahenteuna tilu buku, dipelakeun dina taneuh anu rada keusikan/lempung. Ilaharna sabulan ti harita, kakara akarna barijil.

Manfaat jeung kagunaan[édit | édit sumber]

Ieu tutuwuhan mibanda mangpaat antitumor, bisa ogé askarisidal (ascaricidal) sarta hasiat anu kompetitif jeung asam glutamat dina reseptor metabotropis glutamat, bisa ogé dipaké pikeun ngubaran cacingeun. Tapi kudu disingkahan, nginum ieu ramuan babarengan jeung téh, sangkan hentu sisidueun.[1] Kagunaan buah jeung siki anu diasakan satengah mateng anu rasana pait geus pada mikawanoh mangrupakeun anthelmintik, ilaharna digodog, dimangpaatkeun pikeun ngubaran ascariasis. Dina dosis loba ieu bakal ngabalukarkeun sebel/mual, utah, sisidueun malahan bisa nepika kapiuhan. Sikina anu garing tur diasakan bisa ngubaran utah, Sarta akarna anu digodog bisa nyageurkeun vermifuge. Sanajan sikina bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran nyeri beuteung sarta miceun waé, tina minyak anu diarah tina saripatina bisa dimangpaatkeun pikeun pencahar. Daun jeung sikina beunang ngabebek ditambah minyak saeutik, dioléskeun disaluareun kulit pikeun ngubaran bisul, inféksi kulit, jeung kulit kabeuleum. [3]

Galeri[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. a b c Dalimartha, Setiawan (2007) [2006]. Atlas Tumbuhan Obat Indonesia. 4. hal.17-19. Jakarta:Puspa Swara. ISBN 979-1133-14-X.
  2. a b c d e f Department of Agriculture, United States National Museum, National Museum of Natural History (U.S.), United States. (2004). Contributions from the United States National Herbarium, Volume 50-51. Universitas Michigan: U.S. Government Printing Office. pp. 155 – 156.  Disungsi5 April 2021
  3. a b c G.H. & Gurib-Fakim, A., Schmelzer, (2008). Medicinal plants 2. Netherland: PROTA. pp. 74–75. ISBN 9789290815204.  Disungsi5 April 2021

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan


Emoji u1f604.svg